Langsung ke konten utama
#SiEndil_siBocah_sakti.
#ka_1
Dina Hiji peuting.
Ti sore keneh langit kadenge geus guguludugan. Buntut pihujaneun geus ngadingding, dibarengan ku hawa anu kacida ngelekebna.
Peuting eta, kaayaan mani meredong. Ukur cika-cika bae anu baranang, kucap-kicep dikebon manjah atawa luhureun rungkun saliara.
Kocap kaleren hiji lembur anu nelah ciSasawi, aya hiji imah anu mencil rada anggang ti tatangga. Eta imah teh dijieun dina bilik geblegan, sarta suhunannana dina welitan injuk anu kacida kekepna.
Kacaangan kulantera anu ngagantung dipanyaweran, katembong panto imah ngadadak muka. Disusul ku bijilna hiji jalma, anu dedeganana jangkung gagah.
Blig! Blig! Blig! Eta jalmateh leumpang, dina palupuh ditepas imah. Jen.. Ngajanteng dina golodog, bari panona lurat-leret bangun aya nu diteangan.
Malah jut, manehna turun kaburuan nu lening taya jukut sajumpluk.
Katembong siJalmateh larat-leret bari nyorot-nyorotkeun bantre kalebah rurungkunan nu ngagegedeg disabudeureun imah.
“Hh! Careuh, kitu? Tapi piraku meni atra? Palangsiang bangsat?"
Ceuk eta jalma bari anger tenga-tengo, ceulina teu rancung-rancung ngadedengekeun rupa-rupa sora anu gandeng disarada. Geus sidik euweuh nanaon, siJalmateh unggah deui kana golodog.. kebat katepas imah. Memeh asup manehna luak-lieuk deui, bangun anu hayang mastikeun yen disabudeureun imahna euweuh nanaon.
Batre disorot-sorot deui, malah ayeunamah mani gemet dipake nyapu sakur rungkun anu nyurigakeun.  Beretek... aya nu lumpat, tuluy ngagorobas kalandeuh bari kadenge galakgak-gulukguk siganamah bagong anu pareng kasenter serabeun.
“Bedul siah, ngarerewas. Suganteh bangsat?”
Ceuk eta jalma, bari terus asup kajero imah teu poho panto ditutupkeun deui. Kolotrak, kadenge tulakna di palangkeun dijero. Jep jempe, nu kadenge ukur sora sato-sato peuting nu raeng disarada.
Tikajauhan sada kutuk jeung ungkut-ungkut patembalan, sakapeung-kapeungeun sada anjing anu ngagogogog dijero lembur ngagogogan ronda nu pareng ngaliwat.
“Hhh! Ceuk aing ge siamah teu ati-ati kemed. Bis weh kanyahoan ku siJohor . Untung manehna teu neang kadieu? Cacak mun kadieu, wahh... bisa barabe urusanana...” kadenge hiji sora ngagelendeng baturna semu ngaharewos, datangna tukangeun batu gede kuloneun eta imah.
"Enya euy, hampura. Tetela ceulina seukeut kacida..."
“Urang kudu ati-ati pisan euy, samemeh siJukarsa jeung siBewok daratang. Diusahakeun ulah wara aya kaributan, lebar euy.. iraha deui aya kasempetan pikeun males pati ka siJohor kujalan ngadu domba. Utamanamah ngadagoan siNini Jaliteng jago Andelan urang, panan manehna geus janji mantuan urang pikeun males pati ka siJohor...”
“Enya- enya, ayeunamah kuring rek leuwih ati-ati...”
Ceuk siJalma deui anu katelah kemed, ari baturna anu panona pecak sabeulah tur ditutupan kulit lutung unggut-unggutan bari panonamah angeur  melong ka imah panggung, nu kaayaanana geus tiiseun deui.. ukur lanterana anu oyag-oyagan katebak angin.
Kocap jalma anu keur diupatna. Katembong manehna tuluy ngaloyong kapalebah meja leutik, gek diuk dina korsi. Tuluy ngarongkong daun kawung nu ngagoler jeung dompet bako.
Sret... nyabut dua lambar, geus dibébérkeun tuluy nyewol bako sacukupna. Kerentel... Kerentel, guriwel.. Mani ngan sagerentel, bako katut dun kawungna geus dilinting nepi kasagede jempol leungeun.
Cekés-cekés, manehna ngotretkeun ganda wesina. Gur.. rokok hurung. Peledug manehna udud,  haseupna langsung seserebungan dina liang irung jeung bahamna. Nepikeun ka patengahanteh poek ku haseup dun kawung.
Jegoh! Jegoh! Hiji budak batuk, leungeuna anu keur tulas-tulis kabengbat malah sateruna kadenge siBudak cumarita.
“Duh, eungap bah guru. Kumaha lamun panto jandela urang buka? Heh.. meh aya hawa seger anu asup...”
“His, montong siah sendil...” bah johor ngahulag muridna nu tembong geus rek cengkat.
“Ah, biasana ge pan sok bari dibukakeun, bah guru?” siEndil muridna bah Johor nembalan semu heran.
Panona nu herang ngagenclang melong ka guruna nu masih nyarande ka bilik korsi.
“Pokona peuting iyeumah ulah euy, tiatadi abah boga pirasat goreng...”
“Tapi haseupna mulek kieu, bah Guru. Uing teu bisa pokus diajar nulis hurup arab gundul...”
“Hmm... eureun heula diajarna, euy. Abah rek aya picaritakeun kahidep...”
siEdil teu talengke, geus ngusap buukna nu sajumpluk tuluy nangtung sarta ngoloyong nyampeurkeun guruna, sakaligus bapa angkatna. Da tileuleutik manehna geus pahatu-lalis, teu boga indung teu boga bapa.
Gek.. siEndil diuk hareupeun guruna mani mendeko. Ari bah johor ketembong nyuruput ci kopi dina batok kalapa. Geus kitu, tuluy ngenyot ududna mani leleb bangun anu heded naker. Teu lila, serebung.. hasep bijil dina liang irung nepikeun meletek.
“Waduh, beuki mulek bah guru...”
“Teu kudu loba omong jang, jeung tong sok ngaganggu kanikmatan kolot..."
"Oh enya bah, siap lah...”
“Dengekeun, euy. Geus hamper lima taun, ilaing babarengan jeung abah. Atuh umur silaing oge geus hampir jejeg sapuluh taun...
“Enya bah, terus kumaha kitu?”
“Salila lima taun iyeu, silaing ku abah diwirid boh elmu silat jeung elmu sastra. Jeung kacirina uteuk silaing encer tur calakan, abah yakin jaga ilaing baris jadi jago ti golongan anu tanggoh....”
“Amin bah, mudah-mudahan. Sarta uing geus janji najero hate, mun geus gede uing rek maluruh nu jadi indung bapa...”
“Hm, tekad anu alus euy. Jeung poma, silaing ulah poho kana sakur pangwadi abah, anu mindeng ditepikeun...”
“Enya bah, pasti etamah...”
“Cing naon bae, tugas hirup urang minangka jadi hiji jawarateh, endil?”
“Ngabela anu lemah, bah...”
“Terus?”
“Nulung kanu butuh, nalang kanu susah...”
“Hm, diantarana eta endil euy, terus aya deui anu leuwih utama dibanding eta sakabeh. Cing naon endil?”
“Urang kudu bisa ngusir panjajah ti nagri urang. Utamanamah kaum sibule, orang walanda...."
“Hmm... alus-alus, endil euy... abah sugema ngadenge ajaran abah nerap salilana..."
"Hatur nuhun pisan bah, sareatna mun taya abah guru, uing moal nepi kasagde kieu..."
"Hm, perkara etamah teu kudu jadi pikiran, endil. Panan tadi oge geus disebutkeun dina ajaran kahiji..."
"Muhun, bah..."
“Tah ayeuna dengekeun, kacirina geus waktuna abah nerangkeun hiji lalakon anu aya patula-patalina jeung diri maneh...”
“Baruk, naha teu salah abah? Geus sababaraha kali uing nanyakeun hal eta, tapi ku abah teu weleh disalenggorkeun...” Saperti biasa mun siEndil manggih kabungah teu weleh ngusap-ngusap buukna nu sajumpluk hareupeun sirah. Hatena bungah, teu nyangka lamun guruna bakal nyarita kitu.
“Sanggeus ku abah dipikir-pikir, taya salahna euy. Ilaing nganyahoankeun riwayat silaing anu sabenerna, ongkoh umur silaing geus hampir sawelas jalan. Hartina, lebah dieu ilaing geus boga lilingeran sorangan...”
“Duh, nuhun atuh abah guru...”
“Dengekeun, ieuh. Sababaraha taun kalarung dina mangsa...”
Ngadadak bae kiJohor ngarandeg cacaritana, bari napelkeun curuk lebah biwirna.
"Aya naon abah, guru..."
Samemeh siEndil menang jawaban, ngadadak bah Johor maledog cempor ku daun kawung anu ditiupkeun. Atuh, pes... cempor pareum kaayaan ngadadak poek mani meredong.
Keur kitu, serepet... serepet... kadenge aya sora anu ting serepet kenca-katuhueun kiJohor jeung siendil anu geus dibawa ngagulitik kapojok rohangan. Paralak.. sababaraha pakarang demit langsung naranceb, persis urut diukna ieu guru jeung murid.
Samemeh siendil sadar kanu naon-naon, cakakak kadenge diluar kadenge sada anu seuri.
"Haha..."
#Hanca
#siendil_siBocah_sakti
#ka_2

