Langsung ke konten utama


#Uru-ara_Cametigaling
#Episode_siInjukkawung
#Bagean_ka_6_s/d_10
“Kolepatt…” lir kalangkang ngaliwat, jirim kiWidura geus ngalengit samemeh anu gura-gero daratang. Ti kaanggangan ku kiWidura katingali, anu daratangteh memang juragan Adipati katut parasenapatina, malah aki patih Darbaseta oge aya.. milu ngariung-riung nyimas Antingwulan.***

#Kasakit aneh
Pikeun sakedapan manehna ukur ngawaskeun dinu bala, manehna sadar teu aya jalan deui pikeun kaluar salian ti eta liang guha. Ku kituna kalawan sabar, manehna nungguan didinya ngadagoan kaayaan sepi.
Sanggeus rombongan juragan Adipati arasup kajero, manehna tuluy bae kaluar. Tapi basa rek asup, dijero aya nu norojol manten sing Horeng nyai mayang Indungna Antingwulan tea.
“Ju… juragan…” pokna rada kaeraan.
“Andika ulah wara asup kajero, widura. Sabab dijero masih keneh loba nu jaraga…”
“Oh.. unjuk sumangga, juragan…”
“Angurmah kadieu, ibu aya picaritaeun…”
Ceuk nyai mayang, kitunateh bari nungtun pigeulang leungeun kiWidura. Nu rada sumeblak, najan kumaha karek harita manehna ditungtun ku awewe sok sanajan nyai mayang geus teu kaitug ngora. Tapi kangaranan manehna jajaka tulen, anu memang salila hirupna teu weleh pagiling gisik jeung pada lalaki teu wudu jajantungna nepi karatug.
Gek, duanana dariuk dina akar.. teu jauh tikuburan anyar tea. Teu lila pok kadenge nyai mayang cumarita.
“Naha tadi siAnting geus kungsi cacarita ngenaan ieu kuburan?”
“Parantos juragan, cenah ieuteh kuburan carogena…”
“Hhh… numatak eta Widura, padahal kaayaan sinyaiteh keur bener-bener butuh nujadi salaki. Tapi kari-kari, salakina binasa dina leungeun siJurujana. Sabenerna ibu kurang puas mun teu langsung ngabinasakeun eta siJurujana…”
kiWidura ukur ngaheruk teu nembal, na hatena aya parasaan sarwa salah ngadenge ucapan indungna Antingwulan kitu.
“Tapi nu eunggeusmah eunggeus, Widura. Jeungna deuih, can tangtu sitaregos anu binasa ku hidep. Sijurujana anu geus mergasa salakina siAntingwulan…”
“Eta memang leres juragan, ku margi musuh diieu kadipaten sanes mung hiji…”
“Ibu sapamanggih jeung hidep, widura. Nu matak ibu kacida pisan seleksina ka sinyai mun sakalieun cacarita jeung jalma luar, kaasup tadi basa keur cacarita jeung hidep. Nu matak hidep ulah nepi ka teu ngahampura, kana tindakan ibu tadi…”
“Sing percanten jurag, abdi ngahapunten…”
“Hmm… nuhun atuh Widura, tapi…”
“Tapi naon juragan?”
“Ibuteh rek sakalian bae minangsaraya kahidep…”
“Naha perkawis naon jragan?”
“Ngenaan kasakit siAntingwulan…”
“Nakumaha kitu ibu?”
“Pangubarankeun siAnting wulan, bejana cenah hidep mibanda elmu katabiban salian tina elmu silat…”
“Oh perkawis eta manga, ibu. Tong boroning disungkeun, dalah henteu ge pasti abdi nulungan…”
“Nuhun atuh Widura…”
“Ke samulihna didieu, abdi bade ngahaja ngadatangan nyimas Antingwulan…”
“Teu kudu, Widura. Keun bae senah sinyimas anu ngadatangan hidep…”
“Unjuk sumangga, sun. Teu langkung kumaha saena…”
“Hmm… tah ayeunamah dagoan heula sakeudeung didieu, ibu rek kajero heula, bari mariksa kaayaan dijero naha masih dijaga atawa geus aman?”
“Eu… mangga, juragan…”
Saterusna nyai mayang cengkat, tuluy ngaleos dijajapkewun ku paneuteupna kiWidura. manehna yakin, 20 tauna kaliwat, ieu awewteh mangrupa hiji wanoja anu kageulisanana pilih tanding.
Gancangna carita, peutingna sanggeus kiWidura sasarap jeung mandi. Manehna tuluy bae kekedengan, luhureun dipan pangsarean. Panona kucap-kicep nyerangkeun lalangit guha, nu ukur remeng-remeng kacaangan ku lampu tempel.
Sabot kekedengan kitu, ari pipikirananamah mimiti muter ngeker-ngeker kaayaan anu geus kajadian salila dicametigaling.
Tisaprak napel-napelkeun warta dina papagan tea, tetela sanggeus sakitu lilana teu mawa hasil. siInjukkawung atawa nu jadi musuhna, siga nu apal kana pibahayaeun. Boro-boro daek nembongkeun diri, ngajawab oge henteu kana pananya juragan Adipati saparakanca.
