Sasakala Raja Kelong
1. Buronan.
iji Lalaki katémbong nangtung luhureun bangbarung dihiji tepas imah, panona lurat-lerét kalebah ting jaregjegna tatangkalan jeung dapuran awi nu poék teu kacaangan cahaya bulan. Geus sidik euweuh sasaha manéhna tanggah kaluhur, nénjokeun bulan nu keur meujeuhna moncorong. Rénghap... manéhna ngarénghap semu nu senggah. Kalérét méga bodas nu ngayang disabudeureunana kumalayang katiup angin, nyiptakeun pamandangan luar biasa, saolah-olah bulan keur balayar dilautan méga.. nyiriwik tarik lir tutunggangan Putri Pohaci diBuana nyungcung.
Angin karasa tiis-nyecep kana kulit silalaki, nu ngan ukur dicalana sontog jeung libetan kaén sakadar panyinglar tiris. Buuk nu hideung meles seret taktaktéh ririaban katebak angin, matana nu seukeut terus larat-lerét niténan sabudeureun imah bangun anu rempan aya jalma sejen di eta patempatan.
Sanggeus sidik diluar taya sasaha, silalaki nu umurna paling banter kana 25 taun-an téh asup deui kajero imah. Reup... diluar poék, cahya cempor nu mawur diburuan pareum kahalangan panto nu ditutupkeun.
Kasampak dijero pamajikanana geus nungguan, émok luhureun palupuh nu geus leucir. Malah kadéngé si Awewe tumanya, sorana semu alon turta lirih.
“Kumaha kakang, naha diluar aman teu aya sasaha?”
“Aman rayi. Tong boroning jalmi, euweuh kerud-kerud acan.. atuh komoi deui jalmi nu ngalanto ka ieu patempatan...” Walon siLalaki bari diuk hareupeun nu ngabadan dua.
“Sukur atuh upami kitumah, kakang. Ka abdina oge janten reugreug. Tah kukituna, tos waktosna abdi ayeuna nyepén nitiskeun ka sakti ka siJabangbayi nu nyangkaruk dina patuangan abdi...”
“Enya mangga, rayi. Tapi... naha teu aya jalan séjén enggoning narékahan ieu masalah?”
“Rupina moal tiasa, engkang... Margi ieu tos mangrupikeun katangtosan tiluluhur abdi. Yén sakur-sakur turunan Ghanapurusa tarutami istri, mangka kedah nitiskeun kakuatanana mun seg kakandungan. Margi.. upami dilanggar, bisa ngabahayakeun boh kanu ngandungna pon kitu deui nu dikandungna...” Silalaki nu taya lian salakina unggut-unggutan, ari siAwéwé kadéngé cumarita deui,
“Tah kukituna, panceg tengah wengi engké... sabada kakuatan abdi nitis. Abdi baris janten istri biasa, hiji istri nu lemah tur héngkér nu sagala-galana gumantung kana panangtayungan salira engkang.”
“Naha kalebet sagalarupi elmu silat rayi?”
“Teori atanapi ajarananamah moal dugi ka ilang, engkang. Margi etamah napel dina emutan atanapi otak abdi. Mung bae, tanaga lapisan sareng kakuatan Ganapurusa abdi tanmgtos bakal ilang nitis kana waruga siUtun Inji...”
siLalaki katémbong unggut-unggutan, sedeng pamuluna ngadadak alum bangun senggah ku nyanghareupan eta permasalahan. Mireungeuh nu jadi salakina ngadadak alum, pok atuh siawewe pok atuh siAweweteh cumarita deui.
“Mugya salira sing percaya kana kakuatan diri pribadi, engkang. Kapanan saur Rama sepuh oge, hirup-huripna manusa parantos aya nu ngatur. Upama urangna bener tur panger, piraku Hyang agung rek ngantep mahlukna hirup aya dina katunggaraan...”
“Caritaan salira memang leres Rayi, akang ngahuleng sotenan lain ku pedah kakuatan salira nu baris ilang. Tapi akang ngahuleng, kusabab ngarasa dosa.. dumeh tos ngalantarankeun kahirupan salira Rayi jadi sakieu ripuhna...”
“Teu kedah nyarios kitu engkang, saur abdi oge kapanan. Urang pasrahkeun bae sagala rupina, ka Hayng agung nu ngersakeun sagala-galana...”