“Haha... Johor! Aing nyaho, kanu bakal diriwayatkeun kamurid Andika. Haha...”
“Gu.. guru, sa... saha eta?” kadenge siEndil tumanya rada hariweswes.
“Ssstt... tong geruh, endil. Cicing maneh didieu...”
"Bah guru, naha manehnateh musuh abah?"
"Hm, bener endil, euy. Maranehnateh jalma jahat, nu dulur-dulurna ku abah diperenan..."
"Naha maranehna rek males pati, bah?"
"Hm, kurang leuwih kitu, endil..."
"Terus uwing kudu kumaha, bah guru? Naha uing kudu nyebut waw? Bet asa teu kudu bah guru..."
"His.. lain kitu, endil. Dengekeun iyeuh, geus sababaraha poe ieu, abah teu ngeunah rasa. Siga mangrupa kila-kila goreng keur pikahareupeunana! Jadi.. lamun aya nao-naon anu tumiba kadiri abah, poma silaing ulah pipilueun. Malah mun bisamah ingkah sing jauh..."
"Tapi uwing hayang milu mantuan, bah guru..."
"Ilaing masih ololeho, endil. Masih tacan waktuna makalangan di dunya pasilatan. Ayeunamah leuwih hade turut bae kana papatah abah..."
"Beledag!”
Cacap bah Johor nyarita kitu, kana panto imah aya ngabeledag matak rewas. Malah teu lila kadenge sora jalma anu susumbar.
“Haha... Johor! Gera kaluar, siah?! Geus waktuna kami balitungan jeung Andika! Hutang pati dibayar kupati, hutang nyawa dibayar kunyawa...”
Ceuk sora anu susumbar, kadenge mani bedas tur jelas kawantu dina kaayaan peuting, jaba dekeut kasisi gawir curug lalay.
"Bah guru, tetela pisan maranehnateh rek balitungan ka abah guru..."
"Heueuh endil, lamun teu salah manehnateh sikemed jeung siKarim. Anu lima taun katukang tilu urang baturna binasa dina leungeun abah. Ngan abah yakin, moal samata-mata manehna wani datang ngajorag mun teu boga andeulan..."
"Jadi manehnateh, mawa batur abah?"
"Hm, kana pasti kitu, euy. Sabab lain sing ngahinakeun ku ngandeulkeun kamampuan maranehna duaan, mustahil wani datang ngajorag kadieu!"
"Kira-kirana sabaraha urang, abah?"
"Teu apal sabaraha urang-sabaraha urangnamah, ngan nu jelas maneh kudu ngagugu kana sagala rupa anu diomongkeun ku abah tadi..."
"Ma.. mangga abah guru..."
"Tah, ieu.. bawa buntelan kumaneh, omat ulah nepi ka karebut ku jalma sejen. Lamun aya jodo jeung milik sararea, ku abah ilaing bakal diteang sarta bakal ngadadarkeun saha maneh nu sabenerna..."
“Johor! Rek kaluar moal, heh? Atawa silaing geus robah jadi keuyeup apu? Atawa hayam lalamba? Heug, ku kami diitung nepi katilu.. lamun jero itungan katilu silaing masih tacan keneh kaluar, wayahna iyeu imah kukami rek diduruk disaban juru. Hahaha!” ceuk sora jalma anu susumbar ditungtungan ku seuri sagala, malah make jeung ngancam rek ngaduruk imahna bah Johor.
"Hiji, dua..."
Kolotrak, bray... Samemeh itungan katilu, bah Johor geus mukakeun panto imah.
"Jep, jalma anu susumbar bieu jempe. Sedeng bah Johor katembong geus leumpang di tepas imah, sikepna teuneung taya kasieun. Jen.. ngajanteng dina golodog, panona ngawasken ka dua urang jalma nu geus ting jarega diburuan. Kacaangan ku lantera dina panyaweran, katembong nu duaanteh nyaroren bedog. Beungetna parurenges, hiji diantarana aya nu panona bocos kacolok ku jarijina bah Johor lima taun katukang.
" Hmm... jadi andika anu tadi bersin diluarteh, kemed, karim?"
"Hm, bener deuleu!"
"Alus siah! Geus ngagares ati naon Andika duaan nepikeun ka gede hate nyampeurkeun paneunggeul? Naha geus ngagares ati maung atawa ati naga, heh!?"
"Montong sombong siah, Johor. Poe ieu, nyawa sia kudu ngalayang pikeun nyangharep ka batur-batur kula nu geus ditantadasa sababaraha taun katukang..."
"Hm, urusan nyawa lain Andika nu ngatur. Tapi alloh taala, deuleu. Boa aslinamah maraneh duaan anu nyusul batur-batur andika kaalam baka.."
"Kurang ajar, siah! Bener-bener sombong! Hade.. urang saksian bae, saha anu sabenerna bakal ngalungsar jadi banusan..."
Ceuk Karim bari kekerot, manehna geus bener-bener teu bisa ngampeuh deui amarahna, matana nu ngan sabeulah tembong ngaburileng kapalebah tangkal suren.
Bah Johor rada ngagebeg! Sabab ebreh.. diantara belegbegna tangkal suren, aya dua jirim jalma anu keur narangtung. Saha maranehna? Bah Johor teu apaleun, sabab salian  tipoekteh ongkoh hieum ku tatangkalan.
Serepet.. serepet...! Sabot keur kitu,  Kemed jeung karim mesat masing-masing bedogna. Terus diputer-puter pikeun ngagigila bah Johor.
"Hehe... nanaonan siateh, Karim, kemed? Rek maen akrobat, heuh? hehe..." bah Johor ngeyehkeun, satengah anu mancing amarah kemed jeung Karim dua musuh gerotna.
"Kurang ajar siah, montong ngahina deuleu! Yeuh, rasakeun! Yeaahhh...!!! Heupp..."
Karim jeung kemed, anu memang ngulit bawang langsung nyorowok bari ngahembatkeun masing-masing bedogna.
"Hiuk, kolepat gurilap sewukk...!"
Dua seuseukeut bedog ting sarewuk, ngarah beuheung jeung cangkeng bah Johor.
Tapi... "Plos-plos..."
Dina gerakan anu kacida rikatna, bah Johor jingkrak ngagunakeun jurus helang ngagalaprak.
Blig! Sukuna nincak lemah. Sedeng Kemed jeung Karim langsung nyusul tepus, bedogna ting hariuk deui ayeunamah nyuruwuk rek nobroskeun dada jeung beuteung bah Johor.
Karasa ayeunamah angin samberan bedog Kemed jeung Karimteh ngandung tekenan nebak awak bah johor, eta nandakeun yen tanaga bathin musuhna memang geus ngaronjat hebat.
Tapi pikeun bah Johor anu memang geus neuleuman elmu Tapak Jaladri teu iyeuh jadi keder, serangan lawan anu sakitu hebatnateh lir euweuh ngaruhna naon-naon. Dua congo bedog nu ting solonongteh diantep kitu bae, siga nu teu inggis dada jeung beuteungna budal-badil.
Kakara sanggeus sababaraha senti deui kana sasaran, dina gerakan anu meh teu katuturkeun kumata biasa.. bah Johor ngarobah kuda-kudana kagigir kucara digusar-geser.
"Sret-sret! Plos-plos..."
Deui-deui serangan Karim jeung Kemedteh plus-plos nojos angin. Malah katembong, duanana pating sampoyong kabawa kutanagana sewang-sewangan.
Kuliwed, dina gerakan pangal muih nyaho-nyaho awak bah Johor geus aya tukangen lawana anu ting arungked, nahan kasaimbangan badana.
"Hehe... ieu kulamah aya didieu!"
Ceuk bah Johor satengah nu ngagarewahkeun Karim jeung Kemed. Nu kontan kaget pacampur jeung rewas, sabab lawan ujug-ujug ngiles sarta nyaho-nyaho geus aya tukangeunana.
"Anjing, siah! Ku loba lelewa naker, heuh! Kadieu siah nyanghareup, tadah seuseukeut bedog aing lain ngan saukur luluncatan siga kunyuk jengkoleun..."
"Hehe... ah embung baraya! Bet saha pijalmaeunana nu daek nadah cocolek tarasi anu bau..."
"Setan siah! Yeaahhh...!!"
Karim bener-bener panas kupolah musuhna anu lingas. Hatena bener-bener panasaran, sabab satadinamah geus ujub yen sakali ieumah musuhna moal mangapmulya ku serangan-serangan manehna duaan. Tapi nyatana teu kitu, lalaki kolot anu umurna kira 45 taunan teh keukeuh lingas hese pikeun dirubuhkeunana.
Padahal salila ieu, manehna terus-terusan ngasah elmu silatna bari diaping ku guru anyarna anu nelah nini Jaliteng.
Seak-sewuk! Seak-sewuk.. gurilap!
Bedog Kemed jeung Karim terus pating sarewuk ngahujanan awak bah Johor. Dihujan ku jurus-jurus sarupa kitu bah Johor tetep kalem. Percaya kana kaampuham tapak Jaladrina, anu mampuh bagerak gancang.. malah ceuk beja lamun geus tepi katingkat sampurna saolah-olah jiwana bisa kaluar dina raga saking ku gancang-gancangna bagerak.
Ngalatih elmu tapak jaladri teu sagawayah, sabab salian tidikeueum jeroeun talaga. Tapi oge dina tahapan pamungkas kudu mampuh nangtung luhureun  anu dialung-alungkeun luhureun beungeut cai, kadituna kudu mampuh nangtung dina kakaras bahkan mampuh nangtung luhureun cai tanpa alat bantu saperti papan atawa kararas.
Sok sanajan tahapan Tapak Jaladrina can tepi kapalebah dinya, tapi gerakan bah Johor geus hese pikeun dituturkeun kumata biasa.
Bedog Karim jeung Kemed siga nu ngadekan cai, pating delewo teu kena kana sasaran.
"Haduh! Elmu setan naon siah anu dipetakeun ku silaingteh, Johor?!"
"Hahaha.. jih, aya ku kepo! Kasih tau gak yah?"
Bah Johor angur ngalelewe, nepikeun ka tumerapna ka Karim jeung Kemed asa rek bitu jajantungna sangking ku nafsu-nafsuna.
"Yahhh!!!" Bedog kemed jeung karim tuluy dicacar bolangkeun, sibarengan tanaga bhatin sapinuhna.
Dua bedog kontan ngiles geus teu katingali wujudna, saking kugancang-gancangna eta gerakan bedog.
Tapi nyakitu, ceuk tadi ge bedog nu duaan siga ngadekan jala atawa cai. Pating delewo, tuluy pating kareplos teu manggih sasaran.
Eu... waktosna kabujenhvseep, lo. Cag ah, urang tunda dugi kadieu. Insyaaloh, sanes waktos disambung deui.
Cag!

#Hanca
#Karya_manggiok

#Dong_sun
#siendil_siBocah_sakti
#ka_3

"Hahaha.. jih, aya ku kepo! Kasih tau gak yah?"
Bah Johor angur ngalelewe, nepikeun ka tumerapna ka Karim jeung Kemed asa rek bitu jajantungna sangking ku nafsu-nafsuna.
"Yahhh!!!" Bedog kemed jeung karim tuluy dicacar bolangkeun, dibarengan tanaga bhatin sapinuhna.
Dua bedog kontan ngiles geus teu katingali wujudna, saking kugancang-gancangna eta gerakan bedog. Sedeng kalakay langsung haliberan, ka tiup angin luluwukan anu kaluar dina satiap samberan bedog.
Siendil nu harita kaparengan ngintip disatukangeun batu gede kuat ka molohok mata simeten. Malah dina sajeroeun hatena ngagerentes kieu.
"Duh, tetela  musuh bah guru teh sakitu hebatna. Bedogna tepikeun ka ngaluarkeun angin anu gegelebugan. Tapi... bah guru ge teu eleh hebat!  Sabab awakna siga dijieun dina cai, duluwa-delewo hese pikeun dikakalakeunana. Tetela, bener mun kitumah yen aing leuwih hade nyumput didieu mantuan ge kalah ngabaribinan lampah bah guru.."
Mitra, kitu ceuk gerentes hatena siendil, bari tetep nyempod tukangeun batu gede jeung rembetna tutuwuhan.
Keur kitu, gebru-gebru! Kadenge ku siendil sora anu ting galebru.
Basa dileret tetala musuh-musuhna bah johor geus nalambru bari jeung ting araduh.
Siendil kerung, sabab kumanehnamah teu kacirieun teuing dikumahakeun nyaho-nyaho Kemed jeung Karim ting galebru. Ngan harita kadenge, guruna cacarita semu anu mapanas Kemed jeung Karim.
"Horr... eta gening kalah gogoleran dibruan imah batur kemed, karim. Dijero atuh, tai-tai bae mah aya haneut. Hehe..."
"A.. aduh, aduh..."
"A...alah.. alah..."
"Montong ngahina sesebutan nukawasa, siah Karim!"
"Aingmah humarurung, siah.. jahanam..."
"Oh, humarurung? Ari suganteh ngalecehkeun sesebutan..."
"Lain deuleun, siah!"
Ceuk Kemed kituna teh bari jeung pupuringisan, bahamna katembong ulaweran ku getih. Biwirna jeding urut bieu tikusruk kana taneuh.
Sing horeng tadi, dina gerakan anu kacida hebatna. Bah Johor geus mampuh ngajorelat, kasatukangeun nujadi lawan-lawana. Malah dina gerakan Tugel Jangga, punduk Kemed jeung Karim hasil dikedig dibarengan ku tanaga sacukupna. Kabayang upama ieu jurus dipetakeun ku ngagunakeun pakarang mangrupa bedog ata kolewang, bisa-bisa masing-masing sirahna bener-bener katunggel.
Tapi dasar Kemed jeung Karim bolokotono, dibere kasempetan hirupteh lain sukur ieumah sabalikna kadon beuki susumbar bari terus nanangtang.
Ngan samemeh kemed jeung Karim maraju deui, ngadadak dua jirim jalma anu tadi ting jarega handapeun tangkal surenteh geus ting garajleng.. laluncatan ngaliwatan pager awi anu jangkungna seret dada.
"Kolebat, jorelat.. Jleg!"
Ngan sakilat duanana katembong geus ting jarega, gigireun Kemed jeung Karim. Leungeuna nulak cangkeng, bari matana mureleng ka bah Johor.
Kacaangan ku reyem-reyemna cahya lantera, opat jirim geus ting jaranteng diburuan imah bah Johor.
Ningali kaayaan sarupa kitu, siendil beuki nyempod tukangeun batu gede. Ambekan setengah dipegeg, kesang tiis mani nyororolok masehan saawak-awak.
"Duh, nyaan gawat! Bahaya kieu caranamah? Gening musuh bah guruteh ngalobaan. Bener ceuk bah guru tadi, yen musuhna lain saurang dua urang tapi loba. Kaasup ieu dua jalma..."
Pikeun sawatara kedapan kaayaan masih sepi, can kadenge sada jalma anu cacarita. Najan kitu, ari sora-sora sato peutingmah kadenge gandeng, meupeuskeun simpena peuting. Malah dijero lembur, kadenge sababaraha kali  kohkol anu ditakol.. mere tanggara ka urang lembur yen wanci geus manjing tengah peuting.
Dina kaayaan kitu, katembong bah Johor ngusikeun awakna. Opat jalma langsung waspada, malah hiji diantarana aya nu cumarita.
"Hehe... tetela ngaran siJohorteh teu kosong. Ngaing bener-bener salut, ka dia..."
"Kekeke.. saha Andika duaan? Kaula bet asa teu wawuh. Naha Andika baladna siKemed jeung siKarim anu rek andon bebela..."
"Hmm, dia montong salah ngarti! Kula datang ukur hiji, ngayang ngajajal elmu penca Andika. Sabab ceuk beja cenah dia geus taya nu sanggup ngelehkeun sapriangan..."
"Kaulamah teu rumasa jago Sapriangan, kisilah. Kulamah jalma biasa..."
"Hm, dia teu kudu ngasor. Tadi kacepetan gerak dia geus kasaksi ku kaula duaan. Dengekeun kudia, johor! Ngaran kula duaan kiJukarsa jeung kiBewok! Kula duaan katelah dua Jadug ti ujung kulon..."
"Hmm, terus tujuan Andika duaan?"
"Kula ngayang ngajajal elmu kadugalan andika..."
Ceuk eta jalma bari nyangegangkeun kadua sukuna, sikepna jumawa boga rasa ieuh aing pang jagona. Malah katembong kiBewokmah edeg bari muril-muril kumisna anu baplak sangga dulang.
"Hhh! Hanjakal kadatangan Andika duaan salah dimangsa. Mangsa langit poek jeung minim cahaya, kaula inggis aya kasalahan leungeun nurunkeun jurus..."
"Haha... taya bayana, kisilah. Saupama aya kasalahan nurunkeun jurus mangsa adu jajaten. Eta hal anu geus lumrah tur biasa mangsa ijen ngadu jajaten..."
"Tapi naon untungna ijen ngadu jajaten jeung kula?"
"Disaksian ku siKarim katut siKemed Kula hayang ngabuktikeun. Yen dua Jadug Ti ujung kukon tetep jadi jago nomer hiji..."
"Hmm... atuh kumaha lamun urang tangtukeun, iraha jeung dimana tempatna. Jeung lamun menang usul, ulah bari mamawa jalma Sontoloyo ieu...!" Ceuk bah Johor ditingtungan ku ngaleret ka Kemed jeung Karim. Puguh bae lain deui mudigdigna Kemed jeung Karim, demi ngadenge caritaan bah Johor kitu.
Ngan teu bisa magar kumaha, sabab baturna kaburu nyarita deui.
"Teu bisa! Ayeuna nya ayeuna. Kajaba dia ngaku taluk, kakami duaan? Sabab naon? Sabab nu geus-geus ge, sok malah terus jicir bari nyawetkeun buntut..."
"Bener, satuju pisan kiJukarsa. Ulah mere kasempetan ka ieu jalma pikeun kabur.."
Karim mairan bari tetep dina kaayaan sayaga. Dua peso demit, geus nogel dina sabuk kulit lebah cangkengna.. siap dilempagkeun saperti halna tadi basa munggran datang.
#siendil_siBocah_sakti
#ka_3