“Mh, tetela geus hamper kana sabulana aing aya didieu, tapi tacan keneh mawa hasil? Tong boroning hasil? Kelemengna oge tacan sidik saeutik-eutik acan, hhh…” ngarahuh kiWidura basa mikiran eta pasualan, “Tapi lebah dieu sidik, salarea oge geus sapaham. Yen anu ngalakukeun rajapati salila ieuteh lain siInjukkawung. Tapi hiji komplotan jalma anu nginjem ngaran eta jago. Nu jadi pertanyaan, naha ngincer naon eta komplotanteh? Naha Harta, kadudukan atawa naon?”
Mun harta, kadudukan pikeun ieu komplotan asana moal hese. Kubisana meruhkeun sapasukan prajurit sunda ditapel wates oge eta nandakeun, yen maranehna boga kakuatan hebat pikeun nalukeun juragan Adipati saparakanca. Hm… ngincer naonya? Moal kitu kitu ngincer nyimas Antingwulanmah? Tapi asana eta oge teu hese, atawa… atawa moalmah ngincer hiji barang?” mikir nepi kapalebah dinya, tarang kiWidura kerung. “Hmm… bisa jadi! Bias jadi maranehna ngincer hiji barang berhaga, anu dicekel ku hiji jalma. Sarta kusabab yakin moal dibikeun, manehna nyieun hiji reka perdaya sangkan eta jalma kateken jiwana sarta daek masrahkeun eta barang berharga. Hmmm…”
Gulipak, manehna malikeun awak kapalebah lawang kamer. Barang breh.. teu kira-kira manehna ngaranjug, basa didinya geus aya nu ngajanteng. Nu matak kaget ku mireungeuh sorot panona nu ngagebur hurung pinuh ku seuneu dengdem nu pohara.
“Nyi... nyimas...” ceuk manehna masih can percaya, lamun eta sorot panon nu sakitu ngageburnateh kaluar dina teuteupan hiji awewe nu sakitu rancunitna.
“Kah... engkang...”
Walon nyi wanoja siga nukaget, bareng jeung kitu sorot panon nu tadi pinuh ku kaceuceubteh linduk deui, malah bari semu beueus ku cipanon.
“Nuju... nuju naon, salira didinya?”
“Abdi... abdi...” ceuk nyi Mojang bari ngangkat kadua leungeun, nu katembong nanggeuy baki.
“Ohh...”
ki Widura turun dina babalean, ngadon nyampeurkeun siWanoja nu masih ngajanteng dilawang kamer.
“Pa..dahalmah atuh miwarangan nyimas, nu kieu-kieu baemah...”
“Tapi apanan abdina bade sakantenan lalandong ka salira…”
“Oh.. e-enya, yap atuh urang kejero...”
“Hatur nuhun, engkang...”
Bari rada ngeleper kiWidura nyelang nampanan baki. Sedeng nyi Mojang ngaliwat, meh paadu badan jeung manehna. Terr... seblak! Aya nu nyeblak kana hatena, jajantung langsung ratug awak ting sariak siga anu ngadadak paranas tiris.
Pikeun sakedapan manehna angur molohok, neuteup nu keur leumpang muru meja leutik. Gek, diuk dina korsi, terus ngaleret kamanehna bari jeung nengorkeun pangirut.
“Engkang, rek dugi ka iraha salira ngajanteng didinya?”
“Oh, pa… pangapunten, nyimas…” ceuk kiWidura beuki gugup.
Kadenge sada nu nerektek, kaluar dina baki anu dibawa ku kiWiduira. Leumpang semu ngadegdeg, ngadeukeutan nyimas Antingwulan. Abong jajaka tulen, disampeurkeun aweweteh kalah gempeur teu puguh cabak. (jiga anu fanik kurang fiknik. Hehe..)
Gek, kiWidura diuk hareupeun nyiMojang. Teko jeung batokna meh malurag, mun seg teu kaburu dijewang ku Antiwulan. Ngan nyakitu, dampal leungeuna anu camewek langsung anteul jeung leungeun kiWidura anu tamba soak bae.
“Kunaon engkang, siga anu lilinieun? Naha engkang teu damang deuih?”
“Hen… henteu nyimas, henteu. Akang teu kunanaon…” ceuk kiWidura ngelemes, rarayna tangka wera.. sedeng ceulina panas asa disebit.
“Nanging katingalna salira siga nu galingging, kang? Tuh.. pameunteu ge mani bareubeu kitu? Cobi abdi nyagap…” ceuk nyiMojang pinuh ku perhatian, sedeng teu kanyahoan tonggong leungeuna geus napel kana tarangna. “Tuh.. engkang gening rada haneut…”
“Sa… sakieumah,, sakieumah jamak, nyimas. Akang… akang teu.. teu kunanaon...” pokna kitunateh bari ngalieuskeun sirah, dina tonggong leungeun anu cambewek.
“Sukur atuh engkang ari teu kunanaonmah, Abdi ngaraos bingah turta reureug. Panginten ka abdina oge, tos moal kagok sareng asa-asa deui..”
“Ha.. hatur nuhun nyimas, Kana perhatosanana…”
“Sami-sami engkang...” kitunateh bari ditungtungan ku nyicikeun cai tuak kana lumur. “Mangga engkang, dileueut...”
“Hatur nuhun...”
“Hapunten didieumah gening teu aya naon-naon, ukur tuak sakatiga sareng katuangan dina bebetian wungkul...”
“Teu sawios, nyimas... sakieu oge parantos cekap.” ceuk kiWidura mimiti lancar, hatena teteg teu tagiwur teuing siga cara samemehna.
