Langsung ke konten utama

Asal-usul Raja Kelong

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Asal-usul Raja Kelong

Sasakala Raja Kelong 1.  Buronan.  iji Lalaki katémbong nangtung luhureun bangbarung dihiji tepas imah, panona lurat-lerét kalebah ting jaregjegna tatangkalan jeung dapuran awi nu poék teu kacaangan cahaya bulan. Geus sidik euweuh sasaha manéhna tanggah kaluhur, nénjokeun bulan nu keur meujeuhna moncorong. Rénghap... manéhna ngarénghap semu nu senggah. Kalérét méga bodas nu ngayang disabudeureunana kumalayang katiup angin, nyiptakeun pamandangan luar biasa, saolah-olah bulan keur balayar dilautan méga.. nyiriwik tarik lir tutunggangan Putri Pohaci diBuana nyungcung. Angin karasa tiis-nyecep kana kulit silalaki, nu ngan ukur dicalana sontog jeung libetan kaén sakadar panyinglar tiris. Buuk nu hideung meles seret taktaktéh ririaban katebak angin, matana nu seukeut terus larat-lerét niténan sabudeureun imah bangun anu rempan aya jalma sejen di eta patempatan. Sanggeus sidik diluar taya sasaha, silalaki nu umurna paling banter kana 25 taun-an téh  asup deui kajero imah...
Iasa: Mang giok Asal-Usul Raja Kelong #Uru_ara_cametigaling #siinjukkawung #Ka_1s /d5 Sok sanajan langit geus angkeub manéhna terus maksakeun lumampah, ngambah jalan gedé nuhieum kutatangkalan. Manéhna embung, lamun peuting harita kudu mondok ditempat nu sakitu hara-haraeunana. Sanajan enya, manéhna kasebut jalma numasagi ku pangarti, jembar ku rupa-rupa panalar.. tapi lain hartina bisa hirup sangenahna. Saperti sababaraha waktu kaliwat, méh-méhan manehna binasa nalika keur saré tibra luhureun dahan tatangkalan. Awakna ujug-ujug kabakutet ku hiji oray gedé sarta tuluy dipeureut dihijikeun jeung dahan kijengjing. Salian ti kadua leungeuna teu walakaya tapi oge tanaga beulitan orayteh kacida rohakana. Tong boroning ninggang kajelema, dalah sakadang maung oge bisa bubuk satulang sandi mun geus kabeulit Sanca kembang nu gedéna meh sagedé tangkal jambé. Untung pikeun manéhna, nugeus mibanda tanaga lapisan tepi katahapan whiguna. Ngalantarankeun awakna bisa leuwih t...

Asal-usul raja kalong

“Hmm... Langkung saé rai tetep didieu, poma ulah kumawani kaluar satungtung aya paréntah ti engkang...” “Unjuk sumangga, kang. Mung... kadé, sanajan manéhna kawéntar golongan hideung, tapi tujuan maranéhna teu kurang teu leuwih ukur hayang mulung pimurideun, utamana ka siUtun inji nu masih aya na kandungan abdi. Kukituna upami teu kapaksa-kapaksa teuingmah, ulah dugikeun bentrok jeung maranéhna.” “Urang tingal baé kumaha situasina, rayi. Sanajan luarna kaciri hadé, tapi tacan tangtu jejeroananamah. Omongan jeung tindak-tanduk kadang sok teu jaiyah jeung kanyataan...” “Upami kitu, abdi masrahkeun ka engkang kumaha saenya...” “Hmm...” siawéwé diuk deui disisi dipan awi. Sabalikna silalaki, ngadon singkil bari terus ngaharéwos, “Dimana aya kajadian nu teu dipihareup tumiba kadiri engkang, gewat tinggalkeun tinggalkeun ieu patempatan! Jugjug cupu nagara luyu jeung rarancang urang samemehna...” “Ma.. mangga engkang, kadé sing atos-atos...” “Hmm...” Silalaki laju kaluar bari teu poh...