"Hmm... jadi dia nu nelah siJohorteh, hah?"
"Orakapino gawe, lur? Nya kaula kiJohor. Saha Anjeun? Terus terang bae kaulamah bet asa karek ningali anjeun duaan?" ceuk bah Johor malikan deui kana pananyana tadi, anu can sempet kajawab.
"Hmm.. ngaran kula Jukarsa! Tah, ieu dulur kula katelahna siBewok. Kula duaan katelah dua Jadug ti ujung kulon. Kunaon disebut dua jadug ti ujung kulon? Meureun ku dia oge kaharti..."
Ceuk eta jalma bari nyangegangkeun kadua sukuna, sikepna jumawa boga rasa ieuh aing pang jagona. Malah katembong kiBewokmah, bari ngagilir-gilir perah bedogna sagala rupa siga anu ngagigila musuhna.
"Terus kadatangan Andika kadieu rek nanahaon? Naha Andika rek andon bebela ka si Kemed jeung siKarim?"
"Kula teu boga urusan jeung ieu dua jalma. Ngan manehna nyebutkeun, majar di satatar priangan dia tacan kungsi aya anu ngelehkeun. Naha bener?"
"Kaulamah teu rumasa jago Sapriangan, kiJukarsa. Anu jagomah Anging Alloh azaawazala.."
"Hm, dia teu kudu ngasor. Tujuan ngaing datang kadieu ngan mungkul ndek ngabuktikeun, naha bener eta beja hanteu kosong..."
"Kasarna ngaing nangtang dia pikeun ijen ngadu jajaten..." siBewok mairan bari ngaacungkeun peureup anu sagede jeruk bali di kalebah beunget bahJohor.
"Hehe... lamun menang ngusulkeun leuwih hade ulah..."
"Naha?"
"Jurus-jurus Caladi Noktrok kula kadang sok lepas kadali, contona siKarim.. panona bocos sabeulah, akibat kacolok ku ramo kaula. Heueheu..." ceuk bah Johor, bari ngaleret kalebah karim, nu kontan ngaburileng ambeuk.
"Dia montong nyakompet daunkeun kula jeung sikemed katut siKarim, hhh!"
"Tapi naon untungna ijen ngadu jajaten jeung kula?"
"Disaksian ku siKarim katut siKemed Kula hayang ngabuktikeun. Yen dua Jadug Ti ujung kukon tetep jadi jago nomer hiji..."
"Hmm... atuh kumaha lamun urang tangtukeun, iraha jeung dimana tempatna. Ulah ayeuna, sabab ayeunamah geus peuting, bisi aya kasalahan leungeun. Antukna nimbulkeun hal anu teu dipihareup..."
"Teu bisa! Ayeuna nya ayeuna. Kajaba dia ngaku taluk, kakami duaan? Sabab naon? Sabab nu geus-geus ge, sok malah terus jicir bari nyawetkeun buntut..."
"Bener, satuju pisan kiJukarsa. Ulah mere kasempetan ka ieu jalma pikeun kabur.."
Karim mairan bari tetep dina kaayaan sayaga. Dua peso demit, geus nogel dina sabuk kulit lebah cangkengna.. siap dilempagkeun saperti halna tadi basa munggran datang.
"Hh! Dia montong milu nimbrung, karim. Awas, amun kula keur bitotama sia milu campur. Mangka dirieus tah boga huluteh, hh!"
Karim teu nembal, rarayna rada robah. Hatena panas oge, najan enya manehna kungsi menta tulung ka ieu dua jadug. Tapi lain hartina bisa dicacampah kitu bae. Jeung can tangtu dirina, eleh nun bitotama jeung kiJukarsa katut siBewok, kitu ceuk pamikirna karim mangsa harita. Sedeng kadenge bah Johor cumarita deui.
"Nya ari kahayang Andika duaan kitumah nya heug bae. Ngan lamun aya nanaon, ulah nepi kamanjang. Cukup ngan seret ayeuna bae..."
"Hmm... perkara eta tong salempang. Kula wani ngajamin, mun diri kula nepi cidera, mangka kahareupna moal aya nanaon...”
“Hehe... tetela Andika duaan cukup gagah kisilah. Lamun kitu, sor.. atuh urang mimitian. Terus terang bae, kaula mimiti katarik..."
Jleng-jleng... cacap bah Johor nyarita kitu. Jukarsa jeung siBewok langsung laluncatan, kahareupen kiJohor. Sabalikna kemed jeung karim mundur bari silih leret. Duanana silih kiceupan, pada-pada sapuk rek ngajalankeun rancana anu samemehna geus disiapkeun kalawan pinuh ku perhitungan.
Ditempat sejen, katembong siendil cinutnut. Hatena lain deui degdeganana, mireungeuh eta kaayaan. Najan kitu, manehna rada neundeun simpatik kaieu dua jalma. Sabab sanajan tagogna pikasieuneun tapi tetela duanana oge garagah jeung nyatria, sanajan memang boh dina ucapan jeung sikepna, teu weleh kasar jeung garihal.
"Heaahhh..." ngadadak kadenge, siJungkarsa mimiti muka serangan, ku ngagunakeun peureup katuhuna dina ulin Ombak Sagara. Peureup katuhuna langsung ngadius rek dipake ngicip-ngicip cukang irung bah johor.
Gilek, bah johor ngagilek kakenca, tuluy ngelid pigeulang leungeun lawan dina ulin potong tunggal. Tapi Jukarsa cinges, apal kana maksud lawan, sanajan manehna boga elmu kawedukan tapi sangsi pigeulangna kuat nahan eta kelidan. Ku kituna, samemeh peureupna bener-bener tepi, gentak ditarik deui sedeng siku kencana ngalayang rek ngabentur careham.
Hiuk... Plos! Samberan siku ngakan angin, sabab bah Johor ngalelepkeun badana dina ulin Barong-say, malah tuluy bah johor jingkrak.. Sabab kabireungeuh siBewok ngagajleng ti katuhu, bari najongkeun suku kencana nu jebrag ngarah tonggong bah Johor.
Seak kolepat, plos.. gebblig! Jejekanteh ukur ngahanca taneuh. Sabab meni ngan sakilat, bah johor ngisedkeun sukuna kakencana saeutik bari malik nyerong. Hiukk... ayeunamah bah Johor nyodokeun leungeun kencana, ngawangun caladi noktrok rek ngarah iga burung nu jadi lawana.
siBewok surti rikat luncat, bari ngepangkeun sukuna rek dipake nyepak pigeulang leungeun bah johor nu masih nyolodor.
“Jedak!” huadaww...”
siBewok ngagero, bari engke-engkean. Sabab mumuncangana, kalah kabetrik ku Pamatuk caladi. Sakitu ge untung, manehna boga elmu kawedukan teu aneh sakeudeung ge manehna geus bisa ngawasa deui dirina. Ngan anger bae hatena panas, teu nyangka karek sagebragan dirina geus kabeunangan.
Kacaangan ku lantera dipanyaweran, katembong tilu jalma geus sayaga deui. Masing-masing panona ting borelak seukeut, gular-giler bisi kapalingan gerak. Ari diluhur langit beuki meredong, hawa beuki karasa tiis.. malah teu lila ngan prul bae hujan girimis masehan pakarangan imahna bah Johor.
“Heaahh...”
"Yiiaahhh..."
Bareng jeung kitu kadenge siBewok jeung kiJukarsa ting gorowok tarik, matak ngaruntagkeun angen singsaha bae nu ngadenge. Kaasup siendil jeung Karim katut Kemed, duanana tepikeun kating rarenjag demi ngadenge gorowokna Dua Jadug tiUjung Kulon. Malah sabari ting gorowokteh, duanana terus jlung-jleng sarta ngahembatkeun masing-masing panarajangna. Najan kitu bah Johor tetep waspada, bari ngahuit manehna ge teu cicing.
"Heup-haittt, yiaahh..." "plo-plos!" wut-wut..."
Bah johor gulak-gilek miceun panarajang, sakali-kalieun males kujurus-jurus Caladi Noktrokna. Anu tangtuna bae oge pikeun ngayonan dua musuhna nu salangar.**
Saterusna tilu jalma ijen ngadu jajajaten. Mun Jukarsamah ngagunakeun jurus-jurus Ombak Sagara ku ngagunakeun leungeun kenca katuhuna anu but-bet diluhur, sabalikna siBewok seranganana murudul tihandap mangrupa sabetan-sabetan suku ngarah kuda-kuda, lir galura laut anu datangna tihandap.. anu mun seg nepi ka kena matak pites nu jadi lawana.
Tapi tetela bah Johor lain jago sakatiga, ku ngagunakeun jurus-jurus andeulanana serangan lawan bisa disingkahan, malah diladenan kujurus-jurus Caladi-Noktrok, anu dipariasikeun jeung jurus sapu djagat pikeun ngabendung serang-serangan tihandap nu dilakukeun ku siBewok.
Teu aneh lamun sababaraha kali kadenge sada benturan suku atawa leungeun nu diadu, sorana pating jareplak atawa ting beletuk matak linu anu ngadenge. Sarta tiap benturan kudu bae aya nu ngajarigjeg atawa pajengjar kuda-kuda. Sabenerna ieu kasempetan, teu weleh dimangpaatkeun ku Jukarsa atawa siBewok mun bah Johor ngadalugdeg, ngan mangsa lawana rek dipindo.. sok ngereles kitu bae, siga haseup anu bener-bener kaciri tapi teu bisa karampa.
Tilu jirim terus jojoh, teu nolih kana kaayaan anu beuki peuting bae, sababara urang warga lembur anu pareng ngadenge pating keteyep ngadon ngintip naon-naon anu keur lumangsung dilebah imahna bah Johor. Basa kumaranehna katingali, aya nu keur ragot tarung.. saurang ge urang lembur taya nu wani nyampeurkeun. Inggis ku bisi rempan ku sugan, kabalerang ku jago-jago silat anu keur ijen ngadu jajaten.Cc
Kocap Kemed jeung Karim, duanana cicing-cicing nyiapkeun hiji alat menang meuli ti Tuan Walanda. Eta alat mangrupa kotak pasagi panjang, dijieun dina kai jati.. ngan aneh, eta kotakteh badana barolong pinuh ku liang sagede jarum. Siendil anu nyaksian ti kaangan ngarasa heran, tapi manehna teu ngarti naon maksudna eta dua jalma metakeun laku lampah kitu.
Katembong eta kotakteh ditangtungkeun malah disanghareupkeun kapalebah anu keur bitotama. Teu lila, klik! Katembong kemed jeung karim mencet hiji tombol anu aya dina eta masing-masing kotak. Teu lila kadenge sada anu jejelegeran, disusul ku ngaburisatna welasan jarum ngahujanan tilu urang jalma anu kontan kaget.
Ngan leuir sanajan maranehna hasil nakis jeung nyingkahan, tapi diantarana aya anu kena nepi kaparat kana awakna.
"Aaa..."
"Auhhh..."
Dua jalma kontan ting jarungkel, bari jeung teerus kekejet.. sabab masing-masing jarum geus dikeueuman warangan anu kacida hebatna. Malah katembong, masig-masing awakna langsung wiru, tuluy palastra sapada harita.
“Kurang ajar, siah Jahanam...”
Bah Johor anu memang kuat kurupa-rupa racun masih bisa batahan, malah nyabut hiji racun nu nanceb lebah beuheungna. Kusakali ngalempagkeun eta jarum langsung melesat kalebah kemed.
Crep! Eta jarum parat kana tikorona, teu bisa dicegah atawa ditakis.
Kemed langsung ngoceak, awakna sorangan terus ngajungkel sarta ngagebru diana kaayaan asak semu wiru.
Berengbeng... Karim nu aya kasempetan hade,  malah jicir taya untupan pikeun ngalawan.
“Hhh! Montong kabur siah jahanam! Lamun poe jiwa Andika teu beresan, tangtu kajahatan Andika moal aya sudana. Dagoan siah!”
Ceuk Bah johor, susumbar tuluy ngabelesat ngudag karim.
Tetela najan awakna geus kabeunangan ku sabaabraha jarum, manehna masih sanggup batahan malah sempet ngudag Karim. Dua jalma ketembong ting beretek kalandeuhkeun, kadenge sora nu seah waktu rarambu jalan kadupakan ku nu keur lalumpatan.
Barang tepi ka sisi gawir, reug.. Karim ngeureunkeun lengkah sukuna. Manehna tuluy nguliwed katukangeun hiji tangkal ngadon nyumput dinu poek.
Sedeng kadenge sora lengkah suku bah Johor beuki ngadeukeutan tur semu berat.
SiKarim ngahenen, dbarung ku ratug jajantung.. inggis kubisi, rempan kusugan musuhna apaleun kapalebah dinya.
"Auww..." ngadadak kadenge sada anu humaregung, disusul ku ngagorobasna hiji jalma anu murag kalandeuhkeun..
#Hanca
#Dongsun_manggiok