“Regoott...” kiWidura nginum cai tuak, nepikeun ka salumur langsung beak. Pon kitu deui nyimas Antingwulan.. Hate ki Widura rada teteg, sok komo sanggeus cai tuak mangaruhan badana. Getihna karasa panas, sumangetna langsung ngentab-ngentab ngabebela. Kakagok jeung ka risi, mimiti ngurangan. (Tah solusi, kanggo anu gampar baper kawewe, memeh ditepungan abok heula. Hehe… Canda)
“Nyimas, saleresna kasakit aneh naon anu tumiba kadiri nyimasteh? Geningan bet aya kuaneh? Ceuk kiWidura bari neuteup raray, nu kacaangan ku lampu temple nu naplok dina bilik guha.
“Kieu kang, saleresna ieu kasakiteh aya hubunganana jeung siInjukkawung…”
“Baruk, gening tiasa kitu nyimas?”
“Leres kang, kieu gera kawitnamah ku abdi urang pedar ti awal mulana…”
“Unjuk sumangga, nyimas…”
“Ieu kajantenan dikawitan ku munculna siInjukkawung genep sasih kapengker. Tisaprak para panguni karajaan hiji-hiji ngemasi pati, diculik ku nu ngakukeun siInjukawung. Janten palebah dieu, kasarnamah abdi sakulawargateh kasieunan jadi korban katelengesan siInjukkawung...”
“Teras?”
“Saterana Abdi ku pun biang diwawadian, sangkan neuleuman hiji elmu silat nu sipatna papasangan...”
“Elmu silat papasangan?”
“Leres... eta elmu basumber kana dua kitab lontar kuno. Nu hiji dilakonan ku caroge abdi, nu hiji deui dilakonan ku abdi nyalira. Sanajan beda kitab, nanging jurus sareng gerakana meh sarimbag ukur benten tina hawana wungkul...”
“Hmm... upama kengeng terang jurus naon, nyimas?”
“Jurus Banyusagara Beku, sareng jurus BanyuSagarageni…”
Raray kiWidura katembong robah hebat, demi ngadenge eta dua jurus elmu disebut ku nyi wanoja. Malah nahatena ngagerentes kieu, “Hmm… eta elmu najan hebat, tapi cenah ciptaan Datuk golongan hideung. Ieu jurus meh taya nu ngelehkeun mangsa jayana. Tapi timana ieu wanoja menang eta kitab papasangan, anu cenah geus tilem meh 500 taun kalarung nalika mangsa karatuan taruma nagara…”
“Kunaon engkang, ngadon ngahuleng? Naha engkang kungsi ngadangu ieu elmu silat?”
“Akang kantos nguping ti kiGuru Bundarwastu, nyimas. Tapi… timana salira kengeng eta dua kitab kuno?”
“Abdi ge teu terang, kang. Mung ibu sareng amasura anu apaleunteh…”
“Oh, kutan kitu, nyimas. Teras kumaha?”
“Tah, dina cara ngulik sareng neuleumanana eta jurus silat papasanganteh, estu berat kacida. Margi salami ngalatih eta elmu, abdi duaan abdi duaan kedah numpi dijero guha bari dina kaayaan bulucun. Sarta dipahing pisan ngayakeun hubungan badan atanapi sapatemon.
Nanging nembe oge jalan ka dua sasih, Abdi duaan tos teu kiat nandangan eta tata cara. Dugi ka Abdi duaan kagoda, nuahirna sapatemon anu ngakibatkeun lain ngan saukur tanaga Sakti Abdi duaan anu ngadadak musnah, tapi abdi duaan ge kedah nandangan kasakit aneh.
Pami nuju kambuh awak abdi cambewek, sabalikna caroge abdi nyongkab panas dugi kasalirana ngebul ngaluarkeun uap panas. Anehna ieu kasakit datang sakali sewang, sarta ukur tiasa silih lerepkeun antara abdi sareng anjeuna…”
“Bener-bener kasakit aneh!”
“Kiwari caroge abdi tos teu aya, abdi janten bingung kang. Margi ukur anjeuna anu tiasa ngalerepkeun abdi, kucara masihan tanaga panas…”
“Ah, upami kitu akang kaleresan mibanda tapak Geni, anu hawa kakuatanana sami nyaeta ngandung hawa panas. Cobi, ku akang urang cobian…”
Ceuk kiWidura sumanget, terus bae manehna ngajakan pindah diuk dina korsi kana dipan. Sanggeus duanana dariuk, Antingwulan sina nonggongan. Geus kitu, reup.. kiWidura peureum, sarta mimiti napelkeun kadua dampal leungeuna kana kulit tonggong Antingwulan nu hejo carulang.
Lalaunan tanaga panas dialirkeun, ngaliwatan sapasang dampal leungeuna. Tapi bet matak kaget, hawa panasteh teu daek ngalir. Jalan getih anu aya dina tonggong eta awewe, siga anu geus beku katutup hawa tiis tea.
“Werrr…”
kiWidura nambahan dayana, tapi keukeuh hawa panas teu sanggup asup kana badan eta wanoja. Sanggeus sadar, yen usahana gagal ngan bray bae manehna benta bari nurunkeun kadua dampal leungeuna.
Breh… katembong nyiMojang, geus nyanghareup kamanehna. Beledag! Asa aya gelap ninggang sirahna. Panon buncelik, pangacian langsung hiber.. demi ningali Antiwulan hareupeunana.
