“Hmm... Langkung saé rai tetep didieu, poma ulah kumawani kaluar satungtung aya paréntah ti engkang...”
“Unjuk sumangga, kang. Mung... kadé, sanajan manéhna kawéntar golongan hideung, tapi tujuan maranéhna teu kurang teu leuwih ukur hayang mulung pimurideun, utamana ka siUtun inji nu masih aya na kandungan abdi. Kukituna upami teu kapaksa-kapaksa teuingmah, ulah dugikeun bentrok jeung maranéhna.”
“Urang tingal baé kumaha situasina, rayi. Sanajan luarna kaciri hadé, tapi tacan tangtu jejeroananamah. Omongan jeung tindak-tanduk kadang sok teu jaiyah jeung kanyataan...”
“Upami kitu, abdi masrahkeun ka engkang kumaha saenya...”
“Hmm...”
siawéwé diuk deui disisi dipan awi. Sabalikna silalaki, ngadon singkil bari terus ngaharéwos,
“Dimana aya kajadian nu teu dipihareup tumiba kadiri engkang, gewat tinggalkeun tinggalkeun ieu patempatan! Jugjug cupu nagara luyu jeung rarancang urang samemehna...”
“Ma.. mangga engkang, kadé sing atos-atos...”
“Hmm...”
Silalaki laju kaluar bari teu poho panto ditutupkeun deui. Jeun.. manehna ngajanteng ditepas imah. Panona larat-lerét niténan kaayaan disabudeureunana. Tétéla masih sepi, sora nu ting cirihil tadi teu tembong jungkereng-jungkerengna acan.
“Hmm... rupana maranehna metakeun elmu pangjajap swara. Pantes jungkerengna teu katembong. Coba ku aing urang salusur make elmu cakcak pangrungu naha masih jauh atawa geus deukeut? Lamun sakira masih jauh, leuwih hade aing buru-buru indit...”
Ceuk siLalaki ngagerendeng. Malah terus meureumkeun kadua panona. Laju ngawatek elmu cicak pangrunguna, nu dipalar gerakan musuh bisa kanyahoan boh jauhna boh deukeutna. Pangdéngéna mimiti ngarémbét tur pipindahan, dihiji katempat- katempat séjéna, dihiji sora kasora séjéna. Nu tangtuna baé, ngaliwatan hiliwirna angin jeung galurana hawa nu minuhan alam sabudeureunana.
Tepikeun ka ngadadak dihiji tempat, kadéngé sada kélébétna kaén anu katebak angin.. siga saora jalma nu keur lalumpatan diantara pucuk-pucuk tatangkalan. Hanajakal samemeh manehna mentakeun kadua panona, sora nu seuri kadenge manten malah teu lila...
“Hi,hi,hi....”
“Hay, ay,ay....”
Kalayang-gayabagg... celegedeg! Nyaho-nyaho dua jirim geus ting jaranteng, dipakarangan imah. Nini-nini jeung aki-aki, nupakéanana sing sarua hideung, nu matak hémeng keureutan beungeutna kembar teu dipiceun sasieur. Bedana mun nu aki-akimah ditotopong, sabalikna mun anu nini-ninimah digelung nyungcung sarta make tusuk kondé tina sihung bagong.
Sok sanajan haténa kagét pohara, tapi silalaki teu ieuh gempeur sumawona kaciri keder. Malah kalawan teger, jut.. turun kaburuan bari ngangkat kadua ngadon sungkem ka siIblis Kembar tiGununglawu.
“Haturan pinisepuh, bagéa wilujeng sumping...”
“Hi,hi,hi... Nuhun atas pangbagéana, Angkawijaya.”
“Kumaha khabarna salira duaan, naha séhat?”
“He,he,he... Aya hibar ti Hyang rumuhun, Angkawijaya. Kaula duaan aya dina kawaluyaan. Sabalikna kumaha kaayaan silaing sakulawarga..” ceuk sinini ditungtungan ku malik tumanya ka siLalaki nu boga ngaran Angkawijaya.