#SiEndil_siBocah_sakti.
#Siendil_4

SiKarim ngahenen, dibarung ku ratug jajantung.. inggis kubisi, rempan kusugan musuhna apaleun kapalebah nyumput manehna. Keur kitu..
"Auww..." ngadadak kadenge sada anu ngagero, semu nu humaregung, disusul ku ngagorobasna hiji jalma anu murag kalandeuhkeun.
Puguh bae siKarim lain deui kagetna. Jajantung beuki ratug, hate beuki ting seredet paur kagila-gila nyaliara disajeroeun dadana. Tapi rek kauar sieun, tungtungna tetep ngahenen bari jibreg ku kesang tiis. Teu nolih kana barangeongna reungit, nu napuk saawak-awak.
Kakara sangeeus kaayaan simpe, manehna mimiti ngawani-wani maneh mariksa kaayaan disabudeureun eta patempatan.
"Aeh-aeh, saha bieu nu labuh kahandap? Moal kitu siwowolek tikosewadmah? Tuluy murag kajero jurang? Mun enya kitu, hade pisan. Ceuk siBule teamah, pucuk dicinta ulampun tiba. Hehehe... puas teuing, siah! Sugema aing, sugema! Hahaha..."
"Hihihi..." ngadadak seuri Karim aya nu nembalan. Sorana nyelekit, siga sora nini-nini.
Puguh bae lain deui Karim kagetna disangkana musuhna anu ngagunakun jebakan betmen. (Hehehe..)
"Alah, siah cilaka dua welas..."
"Hehehe... na kunanahaon siah, Karim?! Bet siga nu kena ku eureup-eurep?"
"Eta.. eta saha? Setan apa jurig?” ceuk Karim kalah malik nanya.
"Setan siah, kaaing nganggap jurig?”
“Oh jadi anjen teh setan?"
"Lain siah deleun, ieumah kami..."
"Oh, etateh... etateh nini, Jaliteng?" ceuk Karim ulak-ilik kapalebah datangna sora.
Reyem-reyem diantara belegbegna peuting, aya hiji jirim anu tembong kaluar tukangeun batu gede.. teu sidik rupana, nu jelas eta jirimteh jangkung kuru bari kundang iteuk anu dijieuna dina beusi.
"Bener, deuleun. Ieu kami. Hehehe..."
"Duh, nuhun atuh nini. Boro satadimamah kuringteh geus rewas, inggis musuh nu ngajebak abdi. Tapi... tapi tos timana heula atuh nini? Nepikeun kasalira elat datang, jadi weh siKemed binasa ku siwowolek...”
“Jeplok-jeplok!”
Kadenge sada anu ting jareplok sababaraha kali, basa ramo-ramo leungeun siNini nu ranggoas ningan sakilat nganjang kana pipi Karim.
“A... aduh, nyeri nini, kunaon teu pupughuh jol ngagaplok?”
“Dengekeun siah, Karim. Omat kahareupna montong kumawani maido kana paripolah kami...”
“Ss.. aduh, sss... enya nini, enya. Kuring... kuring janji, moal kumawani maido deui kana laku-lampah nini...”
“Hehehe...” siNini seuri, bari ngagetruk-getrukeun iteuk beusina nepikeun ka karasa eundeur. “Dengekeun iyeuh, perkara siKemed anu binasa, mana kitu oge geus kana katangtuanana. Jeung bongana deuih, silaing duaan teu sabaran nungguan nini...”
“Enya nini, rumasa kuring duaan anu salah teu ngagugu kana papatah nini...”
“He,he,he...”
“Terus saha tadi anu ngagurubag kajero jurangteh, nini?"
"Nyatangtu bae musuh silaing deleun, nyatana siJohor..."
"Aduh, jadi bener nu ngagero tuluy ngagurubag taditeh siJohor, nini?"
"Bener deuleu.. !"
"Yess..."
Karim poho dikanyeri balas menang panyabok tisinini, manehna siga anu ngadadak owah ngadon ajrag-ajragan saking kubungah. Dumeh musuh gerotna, geus tigurubag kajero jungkrang lalay nu aya dihandapeun lembur ci sasawi.
“Tapi naha nu ngakalakeunana, nini?”
“Hehehe... nya lamun lain ku kami nya kusaha deui, Karim? Hehehe... tah  ayeunamah hayu, urang urang balik deui katempatna siJohor tadi..”
“Rek.. rek naon, nini?”
“Nini hayang mastikeun, naha bener siKemed geus binasa? Sabab ari karek sasikimah, asal buru-buru menang panawar racuna ti Nini. siKemed bisa katulungan...”
“Na... naha leres, etateh nini?”
“Nya heueuh atuh siateh, Karim. Nu matak hayu, urang buru-buru teang...”
“Na... nya mangga atuh, nini...”
Dua jirim katembong ting garedig deui katonggoh, ngajugjug imahna bah Johor. Hate Karim ngarasa lugina, sabab salian bisa lolos tina mara baya tapi oge musuh gerotna geus binasa atuh dengdemna geus kabales.
Tilu nyawa dulur-dulurna nu binasa lima taun kaliwat, kiwari geus lunas ku binasana bah Johor anu murag kajero jurang lalay nu aya lebakeun kampung ciSasawi.
Tepi kanu dituju, kasampak Kemed geus teu epes-epes, sakujur badana geus semu Wiru siganateh geus taya harepan kana salamet.
“Nini... geningan kaayaanana geus sakieu parnana?”
“Heueuh, oge euy. Pangpangnamah jarum, parat pisan kana tikorona. Tapi sagala kamungkinan bisa bae kajadian. Coba ku nini urang pariksa heula keteg jantung jeung napasna...”
“Nya sok nini, mangga...”
Harita keneh kemed ku siNini dipariksa. Dicabak urat nadina, dirampa napasna.. anu tetela sanajan kacida halona. Tapi jajantung kemed masih kumetug.. pon kitu deui napasna, masih ayaan keneh.
“Kumaha, nini?”
“Hehehe... aya bagja euy, manehna masih ayaan....”
“Tapi naha masih bisa disalametkeun?”
“Tangtu bae atuh, Karim. Hehehe...”
Harita keneh Kemed ku siNini ditarekahan. Jarum nu nanceb dicabut, tuluy diantelan tapas anu bisa nyerep rupa-rupa racun. Geus dibere tapas, tuluy kemed dicekok obat panawar Racun siNini.
“Tah ayeuna tungguan siKemed kumaneh, didieu. Nini rek mastikeun dua Jadug tiUjung Kulon, naha manehna geus binasa atawa hirup keneh?”
“Enya sok mangga, nini...”
“Mun siKemed lilir, gewat bere nginum sing loba...”
“Enya mangga, nini...”
Geus papatah kitumah, siNini cengkat, tuluy ngojengkang mariksa kaayaan dua jadug ti Ujung Kulon. Tetela maranehnamah geus binasa, puguh meh saawak-awak pinuh ku jarum racun milikna siNini anu diawurkeun ku hiji alat samodel sanjata api.
“Hehe... tetela alat siBuleteh kacida pisan hadena. Sakali nembakeun, welasan jarum aing bisa kaluar. Hehehe...”
siNini Jaliteng cengkat, tuluy leumpang kapalebah imahna bah Johor. Malah tuluy unggah kana golodog, kebat katepas malah asup kajero imah.
Ku Karim gerak-gerik siNini tuluy ditalingakeun, menehna oge heran rek naon siNini unggah kajero imah bah johor.
“Keur kitu, ngadadak Kemed humarurung. Karim gewat ngaluarkeun, buli-buli ngadon mere nginum Kemed saseubeuhna.
“A.. aduh... aduh...”
“Lakadalah, silaing geus eling kemed euy?”
“Naha urang geus dialam baka?”
Hus, urang hirup keneh. Aya bagja silaing masih bisa disalametkeun...”
"A.. aduh, sirah lieur. Tikoro peurih.."
"Wayahna singkuat, sabab mun sagala teu karasa. Hartina nyawa silaing geus ngalayang.."
Kemed teu byarita deui, manehna tukuy disarandekeun. Sedeng teu lila katembong siNini kaluar tiimah bah johor.
Beungeutna katembong kucem, kacaangan lantera nu oyag-oyagan dipanyaweran imah.
“Ha.. hampura kuring nini, teu ngagugu kana papatah nini...”
“Hehehe... nu geusmah eungeus, kemed. Nupenting musuh andika duaan geus binasa..."
“Ba... baruk! Kutan kitu, nini? Tapi kumaha carana?”
"Terangkeun kumaneh Karim, kumaha cenah carana?"
"Mangga nini..."
Derekdek geus kitumah karimteh, nyaritakeyn naon-naon anu geus kajadian. Anu mana manehna ngadenge anu ngagirowok, disusul kungagorobasna hiji jalma anu murag ka jero jungkrang.
Rengse karim cacarita, kadenge kemed tumanya bangun anu cangcaya.
“Jadi si Johorteh murag kadasar jungkrang, nini?”
“He,he,he... bener, euy. Lamun silaing cangcaya, nam bae ngajleng kajero jungkrang deukeut tangkal caringin gede pikeun ngabuktikeunana. Hehehe...”
“Duh, teu pisan-pisan nini. Ku... kuring percaya, kuring percaya...”
“He,he,he... alus-alus. Hehehe...”
Kocap ditempat sejen, teu jauh ti nu keur ngariung. Aya sapasang panon anu katembong beueus ku cipanon, saha eta anu keur ceurikteh? Taya lian ti siNdil murid bah Johor tea. Anu memang ti barang bah Johor kaluar, manehna oge nyerangkeun dijero imah.
Satadina manehna geus bungah, ningali guruna bisa ngungkulan nu jadi lawan-lawana.
#Hanca
#Dongsun_manggiok.