Ebreh.. eta awewe geus buligir, dua pasir bulistir anu salilana disumput-sumputkeunateh, ngaliglag kalawan jelas teu kahalangan nao-naon. Samemeh manehna pingsan, ningali eta pamandangan luar biasa kadenge nyiMojangteh cumarita manten.
“Kang Widura, tarekah samodel kitu saleresna tos dilakukeun kusasaha kalebet aki Patih. Nanging hasilna nol, taya anu metu…”
“Ta… ta… tapi, ku… kunaon.. sa… salira teu nyarios, sa… smemehna?” ceuk kiWidura gelegepan, tikorona ngorok siga dikeueum kucai tuak.
“Supados akang percaya. Tah, ieu luhureun bujal abdi aya tanda hideung. Nya ieu pisan kasakit anu jadi mataholangna…” kiwidura teu nembal, panona melong tanda hideung diantara kulit anu ngagelempong. “Kasakit Abdi bakal lerep, saupami akang ngalakukeun cara anu dilakukeun ku caroge abdi…”
“Ku…maha carana?” ceuk kiWidura bari ngalieus miceun beungeut. Teu wasa nempo pamandangan anu saumur dumelah karek nempo, heg dina jarak anu sakitu deukeutna.
“Akang kedah sapatemon sareng abdi, tah kucara kitu hawa panas bakal tiasa lebet ngalerepkeun #kasakit_aneh_abdi...”
“Ouh…” Hampir-hampiran kiWidura ngarumpuyuk, demi ngadenge pamentana eta awewe. Anu lamun keur aya dina kaayaaan normalmah, kacida pisan teu pantesna cumarita kasusilaan jeung kahormanatan ka hiji lalaki.
Tapi manehna oge sadar, ieu awewe keur aya dina marabaya. Anu tangtu, naon bae bias dilakukeun kumanehna demi bertahan hirup.
“Ta.. tapi nyimas, eta… eta estu pasalia sareng ajaran suci…”
“Naha engkang bade sulaya kana janji?” aya nada kasar dina ucapan eta awewe, tapi teu lila geus halon deui bari pokna. “Kapanan cenah engkang kersa ngalandongan abdi. Sedeng cara ngalandongan abdi teu aya jalan sejen, kajaba kersa ngalakukeun hal anusok dilakukeun ku caroge abdi…”
“Ah…!” kiWidura ngaheruk bari jeung gigideg. Ningali siJajaka gigideg, nyimojang beuki ngeluk sarta tumanya deui meh teu kadenge. Sorana, siga ucing anu miharep kadaharan.
“kumaha, kang?”
“Hap… hapunten akang, nyimas. Akang moal tiasa.. sakali deui, hampura!”
“Aihh…”
Kadenge nyiMojang ngegero alon semu anu ngajerit ditahan. Malah ngan segruk bae nyiMojang ceurik.. bari nungkupan beungeut kuramo-ramo leungeuna nu marucuk. Awakna kokolenyan katojo lampu tempel, pon kitu deui taktak katut dadana anu masih ngaliglag.. milu oyag-oyagan, kaeundeurkeun ku hate anu sedih tur nalangsana.
Jut.. kiWidura turun dina dipan, sedeng kaleret nyiMojang rugal-regol.. memener kemben ku ramo-ramo leungeuna semu anu ngeleper. Dua pasir geus teu kaciri, ukur ngagugulungna mega kasedih nu nyimbutan raray eta wanoja.
“Kang… kang Widura,” Kadenge nyimojang nyarita cumalimba.
“Kumaha, nyimas?”
“Teu sawios akang lamun teu kersa nulungan abdimah, meureun mana kieu oge parantosna nasib abdi kedah pondok umur. Mung… mung…”
“Mung naon, nyimas?”
“Abdi gaduh paneda Kurebkeun layon abdi disagedengen kuburanan pun lanceuk, upami abdi parantos sah ti alam dunya…” …”
“Ouhhh… ma… mangaa…” leuleus hate kiWidira ngadenge ucapan nyiMojang sarupa kitu.
Sabenernamah jauh jeroeun hatena, ieu jajakateh ngarasa ka tangtang.. tong boroning anu sipatna nulungan. Dalah teu dipenta oge lamun ngagugu napsumah, tangtu bakal nyubadanan pamentana eta awewe anu geus pasrah kana kaayaan.
Ngan panan, manehnateh hiji jago wedalan padepokan golongan bersih anu salian ti digembleng elmu kanuraganteh, tapi oge digembleng tata kasopanan tur etika.
“Pileuleuyan engkang, mangga, dikantun…”
Ceuk Nyi Mojang ngageter, bari nurunkeun kadua sukuna nu masih ngolenyai katojo lampu. Geus kitu eta mojang mimiti ngalengkah, semu lungse dibarengan ku rentasna pangharepan.
Sabalikna kiWidura ngeluk tungkul, batina perang sabil antara enya jeung henteu. Bodas jeung hideung, ngajalanan karma tabur tuai. Moal aya haseup lamun euweuh seuneu!
“Auhh…” kadenge Antingwulan humarurung disusul sora anu ngagebru.
“Nyimas...”
Ceuk kiWidura kaget, basa ningali Antingwulan geus ngagoler. Ukur sajorelat awakna geus tapak deku gigireun nyiMojang, tetela snggeus dipariksa nadi jeung dada nyi mojang geus teu kadenge ketegna.