“Cekapan Sun, abdi duaan oge aya dina panangtayungan mantena...”
“He,he,he... alus-alus. Sukur bagja kumanjangan, silaing duaan aya dina kawaluyaan. Tapi.. mana siRatnainten pamajikan siya, kunaon teu milu kaluar? Naha manéhna teu kunanaon heh... Angkawijaya?”
Ceuk siNini bari sakali ieumah tumanya ngenaan pamajikan Angkawijaya, bangun nu ngemu kahariwang ku nasibna nyiRatnainten.
“Numawi nini, anjeuna nuju teu raraos badan...”
“Hmm... kula bisa ngarasakeunana. Nya sukur atuh ari manehna salamet teu kua-kieumah. Kaula duaan ngarasa bungah, lain kitu saki? Hehe...”
“Bener pisan nini. Ngan perlu dikanyahokeun, ku siya Angkawijaya! Denget ayeuna, iyeu gunung geus pada ngepung ku musuh-musuh anjeun ti karajaan sunda...”
“Ba.. baru! Nu... nu leres, aki?”
“Euweuh gunana pikeun kami duaan ngabohong! Samalah tadi kami kungsi patelak jeung aranehna...”
“Jadi... sora-sora nu tarung tadi lain ukur dédengéan?” ceuk Angkawiaja bari ngerungkeun kadua halisna anu kandeul.
“Eta sora mémang nyata, angkawijaya. Sora nu trong-trang tadi sanyatanamah sora kami nu keur ngabendung pasukan sunda ngarah siRatnainten teu kaganggu. Panan sidik, kiwari siRatnainten geus lulus dina tahap panitisanana. Ngan baé kami sangsi, elmu tenung kula, bisa lumangsung kalawan lila. Sabab diantara prajurit sundatéh aya opat sénapati perang nu diluluguan ku hiji pandita sakti...”
“Pandita sakti?”
“Bener, sarta kami yakin silaing pasti geus apal saha éta pandita...”
Angkawijaya teu némbal, ngan ébréh riuk beungeutna katara robah. Rék teu kitu kumaha, sabab éta resitéh kakocap gagah sakti mandraguna. Salilana lumaku dina jalan kahadéan, ngalaksanakeun darma atas jalan welas asih. Hartina ngalawan anjeuna ukur ngécéskeun yén dirina aya dipihak anu salah.
“Hihihi....” Kadéngé Sinini seuri bari pokna, “Meugeus teu kudu jadi pikiran Angkawijaya. Najan kumaha siRagasuci masih jelema biasa, nu ngarana jelema weléh kena ku owah gingsir. Buktina kiwari manéhna teu bisa ngabédakeun mana beureum mana hideung.”
Angkawijaya angur ngarahuh bari alum, omongan siNini saeutik ge teu salah. Da jeung enyana pangna dirina sakulawarga jadi buronantéh sasat ramat kamalé. Sasat disahurun suluhkeun jeung nujadi bapana, nu kalibet dina hiji pangbarontakan mangsa Prabu Darmaraja diistrénan.
Dina éta kajadian lain ngan ukur pangkudétaanana gagal, tapi bapana sorangan beunang kaceureuk tur binasa dina tihang panggantungan. Pon kitu para pangikutna nu kalibet, malah nu teu mais teu meuleum ogé milu kabaud tamat riwayat dina tihang panggantungan.
“Déngékeun ku dia angkawijaya, tujuan maranéhna kiwari geus jelas seja nyangkalak anjeun pikeun dibawa kahareupeun Sang prabu langlangbumi. Pama andika teu nurut kakami, tanwandé andika sakulawadet baris tumpur. Nu matak éta hayu milu kakami...”