#siendil_siBocah_sakti
#ka_3

"Hmm... jadi dia nu nelah siJohorteh, hah?"
"Orakapino gawe, lur? Nya kaula kiJohor. Saha Anjeun? Terus terang bae kaulamah bet asa karek ningali anjeun duaan?" ceuk bah Johor malikan deui kana pananyana tadi, anu can sempet kajawab.
"Hmm.. ngaran kula Jukarsa! Tah, ieu dulur kula katelahna siBewok. Kula duaan katelah dua Jadug ti ujung kulon. Kunaon disebut dua jadug ti ujung kulon? Meureun ku dia oge kaharti..."
Ceuk eta jalma bari nyangegangkeun kadua sukuna, sikepna jumawa boga rasa ieuh aing pang jagona. Malah katembong kiBewokmah, bari ngagilir-gilir perah bedogna sagala rupa siga anu ngagigila musuhna.
"Terus kadatangan Andika kadieu rek nanahaon? Naha Andika rek andon bebela ka si Kemed jeung siKarim?"
"Kula teu boga urusan jeung ieu dua jalma. Ngan manehna nyebutkeun, majar di satatar priangan dia tacan kungsi aya anu ngelehkeun. Naha bener?"
"Kaulamah teu rumasa jago Sapriangan, kiJukarsa. Anu jagomah Anging Alloh azaawazala.."
"Hm, dia teu kudu ngasor. Tujuan ngaing datang kadieu ngan mungkul ndek ngabuktikeun, naha bener eta beja hanteu kosong..."
"Kasarna ngaing nangtang dia pikeun ijen ngadu jajaten..." siBewok mairan bari ngaacungkeun peureup anu sagede jeruk bali di kalebah beunget bahJohor.
"Hehe... lamun menang ngusulkeun leuwih hade ulah..."
"Naha?"
"Jurus-jurus Caladi Noktrok kula kadang sok lepas kadali, contona siKarim.. panona bocos sabeulah, akibat kacolok ku ramo kaula. Heueheu..." ceuk bah Johor, bari ngaleret kalebah karim, nu kontan ngaburileng ambeuk.
"Dia montong nyakompet daunkeun kula jeung sikemed katut siKarim, hhh!"
"Tapi naon untungna ijen ngadu jajaten jeung kula?"
"Disaksian ku siKarim katut siKemed Kula hayang ngabuktikeun. Yen dua Jadug Ti ujung kukon tetep jadi jago nomer hiji..."
"Hmm... atuh kumaha lamun urang tangtukeun, iraha jeung dimana tempatna. Ulah ayeuna, sabab ayeunamah geus peuting, bisi aya kasalahan leungeun. Antukna nimbulkeun hal anu teu dipihareup..."
"Teu bisa! Ayeuna nya ayeuna. Kajaba dia ngaku taluk, kakami duaan? Sabab naon? Sabab nu geus-geus ge, sok malah terus jicir bari nyawetkeun buntut..."
"Bener, satuju pisan kiJukarsa. Ulah mere kasempetan ka ieu jalma pikeun kabur.."
Karim mairan bari tetep dina kaayaan sayaga. Dua peso demit, geus nogel dina sabuk kulit lebah cangkengna.. siap dilempagkeun saperti halna tadi basa munggran datang.
"Hh! Dia montong milu nimbrung, karim. Awas, amun kula keur bitotama sia milu campur. Mangka dirieus tah boga huluteh, hh!"
Karim teu nembal, rarayna rada robah. Hatena panas oge, najan enya manehna kungsi menta tulung ka ieu dua jadug. Tapi lain hartina bisa dicacampah kitu bae. Jeung can tangtu dirina, eleh nun bitotama jeung kiJukarsa katut siBewok, kitu ceuk pamikirna karim mangsa harita. Sedeng kadenge bah Johor cumarita deui.
"Nya ari kahayang Andika duaan kitumah nya heug bae. Ngan lamun aya nanaon, ulah nepi kamanjang. Cukup ngan seret ayeuna bae..."
"Hmm... perkara eta tong salempang. Kula wani ngajamin, mun diri kula nepi cidera, mangka kahareupna moal aya nanaon...”
“Hehe... tetela Andika duaan cukup gagah kisilah. Lamun kitu, sor.. atuh urang mimitian. Terus terang bae, kaula mimiti katarik..."
Jleng-jleng... cacap bah Johor nyarita kitu. Jukarsa jeung siBewok langsung laluncatan, kahareupen kiJohor. Sabalikna kemed jeung karim mundur bari silih leret. Duanana silih kiceupan, pada-pada sapuk rek ngajalankeun rancana anu samemehna geus disiapkeun kalawan pinuh ku perhitungan.
Ditempat sejen, katembong siendil cinutnut. Hatena lain deui degdeganana, mireungeuh eta kaayaan. Najan kitu, manehna rada neundeun simpatik kaieu dua jalma. Sabab sanajan tagogna pikasieuneun tapi tetela duanana oge garagah jeung nyatria, sanajan memang boh dina ucapan jeung sikepna, teu weleh kasar jeung garihal.
"Heaahhh..." ngadadak kadenge, siJungkarsa mimiti muka serangan, ku ngagunakeun peureup katuhuna dina ulin Ombak Sagara. Peureup katuhuna langsung ngadius rek dipake ngicip-ngicip cukang irung bah johor.
Gilek, bah johor ngagilek kakenca, tuluy ngelid pigeulang leungeun lawan dina ulin potong tunggal. Tapi Jukarsa cinges, apal kana maksud lawan, sanajan manehna boga elmu kawedukan tapi sangsi pigeulangna kuat nahan eta kelidan. Ku kituna, samemeh peureupna bener-bener tepi, gentak ditarik deui sedeng siku kencana ngalayang rek ngabentur careham.
Hiuk... Plos! Samberan siku ngakan angin, sabab bah Johor ngalelepkeun badana dina ulin Barong-say, malah tuluy bah johor jingkrak.. Sabab kabireungeuh siBewok ngagajleng ti katuhu, bari najongkeun suku kencana nu jebrag ngarah tonggong bah Johor.
Seak kolepat, plos.. gebblig! Jejekanteh ukur ngahanca taneuh. Sabab meni ngan sakilat, bah johor ngisedkeun sukuna kakencana saeutik bari malik nyerong. Hiukk... ayeunamah bah Johor nyodokeun leungeun kencana, ngawangun caladi noktrok rek ngarah iga burung nu jadi lawana.
siBewok surti rikat luncat, bari ngepangkeun sukuna rek dipake nyepak pigeulang leungeun bah johor nu masih nyolodor.
“Jedak!” huadaww...”
siBewok ngagero, bari engke-engkean. Sabab mumuncangana, kalah kabetrik ku Pamatuk caladi. Sakitu ge untung, manehna boga elmu kawedukan teu aneh sakeudeung ge manehna geus bisa ngawasa deui dirina. Ngan anger bae hatena panas, teu nyangka karek sagebragan dirina geus kabeunangan.
Kacaangan ku lantera dipanyaweran, katembong tilu jalma geus sayaga deui. Masing-masing panona ting borelak seukeut, gular-giler bisi kapalingan gerak. Ari diluhur langit beuki meredong, hawa beuki karasa tiis.. malah teu lila ngan prul bae hujan girimis masehan pakarangan imahna bah Johor.
“Heaahh...”
"Yiiaahhh..."
Bareng jeung kitu kadenge siBewok jeung kiJukarsa ting gorowok tarik, matak ngaruntagkeun angen singsaha bae nu ngadenge. Kaasup siendil jeung Karim katut Kemed, duanana tepikeun kating rarenjag demi ngadenge gorowokna Dua Jadug tiUjung Kulon. Malah sabari ting gorowokteh, duanana terus jlung-jleng sarta ngahembatkeun masing-masing panarajangna. Najan kitu bah Johor tetep waspada, bari ngahuit manehna ge teu cicing.
"Heup-haittt, yiaahh..." "plo-plos!" wut-wut..."
Bah johor gulak-gilek miceun panarajang, sakali-kalieun males kujurus-jurus Caladi Noktrokna. Anu tangtuna bae oge pikeun ngayonan dua musuhna nu salangar.**
Saterusna tilu jalma ijen ngadu jajajaten. Mun Jukarsamah ngagunakeun jurus-jurus Ombak Sagara ku ngagunakeun leungeun kenca katuhuna anu but-bet diluhur, sabalikna siBewok seranganana murudul tihandap mangrupa sabetan-sabetan suku ngarah kuda-kuda, lir galura laut anu datangna tihandap.. anu mun seg nepi ka kena matak pites nu jadi lawana.
Tapi tetela bah Johor lain jago sakatiga, ku ngagunakeun jurus-jurus andeulanana serangan lawan bisa disingkahan, malah diladenan kujurus-jurus Caladi-Noktrok, anu dipariasikeun jeung jurus sapu djagat pikeun ngabendung serang-serangan tihandap nu dilakukeun ku siBewok.
Teu aneh lamun sababaraha kali kadenge sada benturan suku atawa leungeun nu diadu, sorana pating jareplak atawa ting beletuk matak linu anu ngadenge. Sarta tiap benturan kudu bae aya nu ngajarigjeg atawa pajengjar kuda-kuda. Sabenerna ieu kasempetan, teu weleh dimangpaatkeun ku Jukarsa atawa siBewok mun bah Johor ngadalugdeg, ngan mangsa lawana rek dipindo.. sok ngereles kitu bae, siga haseup anu bener-bener kaciri tapi teu bisa karampa.
Tilu jirim terus jojoh, teu nolih kana kaayaan anu beuki peuting bae, sababara urang warga lembur anu pareng ngadenge pating keteyep ngadon ngintip naon-naon anu keur lumangsung dilebah imahna bah Johor. Basa kumaranehna katingali, aya nu keur ragot tarung.. saurang ge urang lembur taya nu wani nyampeurkeun. Inggis ku bisi rempan ku sugan, kabalerang ku jago-jago silat anu keur ijen ngadu jajaten.Cc
Kocap Kemed jeung Karim, duanana cicing-cicing nyiapkeun hiji alat menang meuli ti Tuan Walanda. Eta alat mangrupa kotak pasagi panjang, dijieun dina kai jati.. ngan aneh, eta kotakteh badana barolong pinuh ku liang sagede jarum. Siendil anu nyaksian ti kaangan ngarasa heran, tapi manehna teu ngarti naon maksudna eta dua jalma metakeun laku lampah kitu.
Katembong eta kotakteh ditangtungkeun malah disanghareupkeun kapalebah anu keur bitotama. Teu lila, klik! Katembong kemed jeung karim mencet hiji tombol anu aya dina eta masing-masing kotak. Teu lila kadenge sada anu jejelegeran, disusul ku ngaburisatna welasan jarum ngahujanan tilu urang jalma anu kontan kaget.
Ngan leuir sanajan maranehna hasil nakis jeung nyingkahan, tapi diantarana aya anu kena nepi kaparat kana awakna.
"Aaa..."
"Auhhh..."
Dua jalma kontan ting jarungkel, bari jeung teerus kekejet.. sabab masing-masing jarum geus dikeueuman warangan anu kacida hebatna. Malah katembong, masig-masing awakna langsung wiru, tuluy palastra sapada harita.
“Kurang ajar, siah Jahanam...”
Bah Johor anu memang kuat kurupa-rupa racun masih bisa batahan, malah nyabut hiji racun nu nanceb lebah beuheungna. Kusakali ngalempagkeun eta jarum langsung melesat kalebah kemed.
Crep! Eta jarum parat kana tikorona, teu bisa dicegah atawa ditakis.
Kemed langsung ngoceak, awakna sorangan terus ngajungkel sarta ngagebru diana kaayaan asak semu wiru.
Berengbeng... Karim nu aya kasempetan hade,  malah jicir taya untupan pikeun ngalawan.
“Hhh! Montong kabur siah jahanam! Lamun poe jiwa Andika teu beresan, tangtu kajahatan Andika moal aya sudana. Dagoan siah!”
Ceuk Bah johor, susumbar tuluy ngabelesat ngudag karim.
Tetela najan awakna geus kabeunangan ku sabaabraha jarum, manehna masih sanggup batahan malah sempet ngudag Karim. Dua jalma ketembong ting beretek kalandeuhkeun, kadenge sora nu seah waktu rarambu jalan kadupakan ku nu keur lalumpatan.
Barang tepi ka sisi gawir, reug.. Karim ngeureunkeun lengkah sukuna. Manehna tuluy nguliwed katukangeun hiji tangkal ngadon nyumput dinu poek.
Sedeng kadenge sora lengkah suku bah Johor beuki ngadeukeutan tur semu berat.
SiKarim ngahenen, dbarung ku ratug jajantung.. inggis kubisi, rempan kusugan musuhna apaleun kapalebah dinya.
"Auww..." ngadadak kadenge sada anu humaregung, disusul ku ngagorobasna hiji jalma anu murag kalandeuhkeun..
#Hanca
#Dongsun_manggiok