Kukituna, ngan puuhh... ki Widura niup lampu tempel ti kajauhan. Sakedet netra, kaaayaan jadi poek mongkleng.. tapi teu lila kadenge sada anu tingrareket, dibarung ku humarurungna dua sora antara awewe jeung lalaki.**
Sanggeus kadenge hawar-hawar sada guludug nu ngageleger, tikajauhan. Ker… kadenge sada nu kerek luhureun dipan.
Cikikik kadenge sada nu seuri, sorana ngirung matak kukurayeun. Hiji jirim langsing ngajurungkunung dina dipan, dibarengan ku ngaburilakna seuseukeut balati katojo cahaya surem dilawang guha.
“Hihihi! Modar siah ayeunamah, Widura! Hutang pati dibayar kupati, hutang nyawa dibayar kunyawa. Hihihi…”
Bari heatt… eta jirimteh ngahembatkeun balatina, muru dada kiWidura nu keur sare tibra.
“Siutt… belentrang! Koloprak…”
Ngadadak kadenge sada nu ngabelentrang, disusul ku mentalna balati dina leungeun eta jirim langsing.
“Saha?” Ceuk eta jirim, bari jeung nangtung sabelegenjeur.
“Kaula…” kadenge sada sora wewe sejen palebah lawang guha nu reyem-reyem.
“Oh, anjeun? Nanaonan make jeung ngagagalkeun bales dendam kaula?”
“Aya parobahan rencana…”
“Parubahan rencana kumaha?”
“Ieu jajaka diduga, anakna siCareuh…”
“Terus?”
“Nyawana masih dibutuhkeun, pikeun neken siCareuh sangkan daek masrahkeun eta barang…”
“Tapi ieu kasempetan langka, iraha deui kaula bisa males pati…”
“Tenang! kapanan manehna geus kakenaan aji Leuget Ireng, lin?”
“Hihihi… bener, kiwari kakuatanana geus ka isep hamper dua bageanana. Naha Andika hayang?”
“Hihihi…” jirim langsing nu dilawang guha kadenge nyikikik tuluy kadenge nyarita. “Lamun aya kasempetan kaula ge rek ngicip-ngicep. Lumbayan keur nambah-nambah tanaga sakti. Hihi! Tapi… ayeunamah, hayu urang nyangarep ka pimpinan sabab aya warta anu kacida pentingna…”
“Nya hayu atuh, tapi kira-kirana aya warta naon?”
“Aya beja ti juru iber, yen kiwari karajaan sunda keur ngirimkeun pasukan anu lewih badag pikeun numpes uru-ara diieu kadipaten. Jadi.. samemeh eta pasukan anjog, peta pusaka disiCareuh kudu buru-buru hasil direbut…”
“Enya-enya, kuring ngarti. Hayu atuh…”
“Dibaju heula, ulah kikituan…”
“Hihi…”
Kadenge sada nu nyilikitik, samar-samar jirim langsing turun dina dipan.. tuluy katembong rugal-regol make baju anu dibelit-belit disakujur badana.
Sanggeus tarapti, dua jirim kalaluar ninggalkeun kamerna kiWidura anu keur sare nyegrek satutasna ngubaran anu gering aneh. Anu diluar kasadaranana, sakudunamah geus tamat riwayat binasa dina tungtung balati ku sijirim langsing.**
Isukna kirawanci haneut moyan, kiWidura ngulisik lilir. Teu kira-kira ngagebegna, basa manehna cengkat dina dipan.. karasa sakujur badana laleuleus lunglay taya tangan pangawasa.
“Auhhh…” kadenge manehna humarurung, geus dibaju tuluy leumpang rumangieung ngadon ngahurugkeun lampu anu naplok dina bilik guha.
“Alah-aduh, kunaon awak aing taya tanagaan kieu? Naha akibat (epek) tina kajadian tadi peuting kitu?” ceuk kiWidura ngagerentes. Hatena ngarasa heran, kumireungeuh kaayaanana kiwari.
Teu lila.. bray, kaayaan ngadadak caang. kiWidura ngagebeg, basa Antingwulan geus teu kasampak! Ukur badingkut bae anu ngalumuruk, beueus baraseuh lir kakenaan ku ciibun. Anu teu kira-kira nganjugna pikeun manehna, teu jauh tidinya aya hiji barang anu boborelakan katojo cahya lampu tempel.
“E-eh.. naon eta? Hhh! Ieumah… ieumah gening siga balati?” Pokna bari nyokot eta peso sarta terus diilikan. “Peso saha ieu? Ke… aing asa geus kungsi ningali peso samodel kieu. Enya.. gera ke, ku aing urang saruakeun jeung bogana siTaregos hideung…”
Kitu ceuk gerentes manehna, bari terus ngojengkang kapalebah lomari nu aya dipojok roangan. Teu lila.. kusiwel, manehna ngaluarkeun peso anu aya jeroeun buntelanana. Peso tenggor milikna siTaregos hjideung, mangsa dipake nyerang manehna nalika anyaran datang ka eta kadipaten.
“Hhhh? Bener-bener sarua…” kiWidura ngahuleng, “Kumaha carana ieu peso aya didieu? Moalmah tadi peuting aya kajadian, diluar sakanyaho aing? Duh, naha sareteh mana tibra-tibra teuing? Pangaruh cape meureun? Duh…”
Kitu ceuk gerentesna hate kiWidura, bari gesat-gesut dangdan rek neang kaayaan Antingwulan. Sabab teuing kunaon, ku ayana eta peso manehna jadi melang ka Antingwulan. Inggis kubisi rempan ku sugan, eta awewe keur aya dina kaayaan marabaya.