Silalaki imut bari ngusap-ngusap buuk nu nyangheuy lebah dadana, dabari gegerendengan kituteh ari siawewemah tadi ge terus ngadeukeutan nu jadi salakina.
“Sakedap deui, lamun langit ngadadak angkeb bulan katutup sang méga bodaran nawiskeun yén waktosna ritual panitisan bade dikawitan. Anu mudah-mudahan aya dina kalancaran,”
“Ku akang pasti didungakeun, rayi...”
Siawéwé imut bari ditungtungan ku ngalérét kaluar, nu écés kaayaan masih caang tur mabra ku cahya bulan. Katingali dina tatangkalan nu ngalangkang jeung kekembangan nu kasipuh ku cahya kaemasan.
Jep... kaayaan ngadadak simpé. Nu kadenge ukur sato-sato peuting awor jeung ngaguruhna angin nu nebak tatangkalan jeung dangdaunan. Jakrik ngikrik, gaang réang patémbalan disarada. Tuweuw jeung manuk jurig kadenge patarik-tarik matak keueung, malah tikajauhan sora anjing nu babaung pating cungungung nambahan keueungna peuting harita.
Lalaunan bulan purnama nu keur meujeuhna mabrateh, beuki deukeut kaméga hideung nu ngayang kabawa angin. Nyiriwikna bulan bangun anca, siga nu senggah nyorang lautan méga nu sakitu hideung jeung ngadingdingna.
“Rayi... Saleresna naon nu bakal kajantenan upama langit teu angkeb?” kadenge siLalaki cumarita mepeskeun kaayaan simpena peuting.
“Cahya bulan baris katingal semu ka ungu-unguan, ageungna bakal katingal leuwih timisti. Musuh urang, nu uninga kana élmu kagaiban sareng Mandalasastra, baris terang yén ieu kajantenan lain kajadian anu biasa, tapi hiji kajantenan nu dimusababkeun ku musnahna kakuatan hiji Ganapurusa nu nyerep tur nitis ka siJabang-bayi nu keur dikandungna...”
“Tapi... naha ieu kaayaan tos kungsi kajantenan saméméhna, rayi?”
“Tangtos baé atuh, engkang. Kapungkur yaktos kaum Ghanapurusa masih kumelendang, kungsi aya kajantenan sapertos kiwari. Aya hiji istri kaum Ghanapurusa nu teu sempet nitiskeun kakuatanana, kumargi mémang terus diburu tur diudag-udag ku musuh-musuhna. Tah, dugi kana waktosna ngalahirkeun sesah luar biasa. Margi... aya dua kakuatan nu silih tolak antara siJabangbayi katut Ibuna. Pamustunganana duanana ge taya nu salalamet, duanana dugi katiwasna. Siutun nyelap na palangkakan ibuna, sedeng ibuna séépen napas tur tanagi. Kitutah tah, engkang...”
“Naha kira-kirana, budak urang bakal kawas salira? Mampuh ngadalikeun jeung maréntah cai?”
“Tangtos moal, kang. Margi kakuatan Ganapurusa bénten- bénten, gumantung kana bawaan sipat siJabangbayi. Contona abdi sareng Rama Jalaujung, Abdi mampuh maréntah jeung ngadalikeun cai sedeng rama Jalaujung mampuh nerus bumi, malih tiasa maréntah keusik sareng taneuh kebul janten pakarang nu ngabahayakeun pihak lawan.”
“Hhh... hanjakalna kaum Ghanapurusa lemah ku hiji batu mustika, dugikeun kaanjeuna kiwari teu walakaya dikurung tur dipanjara nu aya dijero beuteung bumi. Padahal lamun teu lemah ku éta batu muastika, tangtu kaum Ghanapurusa baris jadi mahluk nu paling sampurna...”
“Hmm, eta memang leres engkang...”
“Tapi kira-kirana naha eta kalemahan sangGanapurusa tiasa diruwat, rayi?”
“Lamun tiasa, tangtos kaum ganapurusa moal musnah tur tumpur. Rama Jalaujung kuanjeun moal dugi kaditawan pihak musuh alatan eta batu mustika...”
Silalaki katémbong unggut-ungutan bari nyengkatkeun sirah nu nyangheuy lebah dadana, terus neuteup nu bureuyeung mapay kaluhur antukna bentrok paneuteup jeung nu manco hareupeunana.
“Kunaon kakang?”