#Dongsun
#siendil_siBocah_sakti
#Ka_5
Satadina manehna geus bungah, ningali guruna bisa ngungkulan nu jadi lawan-lawana. Malah basa nyanghareupan dua Jadug Tiujung-kulon ge, guruna masih kaitung menang angin. Sanajan dihurup tur lemor, tapi kaciri pisan guruna bisa ngalancarkeun serangan-seranganana anu ngabahayakeun. Sababaraha kali kumanehna kaciri, dua jadug tiujung kulon kabenangan. Nepikeun ka ting gedebut labuh, ngan ku daya tahana bae manehna masih sanggup nangtung puguh geus ngabogaan kakuatan batu karang.
Ngan sabada Karim jeung Kemed nyanghareupkeun dua kotak aneh tea, ngadadak kadenge sora anu ting beledag sababaraha kali.. disusul ku patig koceakna dua jirim malah guruna sorangan katembong sasampoyongan.
Teuing naon anu harita kajadian, katembong guruna ngagorowok bari ngudag siKarim kapalebah jalan satapak anu brasna kasisi lembur. Ari kemed geus katembong ngajengjehe teuing dikumahakeun.
Menang sawatara kedapan siendil bati hareugeueun. Ngan sanggeus rada lila tur kaayaan dikira aman, siendil mimiti mariksa kaayaan Kemed jeung dua jadug ti ujug kulon. Anu tetela sanajan awakna geus tariis, tapi kemed masih katembong nyawaan. Beda deui jeung dua Jadug tiUjungkulon, maranehnamah geus barinasa puguh meh saawak-awak kakenaan ku jarum demit anu ngandung warangan hebat.
Sanggeus sidik kanu sagala rupana siendil boga maksud rek asup eui kajero imah. Maksudnamah rek nungguan guruna anu keur nguber siKemed. Ngan bae teu kebat basa dilebak, hawar-hawar kadenge sora anu ting gerendeng.
Atuh niatna rek nungggan dijero imahteh jadi bolay, manehna ngadon nguliwed kasatukangen batu gede bari ngawaskeun kapalebah datangna sora. Buntelan pamahanan guruna ditatangkep, dibarung ku ratugna jajantung.. sabab tetela beuki lila beuki eces, nu tinggerendengteh bet lain guruna. Tapi sora Karim jeung siga sora Nini-nini.
Dajeung enyana, heuleut sawatara waktu tiharita. Ngadadak bae dua jirim ting puncengis kaluar dina hieumna tatangkalan, sanajan ukur kaciri jungkerengna wungkul. Tapi siEndil apal ka nu hijimah, nyatana karim anu tadi kabur ngaloloskeun diri.
Sedeng nu hiji deui, tangtungan anu begeng rangkejeng bari katembong kundang iteuk dina beusi tulen. Sanajan siendil teu apal ngan manehna geus bisa ngira-ngira, tangtu eta nu awakna rangkejengteh lain jalma bener. Buktina ngahiji jeung siKarim musuh guruna, bari kaciri Karim bangun anu manut pisan ka eta siRangkejeng anu tetela saurang nini-nini.
Dina jarak anu teu pati anggang, siendil ngawaskeun eta dua jalma. Malah sanggeus nulungan siKemed, kumanehna katembong siNini asup kajero bangun aya nu ditengan. Mimitinamah nyangka, eta siNiniteh neangan manehna. Tapi sanggeus diperhatikeun cukup lila, tetela sininiteh bet siga-siga ngincer hiji barang. Ngan barang naon? Manehna oge lebeng teu apaleun.
Cukup lila sinini aya dijero imah guruna. Malah kadenge hawar-hawar siNini kutuk geneng, dibarung kusora barang anu dibubat-babit ku siNini. Heuleut sawatara waktu tiharita, katembong siNini geus kaluar deui malah kadenge cacarita ka Karim bangun anu daria pisan. Ari kemed geus rada jagjag, sanggeus tadi diubaran ku siNini-nini iteuk beusi.
Sedeng teu lila antarana, kadenge ku siendil si Kemed tumanya dibarung ku sumengir nahan kanyeri.
“Sss... pa.. pangapunten nini, sa.. sanes kuring nyangsikeun kana kahebatan nini. Tapi kapanan siJohorteh katotol gagah sakti.   Naha nini yakin, eta mangkluk kiwari geus binasa?”
“Hehehe... tong salempang, siah kemed. Sanajan manehna gagah sakti jeung loba pangabisana, tapi jarum maut nini moal aya duana. Lamun dina waktu sapanyeupahan manehna teu buru-buru nginum obat panawarna tinini, dijamin manehna binasa.. teu beda tidua jadug ti ujung kulon tadi. Hehe...”
“E.. enya nini ku.. kuring percayalah...” ceuk Kemed deui, ditungtungan ku cengkat dina diukna.
“Tah ayeunamah hayu, urang tinggalkeun ieu patempatan...”
“Naha teu leuwih alus ngurebkeun heula dua Jadug, nini? Najan kumaha kapanan duanana ge geus daek biluk kaurang?” ceuk Karim ditungtungan ku ngaleret ka lebah dua jadug nu geus perlaya.
“He,he,he...! Antep bae naha. Ke ge kapanggiheun ku urang lembur. Malah nini yakin, kiwari oge manehna keur nenjokeun urang ti kaanggangan. Ngan bae maranehna nyarumput sarieuneun kabalerang ku urang. Hehe...”
Ceuk siNini ditungtungan ku ngagetruk-getrukeun iteuk beusina bangun anu ngagigila siendil jeung sababaraha urang warga lembur anu memang keur nyaksian ti kaanggangan. Sorana tepi kaeundeur, kawantu dina kaayaan peuting keur meujeuhna jemplang-jempling.
“Oh enya nini, kuring karek inget...” ngadadak karim cumarita deui.
“Inget kanu naon siah, Karim? Inget kanu hutang?”
“Ih lain, nini...”
“Ari meugeus inget kanu naon atuh siah?”
“Tadi teh basa kuring memeh bitotama jeung siJohor. Kasampak manehnateh keur cacarita jeung hiji budak, lamun teu salah manehnateh muridna. Tah naha teu leuwih alus eta budak sakalian diperenan? Ambeh, kahareupna teu matak jadi mamala pikeun urang?”
“Hm! Jadi siwowolekteh geus ngangkat murid kitu?”
“Enya nini, mun teu salah katelahna siendil...”
“Atuh kunaon teu nyarita tiatadi?”
“Karek inget nini...”
“Terus dimana ayeuna?”
“Nya dijero imah nini, siganamah keur nyumput...”
“Mustahil euy, sabab tadi kunini digaradah geus euweuh sasaha. Tong boroning manusa, euweuh cucurut-cucurut acan...”
“Waduh, siganamah geus kabur jauh, nini...”
“Hmm... bisa jadi euy, bisa jadi...” Panon siNini katembong muir, bangun anu keur nginget-nginget. Malah teu lila unggut-unggutan, ditungtungan ku seuri anu ngandung harti.
“Terus geus kieu kumaha atuh, nini?”
“Nya ayeunamah hayu urang balik, percuma lila-lila didieu oge...”
“Enya nining, mangga...”
Tungtungna nu tiluan carengkat, malah geus kitumah terus ting laleos ninggalkeun eta patempatan. Ninggalkeun siendil anu masih nyumput dibarung ku hate anu keur meujeuhna sedih sungkawa, dumeh nu jadi guruna kabejakeun tiwas tigurubag kajero jungkrang.
Menang sajongjonganmah, siendil teu wani kaluar kitu bae. Sabab inggis musuhna daratang deui, tapi parat nepi ka janari gede musuhna teu aya datang malah nepikeun ka brayna beurang siKarim katut baladna teu aya deui.
Wanci haneut moyan, kakara urang lembur jul-jol ngadon ngalongok siendil. Sakur urang dinya, hiji ge teu aya nu teu ngarasa sedih. Najan enya bah Johor lain pituin asli urang dinya, tapi kuurang dinyamah bah Johorteh geus dianggap dulur. Puguh salila aya didinya, bah Johor kakocap purah tutulung kanu butuh, tatatalang kanu keur kausahan.
Saha atuh mitra sabenerna bah Johorteh, kumaha kasangtukangna nepikeun ka bisa nganjrek tur mumusuhan jeung karim katut siNini anu kakocap kejem jeung telenges.
Supados ngentep entep seureuhna, sumangga urang pedar kumaha kasangtukangna siabah Johor nu sabenerna. Lima taun katukang mangsa keur usum ngijih, bah johor kabeuneuran keur ngiuhan dihiji saung jeung muridna nu nelah siendil. Pangna disebut endil, bongan tukangen ceulina aya daging jadi sagede siki jaat.
Haritateh wanci tengah poe, kaayaan keur meujeuhna moreret. Ngahaja bah Johor ngiuhan bari samemehna bebeja ka aki pangebon. Siaki teu kaberatan, atoh bae anu aya sabab aya batur ngobrol.
“Duh nuhun atuh aki, saupami aki teu kaabotanmah...” ceuk bah Johor bari ngecageun peuti leutik anu digagandongna.
“Bah guru, uing haus...”
“Ih hayang nginumah tinggal tanggah sujang dina pancuran nu ditukang...” Aki Suja nembalan bari nunjuk katukangeun saung.
siendil anu harita umurna karek 5 tauan teu ngomong, ngan torolong bae indit katukang ngadon nginum sapuasna.
“Ujangteh tas timana atawa rek kamana?” siAki mimiti ngajakan ngobrol.
“Nyeta ki gawe kuringmah kieu, we. Teu puguh anu dijug-jug. Nutur-nutur indung sukuteh lain sing bobohongan.
“Kacirina hidep lain jalma sambarangan, jalu. Naha hidep urang pasilatan?” Ceuk siaki bari neuteup seukeut ka bah Johor.
“Hmm... bisa di sebutkeun kitu, ki. Dunya kadugalan jeung kakerasan. Hhh...”
Ceuk bah Johor ditungtungan ku ngarahuh, bangun anu senggah tur jararauh paninengan. Siaki katembong unggut-unggutan, bangun surti kanu jadi bangbaluh abah johor.
“Dina hiji mangsa dunya pasilatan, bakal luluh ku kuwaktu. Dimana kakerasan jeung kadugalan taya hartina...” kadenge siAki cumarita deui, bangun ngawangwang kamangsa-mangsa datang anu can puguh kasorang.
“Hm, mudah-mudahan ki. Sabenerna kuring oge geus muak, kunu ngarana kakerasan jeung kadugalan. Tapi kamana bae kuring lumampah, eta kakerasan jeung kadugalanteh teu weleh ngadatangan kuring...”
“Garis katurunan hiji jalma, memang teu lepas karma tiluluhurna. Saperti halna aki, ti huluwotana rahayat biasa. Nya manjang nepi ka kiwari.. anak aki jeung incu aki jadi jalma biasa. Dimana menang kanyeri jeung katugenah, cukup kusabar jeung ngelehan bae. Tapi berkah nepi kakiwari, turnn aki paranjang umur teu paeh dirogahala jalma jahat. Beda deui jeung kaum jawara, paling banter umurna kuat nepi katengah tuwuh alatan binasa dina tarungan atawa aya anu ngarah-ngarah...”
Pikeun sakedapan bah Johor neuteup seukeut ka siAki najan kumaha, omongan eta aki-aki basajanteh aya benerna.
“Hhh! Caritaan aki memang aya benerna, ki. Tapi jaman kiwari, elmu kadugalan jeung kadigjayaan masih keneh diperlukeun. Pikeun ngabasmi jalma jahat anu purah ngacaokeun lembur atawa nyieun ka onaran...”
“Heheh... memang bener, jalu. Ngan ceuk aki ge tadi kumaha, hirup kikituan deukeut kana picilakakeun jeung pibahayaeun...”
Sabot kitu, siendil katembong geus norojol deui bari leungeuna mawa cai dina kukuk. Geus aya hareupeun guruna, song bae eta kukuk diasongkeun ka bah Johor.
“Lembur naon ieuteh ngarana, ki?”
“Ieuteh ciSasawi, sujang. Masih sahuluwotan jeung kampung ciHideung nu aya tonggoheunana...”
“Resep ki, kacirina ieu lemburteh makmur. Jauh dina karaman...”
“Ah, ceuk saha sujang. Justru ieu lemburteh aya dina cengkeremanana hiji gorombolan anu nelah gorombolan Ajag bodas...”
“Tapi kacirina ayeum aki? Siga euweuh nanaon...”
“Saperti anu tadi ku aki disebutkeun, yen urang dieumah leuwih hade ngelehan dari pada ngalawan maranehna nu kejem jeung telenges...”
“Kumaha mun ku abdi urang basmi, ki?”
“Ah, leuwih hade ulah sujang. Sing karunya ka urang dieu...”
“Naha ki bet nyarita kitu?”
“Kungsi sababaraha waktu kalarung, eta gorombolanteh diobrak-abrik ku para upas bawahan menir van Bulen. Tapi sababara taun tiharita geus kurunyung deui daratang ngadon ngaranjah. Enya ari aya pasukan upasmah eta gorombolanteh sarieuneun, tapi ari sababda pasukan upas euweuhma kitu deui we. Kalah tambah jahat. Jaba pasukan upas ge sarua gejulna, nu matak ah.. mending keieu we. Tis-tiis jahe. Hehe...”
“Tapi kuringmah lain pasukan upas ki, kuring janji bakal ngabsmi nepi ka akar-akarna...”
“Heu nya kumaha sujang we atuh ah, aki mah rumasa teu bisa nanaon...”
Ceuk aki suja bangun anu euweuh kahayang, bisa lepas tina gemgeman gorombolan ajag bodas.
“Iraha biasana maranehna daratang ki?”
“Engke eputing ge, boa moal ngurunyung geura. Menta ingon-ingon jeung hasil palawija...”
“Mun kitu, ku kuring urang sanghareupan ki. Malaur kuringmah purah ngabasmi jalma jahatanu purah ngarugikeun jalma liana...”
“Heu nya tadi ge kumaha sujang we etamah...”
#Hanca

#Dongsun
#siendil_siBocah_sakti
#Ka_6
Ceuk siAki humanear. Ari bah Johor ukur seuri pait bari ngised kana palang dada, geus kitu ngusiwel kana dompet bako nu nyelap lebah cangkengna.
Sabot manehna ngalinting daun kawung, ti kaanggangan rentang-rentang aya nu datang, awewe kolot bari rebo ku babawaan.. horeng pamajikana siAki nu geus ngabaku datang nganteran.
Beuki lila sinini beuki deukeut, malah ahirnah ngan jog bae anjog kahareupeun saung.
"Horr... geningan aya tamu?" Ceuk sinini someah bari ngecageugkeun babawaanana.
"Ah, kaleseren bae ma abdi ngiring ngiuhan teu kiat kupanas..."
"Hehe... kukaleresan atuh, urang sakalian bae sujang ngariung nya..."
"Horseee..." ngadadak bae, sindil surak. Mun bah johormah, kontan molotot sabalikna sinini jeung siaki angur arimut, kagugu ku polah sibocah nu memang masih polos.
“Putra atanapi saha ieuteh sujang?” Kadenge sinini tumanya, bari ngaleret ka siendil.
“Murid ieuteh ma, karunya geus pahatulalis. Manehna kapanggih, di sisi leuweung nalika umur tilu taunan...”
“Oh kutan kitu, sujang. Mh, deudeuh teuing. Sok atuh, urang balakecrakan jeung ema..”
Ceuk sinini nga emakeun ka siendil.
“Asikkk! Nuhun ma…” siendil anu memang masih polos, geus teu era-era langsung sila mani anekak. Atuh geus kitumah, ngan brak bae salarea taruang ngadon balakecrakan.
Sarengsena taruang, bah johor katut siaki nu nelah kipadma langsung ting pelenyun. Ari sinini langsung beberes, malah langsung gegeroh ambeh tepi ka imah wawadahan geus balersih.
“Jadi keukeuh hidep hayang ngabasmi eta gorombolan, sujang?”
“Kantenan ki, eta oge lamun kawidian ku aki jeung sakurna urang lembur...”
“Naha ai sisujang resep ngurusanan nu karitu, sasat urusan batur...”
“Sabab eta mangrupa peupeujeuh ti guru kuring, ki. Ke ge ieu budak nyatana siendil murid kuring bakal dititah kitu. Ngabasmi kaangkara murkaan..."
SiAki katembong unggut-unggutan malah kadenge manehna nyarita deui.
“Dalah dikumaha, denget kiwari jalma-jalma anu ngabogaan pamikiran samodel hidep memang dibutuhkeun ku sakumna rahayat nu keur katalangsara. Da enya, mun kaaramurkaan taya nu ngabasmi, kaayaan moal imbang...”
“Hatur nuhun, ki...”
#Dilajeng_kanakomen_ig