Tapi karek oge nepi kalawang, ngadadak aya nu norojol sing horeng Aki Patih.
“Gening aki patih?” ceuk kiWidura semu kaget.
“Bener…”
“Naha aya pikersaeun naon, sun?”
“Tuturkeun kaula…” ceuk aki Patih daria, malah bari teu nunggu jawaban tuluy ngaleos meni ngagedig.
“Ba.. bade kamana, sun?”
“Tuturkeun bae, engke ge nyaho…”
Dibarengan kuhate anu dag-dig-dug panasaran, kiWidura teu burung nuturkeun. Heuleut sawatarawaktu tiharita, srog.. maranehna tepi kaluareun guha, anu pernahna tukangeun karaton Cameti galling.
“Widura…”
“Enya abdi aki patih…”
“Bejana Andika geus ngubararan siAntingwulan?”
“Le… leres…”
“Ati-ati euy, Andika ulah mandah percaya kitu bae ditempat werit samodel kieu…”
“Ouh…”
“Terus terang bae, siAntingwulan jeung Indungna pinuh ku rusiah. Maranehna datang kadieu sataun kaliwat, ngaku-ngaku anak jeung pamajikanana adipatisura…”
“Oh, kutan kitu…”
“Ingetkeun omongan kaula nuhiji ieu, euy. Ulah nepi kapoho nepi kairaha bae oge…”
“Unjuk sumangga, tapi naha perkawis naon?”
“Sabenerna kalung liontin anu ngagantung dina beuheung Andika, salian ti mangrupa hiji totonden. Tapi oge, eta liontin hejoteh mangrupa batu pamunah Racun. Kaula sorangan, lamun teu boga kalung nusarua boa geus lila nyangarep karaja aherat. Pada ngaracun ku sakur-sakur musuh nuaya diieu kadipaten…”
Ceuk Aki patih ditungtungan, ku bari nembongkeun batu nu sarua lebah beuheungna anu katutupan jubbah luarna.
“Jadi ieu kalungteh, batu pamunah Racun, aki patih?”
“Bener. Nu matak bener ucapan guru Andika kiBundarwastu, nepi kairaha bae oge eta batu ulah nepi kalesot…”
“Ma… manga…”
“Tah ayeuna hayu, urang ngalongok senapati, Arya…”
“Senapati Arya?” kiWidura kerung sabab karek ngadenge eta ngaran.
“Bener. Manehnateh senapati kaopat anu aya dicameti galing. Ngan geus hamper sabulan eta senapati aryateh teu tembong kaluar, cenah keur ngalaman gering parna. Terus terang bae kaula jadi curiga, boa siTaregos hideung anu dibinasakeun kuAdika sababaraha minggu kaliwatteh manehna…”
“Upami leres anjeuna, ageung kamungkinan senapati sanesna ngiring kalibeut, aki patih?”
“Bener pisan Widura, nu matak hayu urang buktikerun babarengan. Lamun senapati Arya aya, hartina dugaan urang salah. Tapi sabalikna, lamun euweuh hartina opat senapati anu salila ieu pagiling gisikteh “kirinyuh!” sarta siAnting wulan katut Indungna, milu…”
Ngadadak omongan kiPatih teu kebat, basa ngadadak kadenge sada kohkol anu ditihtirkeun datangna ti kalereun manehna. Samalah sababaraha urang prajurit, katembong lalumpatan muru datangna sora.
“Prajurit, aya naon?” walon aki patih bari ngajega.
“Ci... cilaka sun, cilaka...” ceuk siPrajurit bari tapak deku.
“Cilaka? Saha nu cilaka?”
“Se.. senapati Arya aya nu... nu nyulik...”
“Naon! Aya nu nyulik?” aki patih jeung kiWidura kontan silih leret.
“Le.. leres, sarta ayeuna tos kapendak. Mung parantos jadi layon…”
“Hhh! Naha bisa kitu? Kamana siSugri katut nusejena?”
“Du... duka...”
“Widura hayu!”
“Mangga tipayun…”
Belesat… aki patih lumpat miheulaan siprajurit. kiWidura oge nuturkeun, awakna langsung ngagajleng bari ngerahkeun elmu pangenteng badana. Tapi teu kira-kira kiwidura ngagebegna, basa karasa awaknateh leuwih berat batan biasana. Gerakana jadi lambat tanaga saktina loba ngurangan teuing sabaraha persena.
“Widura, kunaon gerakan maneh jadi lamban?” ceuk aki PAtih bari melong pinuh ku silidik, “Boa-boa maneh geus?”
“Geus naon, Aki patih?”
“Geus ngalakukeun hal anu teu munasabah jeung siAntingwulan?” kiWidura ngajenghok, “Hhh! Kaula bener-bener kuciwa, Widura. Teu sangka kateguhan bathin Andika ukur sakitu?”
“Tapi… tapi… aki patih, kuring… kuring nulungan nyawa…”
“Hhh! Andika geus kaperdaya, Widura…”
“Kaperdaya?” kiWidura colohok, sedeng aki patih geus ngabelesat jauh ninggalkeun manehna.
Sabot kitu, dua urang prajurit anu tadi tingaleun daratang. Ngaliwat kitu bae teu nolih kamanehana anu masih hareugeueun ku ucapanana aki patih.