“Akang...”
“Hariwang kunasibna siUtun inji?”
“Hm-gh... akang inggis nasib budak urang sanasib jeung kaum ghanapurusa séjéna. Pada ngaburu jeung pada ngudag-ngudag dianggap mahluk nu ngabahayakeun keur umat mangnusa.”
“Tah ieu tugas urang minangka sepuhna, engkang...”
“Naha salira gaduh rencana enggoning ngungkulan éta masalah?” siAwewe unggeuk, bari pokna.
“Mung baé, moal tiasa disebatkeun ayeuna.”
“Teu langkung salira, rayi. Nu penting ayeuna salamet heula tina ritual panitisan ka siJabangbayi, rayi...”
Reup... keur kitu diluar poék, sang candra mimiti ngambah galurana méga hideung nu ngadingding.
“Tos waktosna abdi nyepén, kang. Tuh, tingal langit mimiti angkeub. Bulan mimiti nyumput disatukangen méga. Naon baé nu kajantenan poma ulah dugikeun kangaganggu..”
“Mm-gh.. mangga rayii...”
Bangun nu laliat silalaki cengkat, ari siAwéwé ukur imut bari tuluy ngoloyong kapalebah pangkéng. Teu lila jep jempé, taya nu kadengé.****
Kocap di tempat séjén.
Bray... ngadadak sapasang mata nu linduk iuh benta, neuteup bulan purnama nu mémang palebah dinyamah écés kalawan nyata, méga hideung nu ngadingding teu mampuh mindingan cahyana nu ilang gumilang.
Sok sanajan umurna geus kolot beunang disebutkeun geus aki-aki, tapi dedeg pangadegna masih kukuh, masih ajeg jauh dina rarémpo. Buuk, kumis jeung jangotna nu geus barodastéh katémbong ririaban katebak angin, pon kitu deui papakéana nu sing sarua bodas, katémbong pating arulang diulinkeun sang batara bayu nu keur meujeuhna motah mokaha.
Teu jauh tidinya opat jirim rajeg tukangenana, maratung taya nu wani usik najan saeutik. Masing-masing awakna wareweg jeung karuat, lebah tarangna digalelang beusi nu ngan ukur méré cicirén yén maranéhna lain jalma-jalma sambarangan. Tapi mangrupakeun prajurit-prajurit pinilih, sarta lamun nilik palindung nu ngadaplok dina dadamah jelas maranéhna mangrupakeun opat sénapati perang, nu harita nuju aya dina puncak kajayaanana nyatana karajaan Sunda.
Sedeng teu jauh tidinya amper puluhan bahkan ratusan prajurit ngabaris minuhan lahan datar nuaya dimumunggang pasir, bari kitunatéh samakta ku rupa-rupa pakarang kayaning; tumbak, panah, koléwang jeung gendir malah nu mawa cangkalak gé aya. Bari hiji gé euweuh nu teu tanggah nolad sang purohita, nénjo bulan purnama nu keur kena ku hiji kaajaiban. Kacirina leuwih badag tibiasa bari ngaluarkeun cahya kaungu-unguan diliput ku cahya beureum ngabentuk cincin raksasa.
“Sakeudeung deui...”
Kadangu éta sepuhtéh ngagerendeng bari tanggah kajomantara, neuteup bulan nu katénjona beuki badag. Cahya ungu mimiti nyipuh disabudeureunana, ngahibaran buana panca tengah.
“Geus waktuna, majuuu!” Saur Sang Purohita bari ngulangkeun tungtung jubahna.
Jleng-jeng-jleng...! opat jirim laluncatan bangun nu geus teu sabar. Ting jorélat méh teu katuturkeun kumata biasa, nurunan pasir muru hiji imah nu mencil téa. Berebet... nu séjéna milu lalumpatan, sanajan teu sagancang opat sénapatina tapi gerakanaa arénténg tur karesit luluncatan diantara manjah jeung tatangkalan badis gerakan careuh jeung bajing.
“Jagatdewabhatara...”
Kadangu sang purohita nyebut agemannana. Less... cacap nyarita kitu badana ngiles, mawur lir sagulung haseup kabawa angin gunung.**
Soksanajan hawa di sabudeureun imah ngadadak tiis leuwih timisti, tapi silalaki nguat-nguat manéh nangtung luareun kamar teu incah balilahan. Da inget kana amanat nu jadi pamajikanana, yén ulah ningalkeun imah sok sanajan aya kajadian naon baé.