#Dongsun
#siendil_siBocah_sakti
#Ka_7
Urang uihan deui sakedik, mitra...
Heuh itung-itung tanda kadeudeuh jeung pangeling-ngeling ti nu jadi guruna...
Gerentesna siendeil bari terus ngalengkah ninggalkeun imahna nu geus borak-barik. Tepi ka sisi jungkrang siendil tunga-tengo kahandap, susuganan bae layon guruna kapanggih. Atawa urut-urutna baemah kaciri, saperti rebahna tutuwuhan urut kagaley ku awak guruna.
“Mh, naha bener kitu  anu di omongkeun ku siNini jeung siKarimteh? Yen bah guru murag ka jero ieu jungkrang dibarongohan? Lamun teamah kitu, awas siah! Jaga lamun aing geus gede tur masagi? Tangka dibales siah kuaing! Hutang uyah dibayar kuuyah, hutang pati dibayar deui kupati!" Kitu ceuk siendil bari ti pepereket ngeupeulkeun peureupna nu laleutik.
Inget ka siNini kabayang deui nalika keur ngubrak-ngabrik saeusi imah.
Duh, aing jadi panasaran hayang turun pikeun mariksa. Tapi naon sabenerna anu diteangan ku eta nini-niniteh? Da piraku neneangan aing nepi kalaci jeung bupet leutikmah...”
Ceuk siendil bari kerung, gek.. tuluy diuk luhureun akar. Buntelanana anger dilalahun.. nepikeun ka sarupa pikiran ngolebat jeroeun sirahna. Gewat bae eta buntelanteh dibukaan,  teu kira-kira sindil ngagebegna basa kabireungeuh diantara pakeanana aya hiji buku leutik saukuran amplop.
“Aeh-aeh, buku naon ieu? Naha kiGuru teu bebeja lamun dina buntelanteh aya buku leutik?”
Ceuk siEndil bari terus ngilikan eta buku. Dibaca lalaunan, tetela eta bukuteh mangrupa hiji buku palajaran silat anu dijerona pinuh ku gambar jalma keur masang jurus. Malah diantarana, aya gambar jalma nu sakur badana pinuh ku garis-garis beureum nu pajurawet.
"Mh, boa sininiteh ngincer ieu kitab? Tapi naha samemehna bah guru teu kungsi nyabit-nyabit ngenaan ieu kitab. Aneh..."
Kitu ceuk gerentesna siendil, bari terus mukaan eta kitab kalayan taliti.
Beuki kadieu, beuki tetela eta kitabteh loba gambar-gambar ramo anu ngawangun pamatuk caladi. Nu nitik beratkeun kana gerakan-gerakan ramo leungein ngawangun pamatuk manuk Caladi.
“Mh, boa-boa ieu anu diincer ku siNini jahateh. Kitab Jurus Caladi Sakti...”
“Hehehe... sukur bagja kunanjangan, incu. Hehe...”
“Sa.. saha?”
Ceuk siNdil rewas, buru-buru buku diasupkeun kajero buntelan deui. Sedeng panona, melong kapalebah datangna sora. Ana breh.. hiji nini-nini geus ngajanteng teu jauh timanehna diuk.
“Hihihi... ieu nini hideup, jalu...”
“Nini? Nini ti endi kuringmah teu boga nini-nini jahat samodel anjeun. Hhh!”
Ceuk siendil bari ngorejat, panona ngagebur hurung ras inget kana katelengesan sinini ka guruna nyatana bah Johor.
“Teu menang nyarita kitu, cu. Coba kadieukeun eta bukuteh, nini hayang ngilikan. Hehe. Heup...”
Sedeng biwirna nyarita kitu, sedeng awakna geus ngajorelat bari nyamberkeun leungeun katuhuna rek ngarebut buntelan siendil. Tapi lain deui siNini kagetna, basa samberan leungeunateh poos ngajambret angin. Ku itungan kusakali ngarebut, tangtu buntelan eta budak pasti benang. Tapi teu sangka gerakan siBudak cukup cepet.
“Andika hayang ieu buku? Hhh! Teu gampang nini-nini jahat...” Ceuk siEndil mapanas.
“Kurang ajar siah, tetela siJohor geus nurunkeun elmuna...”
“Hhh! Tangtu bae...”
“Montong loba omong siah, kadieukeun eta buku. Sabab etateh buku nini, nu dipaling ku siJohor. Heup...”
Ceuk siNini bari nyusul tepus ku jambretan-jambreta leungeun, ngagunakeun ramo-ramona nu ranggoas. Tapi pikeun kasakitu kalina tetela, siendil mampuh nyingkahan searangan-serangan sinini. Tetela siendil cukup lingas, tepikeun ka siNini ahirna beak kasabaran nana.
"Nyaan geningan siateh, lingas, bocah! Heup, yiaahh..."
Ngadadak bae awak siNini ngiles hareupeun sindil, sedeng sagulung bayangan hideung kokolepatan ngurung awak siendil nepikeun ka taya lolongkrang pikeun ngejat.
siNini jaliteng memang telenges, manehna teu mikir lamun eta seranganteh ditujulkeun kahiji budak anu umurna paling banter 10 taunan.  Manehna teu mikir, lamun jurud-jurusnateh bisa ngabahayakeun jiwana siBocah tanggung.
Nu aya dina pikiran siNini, kitab Caladi Sakti anu salila ieu jadi inceranana. Sasat kaimpi-impi beurang jeung peuting.
“Hiuk, kolebat wut-wut-wut... duk!”
“Ayaw...”
Siendil ngoceak, basa dampal leungeuna bentrok jeung ramo-ramo siNini anu teuas lir garuk waja. Kontan bae awakna tijengkang, malah terus tebebet bari burial buncelik. Dadana karasa eungap, leungeuna nyeri tepikeun ka ngarasa lumpuh. Najan kitu, sabida-bisa sindil tetep tenang malah cicing-cicing manehna ngerahkeun tanaga jerona warahan ti bahJohor guruna.
“Hehehe, sok siah.. dek dikadieun moal?”
Ceuk siNini bari ngalengkah ngadeukeutan. Sindil teu nembalan, sasat keur ngerahkeun tanaga jero keur ngusir rasa nyeri tina leungeun jeung dadana.
Basa kanyerina ngurangan, kasarasa pigeulang leungeuna geus aya nu nyekel pageh lir dicapit gegep.
Siendil muringis, basa panyekel siNini terus dipageuhan. Najan kitu sindil teu nyerah, malah kalawan pinuh ku ka ijid neuteup beungeut siNini anu memang pikasieuneun.
“Hehehe... masih tacan nyerah? Heg siah, montong nyalahkeun nini lamun leungeun sia remuk. Hehe...”
“Nya heg, nini.. kuring nyerah. Tuh cokot...”
Bari lung.. siendil ngalungkeun buntelan ka sisi gawir. Puguh bae sinini rewas, inggis eta buntelan tuluy ngagorolong ka jero jungkrang.
Gentak siNini ngalepaskeun cekelanana, tuluy ngajorelat mulung buntelan sindil. Geus deukeut tuluy dipulung, sarta rugah-rogoh neangan kitab. Rarayna katembong marahmay, biwirna nu karijut surungah-serengeh.
“He,he,he... ahirna teu burung kapimilik oge ieu kitabteh. Hehe..."
“Hhh! Jadi eta sabenerna nu jadi inveran anjeunteh nini jahat?"
"Hehe! Memang kitu pisan, cu..."
"Hhh! Tapi teu sagampang kitu, nini jahat...”
“Naon? Naon maksud Andika, budak?”
Ceuk siNini Jaliteng bari kerung. Hatena ujug-ujug was-was ku sikep jeung caritaan eta bocah.
"Teu kudu loba omong! Dakeudeung deui ge bakal kasaksian ku sorangan. Naon nu bakal kajadian.  Bah guru, geus waktuna bah guru kaluar...”
“Naon? Na.. naha si... johor masih hirup?” raray sinini nepi kasepa, awakna ngeleper demi ngadenge ucaoan siendil. Hatena langsung peot, demi musuh bubuyutanana disabit-sabit ku sindil.
“Bah guru kaluar, sinini geus aya didieu..."
“Asu cilik siah...”
Nyali sinini bener-bener ciut, ngan belesat bae manehna lumpat kabur ninggalkeun eta patempatan.
Pletak! Ku siendil dibaledog, pas meneran kena kana bujurna. siNini beuki jicir, disangkana bahJohor bener-bener muncul sarta rek males pati.
"Haha! Tuluy udag bahguru, tuman. Warah meh teu nyusahkeun deui urang kahareupna..."
Ceuk Siendil iirihilan, basa ningali lumpat sinini tepikeun ka ti paparatit.
Hatena bener-bener sugema, pikeun sakedapanmah manehna bisa mopohokeun katugebah hatena.
Sanggeus sinini jauh teu katingali, ngan gek wae siendil diuk diurutna tadi.
Malah ngan huleng bae, siendil ngahuleng. Bingung ku pilampaheun saterusna.
“Mh... dasar nini-nini gejul! Awas siah mun aing geus boga pangabisa? Diwarah kuaingmah...” ceuk siendil mimiti kukulutus deui, najan kitu hatena tetep bungah sabab bisa lolos dina marabahaya anu di timbulkeun ku siNini.
Untung tadi manehna tetep tenang, nepikeun ka sarupa ingetan muncul pikeun ngagebrag siNini. Hasilna diluar dugaan, siNini anu memang kacida gigisna ku bahJohor langsung percaya malah terus jicir nepi ka ti buburanjat lir di diuber setan.
Sanggeus kaayaan aman, siendil nyampeurkeun buntelanana. Kop dicokot, tuluy dipariksa eusina. Tetela bedog karuhun guruna masih aya, anu untungnateh siNini jaliteng teu nepi ka apaleun. Da cacak lamun apleun, tangtu moal luput tina kasarakahanana eta nini-nini. Uluh waktona tos wengi, enjing dai ah. Cag!
#Hanca
#Dongsun_manggiok
#Dongsun
#siendil_siBocah_sakti
#Ka_8
Dibarengan ku hate anu nalangsa inget bae kunasib guruna, sindil tuluy nurunan jurang lalay landeuheun lembur ci sasawi.
Turun lalaunan bari kumarembing kana akar atawa jangkar, manehna geus teu mikirkeun kumaha mun engke hayang naek.
Ditengah-tengah gawir sindil teu weleh luak lieuk neangan layon guruna, tapi nu diteangan weleh teu japanggih. Padahal boh nu deukeutna, boh nu jauhna.. kabeh dipapay kupaneuteupna. Sugan jeung sugan, layon guruna kapanggih. Pangpangnamah kapalebah handapeun tangkal gintung, nu ceunah ceuk sinini dipalebah dinya ti gurubagna.
Tapi sanggeus dipaluruh ku paneuteup sakitu jauhna, anger layon guruna teu kapanggih. Malah nepikeun ka jlekna, ka dasar jurang tetep layon guruna euweuh.. teu ka panggih urut-urutna acan...
Siendil jadi ngahuleng,
"Aneh? Naha kamana cenah layon kiguru nusabenerna? Naha bet teu kapanggih? Moal kitu geus digusur ku sato galakmah? Tapi... piraku bet euweuh urut-urutna acan. Aneh..."
Kitu ceuk siendil bari terus larat-leret.
baemah aya. Tapi.. keun ah, engke deui neanganana. Ayeunamah aing kudu leureuh heula..."
Kitu ceuk pamikir siendil harita bari tuluy nyisi kahandapeun tangkal kai.
Kabeuneuran, didinya aya tangkal manggu anu buahna keur meujeuhna meuhpeuy alaeun. Atuh siendil bungah, sabab manehna moal kalaparan teuing.
Sanggeus siendil seubeuh ngeusi beuteung, tuluy bae manehna neangan tempat nurada mernah. Kabeuneyran, manehna manggihan dahan anu rada gede tur lecir.
Teu talangke terekel bae manehna naek, sanggeus mernah ngan goledag bae naggoler bari pikiranamah manteng bae ka bah Johor nujadi guruna.
Inget ka guruna, bet ras deui kanu jadi musuhna nyatana karim jeung kemed anu dibantu ku siNini. Anu cenah boga ngaran nini Jaliteng. Mun ras inget ka siNini, hatena sok ngetab panas. Ambek jeung dengdem ka eta nini, pamikirna lamun dina hiji waktu dieina geus masagi manehna gudu males pati.
Saking ku antengna mikir, ngan reup bae manehna peureum sare luhureun tatangkalan nepikeun ka tibra naker.
Isukna siendil ngarenjag kahudangkeun ku sora anu ribut, najan siendil budak keneh. Tapi kusabab geus asak latihan, ngalantarankeun sakur urat sarapna kesit.. harita ge, langsung bae awakna hudang bari neuteup lapalebah kaler.
"Aeh-aeh.. aya naon ieu?" Ceuk siendil bari dengdek, sedeng panona diputerkeun kasabudeureun eta patempatan.
Ari sora nu ributeh bet datangna ti sora-sora puluhuan monyet. Raong dosarada ting jerewet, kadenge kajauhna disabudeureun dasar jungkrang.
Siendil hiji budak anu ludeng tur wanian, sanggeus sidik timana datangna eta sora, ngan sorosod bae siendil turun diluhur eta tangkal. Geus tepi kana lemah, ngan beretek bae manehna lumpat kalebah datangna sora.
Kusabab dasar jungkrangteh, rembet.. atuh siendil teu bisa gancang lumpatna. Jaba loba regang anu sareket jeung cucukan, anu matak raheut kana kulit.
Sanggeus cukup lila kukurusukan dinu bala, ngan srog bae ahirna siendil tepi kahiji tempat.
Nyatana sisieun walungan anu cukup gede, sanajan kitu eta tempat cukup lalega.. sisi-sisieunana loba tutuwuhan jeung jukut pendek kayaning, babadotan jeung nu sejena.
Anu matak kaget pikeun siendil, tetela puluhan monyet teh keur ting jerewet ngariung-riung hiji sato jangjangan. Buluna meles, ceulina rebing sarta sungutna pinuh ku sihung anu ranggeteng.
"E-eh... sato naon eta? Gening... gening etamah siga kalong gede?"
Ceuk siendil bari nyerangkeun mahluk, anu keur kukuyungkungan. Sababaraha kali jangjangna dikeprek-keprek, siga nu hayang hibeur tapi teu bisa. Kusabab eta kalongteh gede, teu aneh lamun tiap jangjangna di keprekkeun. Sok ngadatangkeun angin, anu kacida gedena.
Siendil memang hiji bocah anu luar biasa. Mun kalolobaana budak sagede kitu bakal soak ningali eta mahluk, tapi siendilmah bet sabalikna.
Kalawan pinuh ku kapanasaran manehna beuki ngadeukeutan eta kelong. Ebreh, sing horeng eta kalongteh keur nandangan tatu anu kacida hebatna. Palebah jangjangna katiruk tumbak, nepikeun ka parat.
"Mh, paingan teu bisaeun hiber da geningan jangjangna katiir tumbak..." Ceuk manehna beuki deukeut. "Na saha cenah jalmana anu geus tega ngalakukeunana nepikeun katatu parna saperti kieu...?"
"Iiikk...." Kadenge siKelongteh disada, bangun anu trs rasa. Sorana tarik nepikeun kahandaruan mun dijelemamah siga anu menta tulung.
"Oh enya, lamun teu salah ieu kalongteh sok katingali mun kasorenakeun. Aing mindeng ningali mun sakalieun keur ngadaweung jeung bah guru. Malah teu jarang aing nanyakeun ka bah guru ngenaan ieu kalong. Tapi bah guru cukup kungajawab nyebut teu nyaho.
"Tapi aneh bah guru, sakapeung kalingteh sok eunteup teu jauh ti imah. Siga nu ices pisan katingalinateh..."
Ceuk siendil harita bari nunjuk kana tangkal loa, dimana aya nu ngadungkuk ngagulantung sungsang!
Haritamah katingalina eta kalongteh teu pati gede, tapi kiwari sanggeus sidik aya hareupeuna kalongteh kedena meh sagede kolot dewasa. Jangjangna bae oge rubaj, aya kana tiku meteranana.
Keur kitu kelepek, ngadadak sikalongteh ngelepek siga anu paeh. Sontak bae, puluhan monyet nu ngaronom beuki gandeng ting jerewet nepi karaeng sarta kadenge kajauhna.
Ningali kaayaan samodel kitu, siendil rewas.. aneh nu kabayang dina kongkolak panona, kacirinateh eta kalong siga hiji awewe anu ngalengerek kapuhan, puhu leungeuna katiruk
tumbak nepi kaparat .
Jleng... Ningan sakilat siendil luncat, ngadeketan eta kelong.
Tembong lebah tatuna bukekeng bareuh, tumbakteh mani parat pisan nembus ka kukit jeung daging lebah puhuna pisan.
"Mh, nepi kasakieu parahna ieu tatu kalongteh? Keun along, sabisa-bisa ku uing Andika bakal ditulungan..."
Ceuk siendil bari ngan breth.. bae, tumbak dicabut. Atuh burial, getih kentel langsung ngaburial ngabeulwugeudeur kana karees walungan.
Gentak bae, eta tatu ku siendil diperban. Sangkan getih, teu trs uoaweran. Heus kitu, manehna notok sababaraha bae gea urat, nu qya disakuliaheun tatu. Sangkan baal jeung mun rek dibersihan, getih teu terus juuh.
Sabggeus merban tatu, tur mopokan ku dangdaunan nu anya disabudeureunnana.
 kacirina eta kelong kajebak didinya geus aya kana 3 poean.
Teu loba pikir, harita eta kalong ku siendil disampeurkeun. Tapi ngadadak bae puluhan monyeteh tinggarajleng megat jajalanen, bangun anu hayang nangtayungan eta ratu kelong.
"Eh, wanara! Tong ngahalangan, uingmah teu boga maksud jahat. Uingmah kur hayang nulungan ku elmu katabiban anu di piboga ti bah guru..."
Ceuk siendil bari ngarandeg, nyarita ka welasan wanara anu ngaregreg. Aneh, puluhan monyet siga nu ngarti. Harita keneh, nyarisi mere jalan ka siendil..
Sanggeus tepi gigireun kalong nu ngagoler, pikeun sakedapan siendil ngabirigidig. Sabab tetela, ti kadeukeutanmah beuki jelas eta kelongteh bikang. Kaciri dina susuna nu nulad-aled, tapi beungeutna nu pakasieuneun ronana bangun anu sangsangra.
Harita keneh, ku siendil eta kalongteh dicekok obat tiguruna.
Saterusna eta kelongteh, kumanehna digusur kanu rada luhur. Handapeun cadas nu gede luhur.
Kirawanci panon poe lingdur ngulon, katembong kelongteh lilir. Kadenge sorana anu ngagerit, mun jelemamah siga nu humarurung.
Ret matana nu colat ngaleret ka suendil, moncingna nu siga beurit ngarenyohan.
"Iiikkk..." Kadenge sikalong disada, bari matana ngawaskeun ka siendil.
"Teu kudu sieun, uwingmah lain jalma jahat. Malah lamun dipercaya, anu ngubaran anjeunteh kuring. Ngan mujarab henteuna ubar kuring anging alloh anu nangtukeun..."
"Iiikkk..." Sikalong disada deui bari manggut-manggut.
"Ayeunamah dagoan didieu, uwing rek neang hakanen keur maneh. Naon kabeuki maneh? Sabangsaning bubuahan atawa naon?"
"Iiikkk..." Anehh puguh ge, kalongteh siga anu ngarti.
"Heug kuuing cuang mang neangankeun cangehgar atawa kasintu atawa mun aya kelenci..."
"Iikkk..."
Samemeh siendil turun dina batu, ngadadak bae kalebah dinya aya nu plak-pli-pluk murag. Basa dileret, tetela bungbuahan anu dialung-alungkeun ku puluhan monyet bari ting jerewet.
Ningali kitu siendil kerung, teu nyana lamun manehna bakal dikiriman kadaharan ku panguni eta jurang.
"Oh.. jadi anjeunteh vegetarian, along?"
Ceuk siendil cumarita, bari leungeunamah tup-top mulungan bubuahan anu di alung2keun ku monyet.
"Tetela sanajan rupa anjeun pikasieuneun, tapi gening loba anu bumela kamaneh, along..."
"Iiiikkkk..."
siKalong nembalan, bari nyarende kana tembok gawir siga jelema.
"Lamun maneh teu sanggup dahar ku sorangan, heug ku ueing urang huapan..." Ceuk siendil bari harita keneh, ngahuapan eta kalong. Siga nu ngarti kana kahadean eta budak, sikalong calangap tuluy mimiti ngadahr bubuaham anu di asongkeun ku siendil.
Sanggeus seibeuheun, diendil nyisi bari diuk dinu rada anggang. Malah sanggeus kaciri taua galafat nu nu ngabayakeun, dua monyet gefe ge indit teuing kamendi.
Isukna suemdil ngagebeg, basa lilir kelongteh geus euweuh di tempat, tapi basa tanggah.. hiji bayangan, ngagayabag turun tuluy eunteup dina daham tatangkalan.
"Iikkk..."
"Anjeun geus cageur Along?"
Ceuk siendil heran, kukamajuan eta kelong.
"Ikkk..." Sikelong disada nembalan.
"Nya sukur atuh ari geus cageurmah..."
"Iiikkk...."
Sikalong dusada deui, sorot panona aneh siga nutumanya.
"Uing keur neangan abah guru, anu murag kajero ieu jungkrang. Tapi geus di kotektak kaditu-kadieu abah guru tetep teu kapangggih.."
SiKalong unggut-unggutan
Ngagagak bae, sikalong nyirirot sarta nyamber diendil.. lusbab gerakan kalong kacida ceoetna, siendil teu bisa ngjat ntaho2 e geu dibawa hibeur...