Angkawijaya rada ngahuleng, hatena masih kaancikan kurasa was-was. Sabab ieu dua kolot kawentar ti golongan hideung, nu tindak-tandukna teu weléh luar biasa. Sakapeung miyuni iblis sakapeung deui ibarat dewa nu purah tutulung saperti halna kiwari. Manehna aya dina panangtayungan eta dua kolot, dina ancaman musuh-musuhna nu teu weleh ngarobeda dirina sakulawarga dumeh dianggap anak buronan nu ngabahayakeun. Keur kitu kadenge sinini seuri ngagikgik bangun anu hayang ngayakinkeun omonganana.
“He,he,he...tujuan kami duaanmah teu kurang teu leuwih, ukur ngayang mulung pimurideun. Sabab ceuk pituduh hyang rumuhun, nya anak anjeun pijodoeunana nu baris ngawaris sagala elmu panemu jampé pamaké samemeh kami duaan mulang ka kalanggengan. Hehehe...”
“Ta... tapi nini, siUtun masih aya dijero kandungan.”
“Perkara eta teu jadi sual, nu pentingmah ayeunama hayu urang tinggalkeun heula ieu patempatan. Sabab sakali siRagasuci muncul, alamat cilaka keur Andika sakulawarga. Hehehe...”
Ngadenge pokpokan siNini jeung siAki kitu, Angkawijaya mimiti kapangaruhan. Malah sanajan teu némbal, tapi kapireng kadua sukuna unggah kana golodog siga aya nu nungtun.
“He,he,he...”
“Hay,ay,ay...”
Kadenge siAki jeung siNini seuri patembalan, bangun anu bungah pohara dumeh ucap-ucapanana mimiti terak. Ngan saméméh suku Angkawijaya ngalacat katepas imah, ngadadak bae kadéngé sora agem pinuh ku pangadiwasa.
“Jagad Dewa bhatara, bolaykeun paniatan andika Radén. Teu saeundeungna kahadéan luyu jeung kanyataan. Hungg... ahungg, Tatya ahung....”
Pokna ngagétkeun nu araya didinya, kaasup siIblis kembar tiGunung lawu. Geus puguheun jinisna nyatana Angkawijaya. Malah katebong manehnamah tepikeun ka ngagebeg, karék sadar lamun dirina kabawa ku parasaan nu weléh dipangaruhan ku ucap-ucapanana siIblis Kembar-Tigununglawu.
Selengseng... teu lila kaambung sengit Minyak Misik, nyambuang ka-sabudeureun éta patempatan sarta samar-samar ditengah-tengah pakalangan aya nungelemeng bodas. Beuki lila beuki écés, jleg baé katingal hiji sepuh nu papakeanana sing sarwa bodas. Horéng sang Purohita karajaan, nu tadi sempet kasabit-sabit samemehna.
Taditéh paniatanana geus buled, seja ngagagalkeun ritual panitisanana nyiRatnainten. Tapi diluar dugaan, para prajurit jeung opat senapatina malah ka pahung tur katalimbeng ku élmu tenungna siIblis Kembar ti gununglawu. Nu mampuh nyiptakeun jungkrang jadi tanah datar, mampuh nyiptakeun lautan sato galak jeung beracun nepi kateu saeutik nu jadi korbana.
Kakarak satutas sang Purahita turun makalangan, elmu tenung siIblis Kembar Tigunung lawu bisa diperuhkeun. Kitu ge satutas meakeun waktu nu cukup lila, nandakeun yén kahébatan siKembar lain joré-joré. Ngan akibatna ritual nyiRatnainten teu bisa kacegah, antukna kakuatan ganapurusana nitis mantén ka siUtun inji nu aya jeroeun kandunganana.
“Eang...”
Kadéngé Angkawijaya ngagerendeng, bari nyeureudeug nyampeurkeun laju nyolongkrong ngusap dampal sampéan sang ragasuci. Sabalikna pikeun sikembar katangen masing-masing beungeutna rarobah hebat teu nyangka sacongo buuk, upama éta kolot leuwih gancang cunduk batan panyangkana.