Tepi kanu ditujul kasampak jalma geus ting laliud, tilu senpati Cameti galing nyatana kiSugri, kiRisang jeung kiBaran araya. Malah kiJantaka lalaki cetuk dawuk anu munggaran tepung oge geus kasampak bari taratanggahan kaluhur hiji tangkal, nyerangkeun hiji layon anu keur gugulantungan luhurun tangkal kai.
Anu matak muringkak bulu punduk, eta layonteh awakna meureut! Nyesakeun urat anu ranteng disakujur badana anu ngarangas.
“Naha yakin, eta jasadna siSenapati Arya, Sugri?” kadenge aki patih tumanya ka ki Sugri.
“Du.. duka gusti, margi… margi… jasadna sakitu reksakna…”
“Saha nu pangheulana manggihan ieu jasad?”
“Abdi, sun…”
Ceuk salah saurang prajurit, bari jeung sungkem ngarapetkeun kadua dampal leungeuna hareupeun dada.
“Kumaha mimitina?”
“Duka, da pas abdi ngalangkung kahandapaeun ieu tangkal. Diluhur sada aya nu ngagebru, barang dileret aya jasad kokoleaban siga anyar ngagantung. Mung anu ngagantungkeuna teu aya nu katinggal…”
“Naha yakin taya anu katingali, prajurit?”
“Abdi yakin pisan gusti, malih taros bae kanu sanesna anu pareng ngalangkung sasarengan sareng abdi…” ceuk sirajurit tatag bari rut-ret ka sababaraha urang baturna. “Moalmah siInjukawungteh ngagantungkeun layon bari matek halimunan? Margi sakumaha hebatna sirna bobot jalmi, piraku teu katinggal kolebat-kolebatna acan…”
“Lamun enya siInjukkawung harita aya, andika oge moal lolos dina maut. Prajurit…”
“Ohh… muhun-muhun, gusti…” tembal siPrajurit kaget, bet asa rewas kareureuhna-keun.
“Coba Widura, turunkeun eta layon…”
“Ma… mangga…”
Ceuk kiWidura bari unggeuk, malah ngan gajleng bae manehna luncat kaluhur dahan anu dipake ngagantung layon. Sok sanajan tanaga geus ngurangan, tapi ari karek luhurna sakitumah pikeun manehna teu jadi masalah.
Aya nu aneh, dina tungtung tali anu melit kana dahan, ujungna siga teu ditalikeun ku leungeun. Malah sidik dina tungtung tali, siga aya bandul mangrupa beungbeurat. Sanajan can kapikir nu leuwih jauh, tapi keur manehna anu memang kakocap cerdas geus aya bayangan. Kucara kumaha eta layon digantungkeun.
Ukur sakedapan layon senapati Arya geus digolerkeun. Diriung ku akiPatih, jeung nu sejena. Katembong layon senapti arya bener-bener pikangeneseun.
“Coba perhatikeun deui Sugri, Risang jeung nu sejena. Naha bener ieu jasadna senapati Arya?” kadenge akiPatih tumanya deui kanu araya didinya.
“Mh, leres aki patih. Soksanaos warugana tos meureut kieu, nanging upami nilik libetan kaen jeung gelang perak nu anggona ieu memang senapati Arya...”
Gauk! Ngadadak bae kiRisang ceurik nepi ka auk-aukan, waruga senapati digalentoran bari biwirnba teu leureuh sasambat.
“Meugeus Risang, teu kudu cengeng! Umur manusa memang teu ngaboga-boga…”
“Ah, aduh… pokona, hutang pati-dibayar kupati hutang nyawa dibayar nyawa. Awas siah injukawung, dagoan wawales aing…” ceuk kiRisang susumbar bari ngeupeulkeun kadua peureupna.
“Aki patih, naha kapungkur layon kiRawun binasa dina kaayaan kieu?” ngadadak bae kadenge kiWidura tumanya ka Aki Patih.
“Kaula teu bisa mastikeun widura, sabab kabeneran harita kaula keur teu nyampak…”
“Widura…” kadenge harita senapati Sugri mangnembalankeun, “Baheula.. jasadna kiRawun, memang binasa persis saperti kieu. Layona dianterkeun ku para puragabaya pangawalan barang…”
“Jadi kiwari jelas gusti patih, si Injukkawung memang aya! Lain ngan saukur dugaan komplotan jalma nu hayang ngamangfaatkeun ieu situasi...” kiRisang nyambungan, geterna pinuh ku amarah jeung panasaran.
“Hmm…” aki patih ngaheneng, laju nyarita deui.
Pikeun sakedapan eta koloteh ngajanteng, panona lurat-leret bangun aya anu dititenan. Salarea ukur calolohok, merhatikeun eta kolot anu bangun keur ngitung-ngitung hiji reka adegan.
“Widura, cikan kaula hayang mentes Andika. Kucara kumaha ieu layon digantungkeun, bari karana teu katingali nu ngagantungkeunana…”
“Sanaos abdi kirang yakin, nanging ari gambaran sareng kelemengnamah aya. Sumangga ku Abdi urang cobian direka adegankeun, aki patih…”
“Hmm… coba tunjukeun kanu araya didieu, Widura…”
kiWidura ukur unggeuk. Saterusna kaciri manehna menta dadung kasalah saurang prajurit anu aya didinya, sanggeus menang tuluy bae manehna motong tunggul kai anu berat jeung ukuranana kira-kira sarua jeung layon Korban.