#Hanca
#Dongsun_manggiok

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Asal-usul Raja Kelong

Sasakala Raja Kelong 1.  Buronan.  iji Lalaki katémbong nangtung luhureun bangbarung dihiji tepas imah, panona lurat-lerét kalebah ting jaregjegna tatangkalan jeung dapuran awi nu poék teu kacaangan cahaya bulan. Geus sidik euweuh sasaha manéhna tanggah kaluhur, nénjokeun bulan nu keur meujeuhna moncorong. Rénghap... manéhna ngarénghap semu nu senggah. Kalérét méga bodas nu ngayang disabudeureunana kumalayang katiup angin, nyiptakeun pamandangan luar biasa, saolah-olah bulan keur balayar dilautan méga.. nyiriwik tarik lir tutunggangan Putri Pohaci diBuana nyungcung. Angin karasa tiis-nyecep kana kulit silalaki, nu ngan ukur dicalana sontog jeung libetan kaén sakadar panyinglar tiris. Buuk nu hideung meles seret taktaktéh ririaban katebak angin, matana nu seukeut terus larat-lerét niténan sabudeureun imah bangun anu rempan aya jalma sejen di eta patempatan. Sanggeus sidik diluar taya sasaha, silalaki nu umurna paling banter kana 25 taun-an téh  asup deui kajero imah...

#Uru_ara_Cameti_Galing #Episode_SiInjukkawung #Tamat

#Uru_ara_Cameti_Galing #Episode_SiInjukkawung #Tamat “Barang? Naha barang na.. nanahaon atuh, anu… anu dimaksud ku anjeun sakabehteh, Nyai mayang?” “Hihi…” nyai MAyang angur ngaleret ka Antingwulan anu salila ieu disebut anakna. “Antingwulan, naha bejakeun?” “Bejakeun bae aceuk, supaya manehna teu paeh panasaran…” “Hihihi… nya heg atuh, ari kitumah Anting. Dengekeun Widura, bisi Andika hayang nyaho. Barang anu salila ieu diincerteh mangrupa peta pusaka tempat paneundeunan harta karun milikna Tarumanagara samemeh runtag! Tapi… lain harta-hartana teuing pikeun kami duaan anu dipikahayangnamah…” “Lamun lain harta, naha kana naona atuh…” “Kitab pusaka Rajakelong deuleu, anu mana eta kitab mampuh makieuhkeun jalma tangka Abadi teu kahontal ku malakal maut….” “ Hhh? Memangna aya kitu, elmu… elmu sa… sarupa kitu?” “Tangtu bae aya deuleu. Hihihi…” “Jadi… jadi.. eta alesanana pangna Anjeun saparakanca, nyieun rajapati diCametigaling?” “Bener!” “Saha Anjeun nusabene...
#Uru -ara_Cametigaling #Episode_siInjukkawung #Bagean_ka_6_s /d_10 “Kolepatt…” lir kalangkang ngaliwat, jirim kiWidura geus ngalengit samemeh anu gura-gero daratang. Ti kaanggangan ku kiWidura katingali, anu daratangteh memang juragan Adipati katut parasenapatina, malah aki patih Darbaseta oge aya.. milu ngariung-riung nyimas Antingwulan.*** #Kasakit aneh Pikeun sakedapan manehna ukur ngawaskeun dinu bala, manehna sadar teu aya jalan deui pikeun kaluar salian ti eta liang guha. Ku kituna kalawan sabar, manehna nungguan didinya ngadagoan kaayaan sepi. Sanggeus rombongan juragan Adipati arasup kajero, manehna tuluy bae kaluar. Tapi basa rek asup, dijero aya nu norojol manten sing Horeng nyai mayang Indungna Antingwulan tea. “Ju… juragan…” pokna rada kaeraan. “Andika ulah wara asup kajero, widura. Sabab dijero masih keneh loba nu jaraga…” “Oh.. unjuk sumangga, juragan…” “Angurmah kadieu, ibu aya picaritaeun…” Ceuk nyai mayang, kitunateh bari nungtun pi...