Sedeng tiharita kadéngé Angkawijaya ngabagéakeun sang Purohita karajaan.
“Haturun éyang resi, wilujeng rawuh...”
“Mmm... nuhun atas pangbagéana, incu. Sukur hidep aya dina panang-tayungan sang hyang kersa.” Angkawijaya ukur sungkem bari mundur sababaraha lengkah. Keur kitu cirihil, kadéngé sinini nyirihil ditungtungan ku cumarita.
“He,he,he... teu nyana Ajian Buana-Larang kami bisa diungkulan kalawan singet Ragasuci. Hehehe...”
“Jagad dewabahatara.... ilmu iblis mémang kejem jeung telenges. Teu saeutik para prajurit nu binasa, ti gebrus lagrag kajero jurang ciciptaan Andika. Hungg... ahuunggg... muga elmu Iblis salawasna bisa diungkulan ku kaweningan ilmu hyang kersa...”
“Nanging teu salawasna Ilmu Iblis ngadatangkeun kagoréngan, ragasuci. Tah.. peuting ieu eta ilmu Iblis kamiteh dipaké nulungan siRatnainten dina panggangu andika saparakanca. Hihihi... lain kitu Angkawijaya?” ceuk siNini ditungtungan ku ngaleret ka Angkawijaya.
“Paniatan Andika teu suci bersih, kahadéan Andika weléh aya maksud nu dipamrih. Ceuk kaula leuwih hadé bolaikeun paniatan andika, sabab pama noyod bisa malines kadiri sorangan.”
“He,he,he... memangna salah, lamun kaula duaan mulung pimurideun sangkan ilmu-ilmu ciptaan kaula teu musna?”
“Andika duaan geus kena ku supata, diantarana teu menang mulung murid jeung boga katurunan. Mun kutukan andika dilanggar, tunggu bae piakibateunana jaga mangsa datang.”
“Hhh... kutukan manusa naon banggana? Kajaba Déwata langsung turun tangan nyupata kakami duaan. Hehe... aing teu sieun!””
“Supata nu jadi guru, geus bisa disajajarkeun jeung kutukan para déwa. Naha kajadian pait peuheur salila ieu can cukup muka mata batin andika duaan?”
“Aing teu percaya kutukan manusa! Sok komo manusa nu pinuh kuhiri dengki macem siJelug....”
“Jagad dewabhatara...” ngagerendeng sang Ragasuci bari pokna deui, “Guru sampéan kiJelug, mo lagrag ucap mun seg andika duaan teu ngalanggar aturan langit!”
“Hhh... aturan langit! Aturan langit anu mana, Ragasuci?”
“Andika duaan ieu kembar dulur petkuhinis alias sagetih sadaging. Teu salayakna andika ngahiji jadi salaki pamajikan...”
“Hi,hi,hi... Lamun kitu carana salahkeun nu maha kawasa, siah! Sabab manéhna kapanan nu geus mere cinta asih kamahluk ciptaanana...”
“Jagad dewa bhatara...”
Sang Purohita dugikeun kagogodeg, demi ngadéngé ucap-ucapanana siNini nusakitu aheng jeung taya tedeng aling-aling.
“Dina ajaran mana baé, kawin jeung dulur sagetih diharamkeun. Mun dilanggar tangtu baris menang akibatna. Diantarana lamun boga turunan kulitna baris burik teu béda tisisit naga! Sipatna bakal culas, dengki jeung kejem akibat dikucilkeun kusasama. Kapanan geus natrat tumiba kadiri andika duaan, hususna kaanak sampéan nu kiwari malah ngancik jadi kalamercu diguha naga siluman...”