Beuki lila hawa dijero imahteh beuki karasa tiis, nyecep leuwih ti nyecep nepikeun ka manéhna ngadégdég saking ku tirisna. Samar-samar palebah kamar pamajikanana aya uap bodas, kaluar naséla-séla bilik jeung érang-érang panto. Manéhna beuki kagét, tapi keukeuh teu wani ngadeukeutan sumawona untap-intip sanajan haténamah ajol-ajolan hayang nénjo.
Sabot hatena keur mandeg mayong kitu, hawar-hawar tikaanggangan kadéngé siga aya jalma nu keur ragot tarung. Kadéngé tina trong-trangna sora pakarang, jeung ting haraokna sora jalma nu pating gorowok. Nu matak keueung siga leuwih saurang dua urang, kadenge patembalan tiditu-tidieu.
---‘Aeh-aeh bet siga aya nu keur ragot tarung? Sahanya, moal kitu dédéngéanmah? Tapi... piraku, da sakitu écésna?” ceuk gerentes haté silalaki bari katembong dengdek ngadedengekeun sora-sora nu keur tarung tea.
Lalaunan siLalaki cengkat, tuluy keketeyepan ngadon noong kaluar ngaliwatan bilik jeung séla-séla jandéla. Tapi diluar anger sepi euweuh naon-naon, nu katénjo ukur rajegna tatangkalan jeung ting runggunukna kekembangan nu aya di pakarangan imah. Ngan nu jelas sora-sora jalma nu keur ragot tarung, masih kadéngé sanajan hawar-hawar.
---‘Hmm... masih anger kadenge. Saha cenah maranehnateh? Mun enya musuh aing na keur tarung jeung saha? Jeung... duh, mangkaning pamajikan aing keur nyepén, mangka teu menang diganggu. Hmm... nu jelas aing kudu waspada, bisi aya maung ngamuk gajah meta siku siwulu-wulu galagah kancana.’--
Kitu ceuk gerentes hatena siLalaki bari singkil, magehan angkin jeung ngalibetkeun kaén lebah beuheugna méh teu kagok, geus puguh bedognamah terus disorén bari tatan-tatan. Sedeng diluar sora anu tarung beuki écés kadéngé, dibarung ku sora-sora anu séah jeung sahéng nu ukur méré cicirén yén nu bitotama lain jago-jago sambarangan.
Keur kitu, barsaattt... ngadadak naséla-séla bilik kamer pamajikanana aya nu ngabarasat semu hibar. Cahyana semu ungu, sedeng hawa geus teu kacatur kumaha tiisna ngentab lir seuneu ngandung silalalatu. Jorojossss..... kadéngé sora nu ngajoros kapapanjangan, tarik matak katorékan séah lir hujan silantang datangna anger dijero kamar pamajikanana.
Puguh baé siLalaki kuat kangajol saking kukagét jeung rewasna. Sukuna hideung ngadeukeutan, tapi hawa luar biasa tiisna. Tepikeun kamanéhna mundur deui, teu sanggup nahan hawa nu matak ngabekukeun getih jeung kulitna. Tapi sanajan tiis sakumaha tiisna, manehna tetep cicing teu wani incah balilahan. Sabab inget kana amanat nu jadi pamajinanana, yen aya kajadian naon bae oge.. manehna teu menang ninggalkeun eta imah. Ku kitunana, bari mereketkeun hate manehna teteb tagen bari jeung semu ngadeg-deg oge.
Heuleut sawatara waktu tiharita, jep... sada nu seah teh jempe. Malah cahya ungu nu tadi hibar kaluar ti kamar pamajinanana oge geus teu katingali.
“Sssss.... Auugghhhhh....”
Kadéngé sada nu humarurung semu ditahan, sora awéwé nu taya lian ti sora pamajikanana.
“Rayii...”
siLalaki ngagajleng. Panto satengah didobrak, ana bréh... pamajikanana keur ngalumuruk bangun lungsé. Awakna nyanda kana bilik, rarayna pias konéas matak hariwang. Sedeng saliwatan katémbong sakuliah kamar ngadadak beku kabulen és, bener-bener hiji kajadian langka tur ajaib nu sulit pikeun diterangkeun sacara teoritisna.