“Hhh... omong kosong! Montong sok nyanyahoanan siah hindi, hideung. Anak aing lain dikucilkeun batur, tapi anak aing keur tatapa demi ngalanggengkeun ilmu kadigjayaanana...”
siNini nyebut hindi hideung ka Sang Purohita, nu kontan ngerungkeun halisna nanging can katangen murka sikepna masih tenang. Hindi hideung mangrupakeun hinaan ka pribumi, nu di anggap panghianat jalaran pindah ageman minurut kana ajaran pandatang nu dibawa ku sang Dewawarman.
Pikeun sakedapan sang Raga suci teu némbalan, ngan katangen baé biwirna kunyam-kunyem bangun nu keur nengtremkeun haté, duméh ngarasa kasigeng ku ucapanana sinini Ragaarum nu seukeut matag nyentug kana jajantung.
Nya dina kaayaan kitu, ngadadak dinu bala aya nu ting garajleng pasusul-susul. Opat jirim manusa nu gerakanana karesit luar biasa, langsung ting celegedeg gigireun sang Purohita karajaan. Bengeutna karereng, wareweg sarta masing-masing sirahna digalelang beusi.
“Hay, ay,ay,ay...”
”Hihihi....”
Kontan siAki jeung siNini ting cirihil, demi apal saha nu ting garajleng bieu. Nu taya lian tipara senapati perangna karajaan sunda. Sabablikna Angkawijaya, beungeutna langsung nyiak demi apal saha eta opat urang jalma. Nusanyatanamah, baheula tukang asuh manehna nalika bapana masih ngajaya dikapurian Wikramajaya.
Kontan bae raray Angkawijaya ngabeusi, ras inget kanu naon-naon nu dilakukeun ku eta opat senapati sababaraha welas taun kalarung. Manehna hampir binasa kumaranehna, mun seg teu kaburu muncul siwawalun nu kiwari jadi guruna malah kiwari jadi mitoha manehna sorangan. Tapi samemeh manehna nyokot indakan nu leuwih jauh, kadenge siNini nyirihil manten.
“Hihihi... kiwari natrat kalawan jelas, Angkawijaya. Naon-naon nu ku kami diucapkeun kabuktian. Malah sakeudeung deui tangtu para tentarana daratang...”
“Geus diterangkeun tadi, tujuan kula dungkap kadieu mung ukur oyong nyegah paniatan andika!”
“Hi,hay,hay.... Teu kudu sumput salindung, Ragasuci. Dina dasarnamah andika jeung kami satujuan. Pada-pada mikahayang budakna siAngkawijaya. Hay,ay,ay...” kadenge ayeunamah siAki nunelah kiRagalemes milu nyarita.
Saupama raray Sang purohita masih tetep tenang, sabalikna para senapatina. Katembong Opatanana kontan ting pundelik, kasinggung ku ucap-ucapanana éta dua iblis. Katangen masing-masing leungeuna geus gup-gap kana pérah bedogna séwang-séwangan. Ngan baé teu kebat, basa kadéngé mantén sora tan katingalan nu ditepikeun kamaranéhna ngaliwatan Ilmu Pangjajap Swara.
---‘Leuwih hadé laksanakeun bae tugas andika, héh para senapati. Keun ieu sikembar pasrahkeun kakaula’---
Opat senapati karajaan kontan silih reret bari arunggut-unggutan. Laju silih kicepan, sarta mimiti ting kolesed kahareupeun Angkawijaya. Dua deui asup kajero imah, maksudna jelas rék nyangkalak Ratnainten.
Puguh bae lain deui hariwangeunana Angkawijaya, sabab manehna teu kaburu bisa nyegah puguh dua senapati nu karereng ngajega megat jajalananeunana. Tapi.. teu lila haténa tenang deui basa nu duaan kaluar deui, bari nyebutkeun yén nyiRatnainten euweuh dijero.
“Upama kitu téang kuandika duaan heh, sénapati. pertelakeun yén kaula nungguan didieu...”
“Unjuk sumangga, eyang...”
Dua senapati ting jorelat, terus ngereles diantara belegbegna tatangkalan nu aya disabudeureun imah.
“Hi,hi,hi... Mugya andika kiwari percaya kakami duaan, Angkawijaya. Yén teu salawasna tindakan kami jahat, sabalikna ogé teu salawasna jalma nu ngaku suci bersih aya dina jalan kahadéan.”
Angkawijaya teu kaburu némbalan, sabab nu dua deui kaburu nyampeuk manten hareupeunana. Malah katembong, duanana oge srung-sreng mesat masing-masing kolewangna.
“He,he,he... bagea raden, naha hidep apal keneh kamamang duaan?”
“Hhh! Nepikeun ka rup ku padung, rap kulemah kaurugan taneuh beureum ge mustahil nepikeun ka poho kaanjeun duaan heh. Damarwulung!” tembal Angkawijaya nyeuneu pinuh kuhawa dendam.
“Hehehe... nuhun atuh upama hidep masih apal kenehmah, raden...”
“Tilu belas taun kalarung, saupama teu muncul guru kaula, tinangtu kaula oge geus binasa ku para pangasuhna nu ngahianat…”
“Peryogi kauninga, Radén. Sanyatana kaula opatan lain ngan saukur badega biasa. Tapi kaula opatan sabenerna mata-mata Pangéran Wirayuda. Nalika umur radén karék tilu taunan, mamang opatan ditugaskeun pikeun nalingakeun kulawarga radén kujalan jadi pangasuhna. Sabab kulawarga radén dicuriga rék ngayakeun pambarontakan. Hampir lima taun mamang opatan terus nalingakeun gerak-gerik bapa radén, tapi sakitu tauna bapa radén teu kaciri ngayakeun gerakan naon-naon. Eta saking ku apik jeung ati-atina rama radén. Ngan aya paribasa, sabuni-bunina nyumputkeun bangké awal-ahir baris kanyahoan. Kitu deui nu tumiba ka bapa Radén...”
“Andika manggihan hiji panyusup, lin?”
“He,he,he... leres pisan, sun. Dugikeun kadina hiji waktu, mamang manggihan hiji jalma datang susulumputan mangsa salaré tibra. Eta jalma méré laporan yén sagala-galana geus siap tingal nunggu paréntah. Kukituna mamang gewat méré laporan ka sang Wirayuda ngaliwatan hiji pakacar, dugikeun ka dina waktuna pangkudétaan gagal. Sakur pambarontak bisa dibasmi, kaasup bapa radén hasil diceureuk ku Sang Wirayuda...”
“Tapi teu sapantesna nu teu tuah tu dosa, milu kabaud kana ukuman gantung...”
“Palaturan tinggal palaturan, radén.”
“Hhh! Poé ieu lamun siAngkawijaya teu bisa mulangkeun kanyeri kaanjeun saparakanca, montong disebut siAngkawijaya...”
“He,he,he... langkung sae serah bongkokan raden. Kumamang urang usulkeun sangkan raden, kengeng pangampura ti prabu langlang bumi...”
“Cuih! Leuwih hade ngajapapang ngajampana bugang tibatan serah bongkokan...”
“Aka... meugeus, teu kudu loba omong. Cangkalak bae jalma sombong kieumah...” baturna nu hiji deui nu nelah Angada seta milu mairan.
“Sor gera maraju!” ceuk angkawijaya bari tatan-tatan.
“Peryogi kauninga radén, dinten ieu saupama mamang saparakanca hasil nyangkalak radén. Hadiah nu kacida badagna geus disiapkeun ku Gusti Prabu langlang bumi...”
“Nya kumaha karep...”
“Radén apal naon hadiahna? Jadi raja daérah. Hahaha....”
“Kurang ajar! Nya ngomongna jeung ieu bedog! Hiaaahhhh....”
cag!Buronan
#Bagean ka 2.

cag!

Manco Mang Giok...diantos salajengna gantung areuyeun yeuh....hehehehehheh..
BalasHapusHaturnhun kana pedaranana
BalasHapus