Bari jeung ngadégdég pamajikana terus dipangku, hawa bener-bener tiis padahal tanaga lapisanana geus dikerahkeun pikeun merangan éta hawa. Tapi keukeuh, hawa tiis tetep norobos narajang sakujur awakna.
Buru-buru manéhna kaluar dijero kamar. Pamajikanana dipayang terus digolérkeun dipatengahan, sarta disimbutan tepi kasababaraha rangkepna.
“Rayii.. naon nukaraos?”
Ceuk silalaki semu nu ngaharewos, ditompokeun kana ceuli nu jadi pamajikanana.
“Abdi... abdi... teu kunanaon, engkang. Mung... mung... lungsé baé...”
“Upami kitu teu kedah seueur saur, ngaso heula masing tenang...” siAwewe unggeuk bari meureumkeun panona.
“Budak urang lalaki, kang...”
“Lalaki?”
“Leres...”
“Tapi... kapanan masih jeroeun kandungan, nyimas...”
“Sanajan masih aya na jero kandugan, tapi jirimna ku abdimah tos katingal engkang...”
“Hmm... lamun kitu bagja atuh, rayi. Sabab éta nu dicita-citakeun ku urang duaan...”
“Muhun engkang, tapi...kumaha kaayaan diluar?”
“Eu... eu... Aman, raii...” siAwewe neuteup seukeut pinuh ku silidik, silalaki rumahuh bari terus balaka.
“Hhh...” silalaki rumahuh, bari pokna deui. “Terus terang baé, tadimah aya sora-sora nu keur ragot tarung. Tapi... ayeunamah tos teu aya, rayi. Eta nawiskeun yen kaayaan tos aman deui...”
“Tapi... manah abdi teu raraos, kang. Langkung sae, urang buru-buru tinggalkeun ieu patempatan...”
“Langkung saé ébogkeun heula sakedap, rayi. Ké upami tos rada jagjag urang lumampah...”
siawéwé gideg bari terus cengkat. Tapi teu lila ngudupruk deui, manehna bener-bener beakeun tanaga. Tungtuna siAwewe ngagoler deui, panona dipeureumkeun bari ngararasakeun awakna anu lungsé.
Jep... jempé taya nu kadéngé deui. Siawéwé leureuh bangun pasrah, sabalikna silalaki terus ngalingling diluareun imah. Ngajaga sagala kamungkinan, nu satiap waktu bisa bae kajadian tumiba kakulawargana.
Heuleut sawatara waktu tiharita, katembong pamajikana geus bisa diuk. Rarayna teu sepa teuing, bener-bener pamulihan diri nu luar biasa keur ukuran awewe samodél kitu.
“Rayi... teu kedah maksakeun, angur ngaso deui...”
“Sanajan kakuatan Ganapurusa abdi tos raib, nanging pamulihan dirimah cekapan, kang. Ku kituna, hayu! Urang ningalkeun ieu patempatan, langkung enggal langkung sae...”
Ceuk siAwéwé keukeuh, hayang buru-buru ingkah ningalkeun eta patempatan. Ari silalaki méméh némbalanteh diuk heula gigireun bojona laju tumanya.
“Tapi naha yakin, salira kiat pikeun lumampah?”
“Kiat kang, mung rupina moal tiasa gancang. Nu penting ayeunamah jauh heula diieu tempat...”
“Nya... mangga atuh rayi, ari salira parantos kiatmah. Tapi ké... urang bébérés heula,”
Ceuk siLalaki bari terus bébérés, nilepan samping jeung simbut. Diasupkeun kana buntelan, nu mémang geus siap tiatadi kénéh. Siawéwé ngonéal hudang, nyaan geus bisa nangtung ngan pikeun ngaléngkah kudu bari dibéyéng, harita gé kitu leumpangna bangun leuleus semu rumangieung.
Kolotrak... mukakeun tulak. Ngan saméméh panto dibuka, ngadadak diluar kadéngé sada nu seuri pating cirihilil patémbalan, najan masih hawar-hawar tapi écés turta jéntré. Sorana siga sora nini-nini jeung aki-aki.
“Hi,hi,hi...”
“Hay,ay,ay...”
Dua jalma pating garebeg bari silih reret, malah siawewemah kadenge cumarita semu ngagerendeng.
“Si... siKembar tigunung lawu, kang...”
“Leres, rayi...”
“Kumaha atuh?”

Komentar
Posting Komentar