Geus kitu eta tunggul kai ditalian kudadung, sarta ujung tali anu hiji deui dibeungbeuratan ku batu sagede peureup. Geus beres ngan belewer…
Batu dibalangkeun make tanaga lapisan anu geus meunang ngukur, tunggul kai kontan melesat muru dahan kai urut ngagantungna jasad senapati Arya. Kulawit-kulawit-kulawit, kreppp! Ngadadak dadung kukulawitan dina dahan, basa batuna mentok dadung langsung ngonci katalikeun. Sedengkeun tunggul kontan gugulayunan persis jasadna senapati Arya.
“Prajurit, naha jasad senapati Arya munggaran katingali oyag-oyagan kawas kieu?”
“Le... le... leres...” Ceuk siPrajurit gagap, nu haladir kontan colohok hetena muji ku cara jeung mikirna ieu jago.
“Kumaha, naha ku salarea geus kaharti, kumaha carana eta layon digantungkeun?” saur aki patih bari rut-ret kanu araya didinya.
“Parantosss…” cek hadirin saur manuk.
“Tah, ayeunamah hayu.. Ieu layon urang candak kapayunen gusti Adipati, urang kurebkeun diditu bari sakalian urang babadamian…”
“Sugri…”
“Abdi sun…”
“Parentahkeun sababaraha urang prajurit sangkan nyieun cikrak, hayu urang bawa ieu layon kajero pangungsian…”
“Unjuk sumangga, gusti…”
Ceuk senapati Sugri tandes, malah tuluy bae nitah sababaraha urang prajurit nyiapkeun cikrak. Sanggeusna cikrak sadia, layon tuluy dibawa kajero pangungsian, pikeun dipasrahkeun ka kanjeng Adipatisura.
Teu kacatur lilana dijalan, urang kocapkeun bae geus tepi ka jero pangungsian. Lain deui kaget sareng benduna sang Adipatisura, ku mireungeuh eta kajadian. Harita keneh, sarengsena ngurebkeun layon.. sakur wadia balad dikumpulkeun. Laju babadamian utamana ngaderes naon-naon nu geus tumiba ka senapati Arya nu gugur ku siInjukkawung.
“Hhh! Kurang ajar! Nya bener-bener telenges si Injukawungteh. Lain ngajawab kana pananya urang salarea, ieumah ngadon hayoh ngagunasika jalma nu teu aya daya. Sasat jalma nu keur gering ngadon dibinasakeun kitu bae, hhh?”
Kadangu sang Adipati cumarita bari kekerot, rarayna katinggal geuneuk. Ras ku katalajakna jalma nu ngakukeun siInjukawung “Jantaka, kumaha kajadian nu sabenerna? Andika anu boga tanggung jawab sapinuhna, ngajaga anu gering?”
“Duh.. sewu bebendu laksa duduka, sun. Dina lelesan dieu, sim abdi ngarumaoskeun lepat…”
“Dimarana Andika saparakanca waktu kajadian?”
“Kaleresan abdi… abdi sadayana nuju nguriling, sun…” ceuk kiJantaka bari ngeluk.
“Hhhh!”
“Nyanggakeun sadaya-daya, sun. Saur paripaosnamah ‘Bade disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang ge manga, rumaos abdi lepat…”
“Kaayaan geus samodel kieu, mustahil kaula ngahukuman Andika saparakanca. Anu jadi kahanjlu kaula, kunaon Andika sakabeh teu ngagugu kana saran kaula sababaraha waktu kaliwat? Coba lamun harita senapati Arya di bawa kadieu, meureun kiwari manehna masih salamet. Sahanteuna masih bisa riung mungpulung, najan masih dina kaayaan gering oge...”
“Sadaya-daya, nun...”
“Tapi... sagala rupa nu geus kajadian, memang teu lepas dina suratan takdir. Kaula teu bisa nyalahkeun sapinuhna kaanjeun...”
“Sadaya-daya, nun. Hatur nuhun...”
“Hm, aki patih kumaha lamun tos kieu?” Saur juragan Adipatisura, ditugtungan ku ngaleret ka akipatih Darbaseta.
Pikeun sakedapan, akiPatih teu buru-buru nyarita. Angur muterkeun paneuteupna kasakuliaheun eta rohangan. Matana anu ngagebur hurung, siga anu nyidik-nyidik hiji-hijina jalma bangun anu hayang ngabelek eusi hatena nu araya didinya. Sanggeus rada lila, pok aki patih cumarita atra nakeranan.
“Pikeun nyalametkeun sakabeh warga Cametigaling, wayahna urang salarea kudu ngungsi, alo adipati…”
“Ngungsi?”
“Bener…”
“Naha teu aya jalan sejen, akipatih? Kaula inggis, kajadian anu dilawang kori tumiba ka urang sakabeh…”
“Mangsa kiwari, urang salarea ibarat keur disanghareupkeun buah siMalakama. Mundur jungkrang, maju jungkrang estu duanana oge ngandung risiko anu teu eleh bahayana. Tapi… saupami alo adipati gaduh pangemut mangga bae diuningakeun…”
“Kieu Aki Patih, aya beja ti juru iber magar kiwari pasukan sunda nu kakuatanana leuwih badag keur muru kadieu. Naha teu leuwih alus eta pasukan ditungguan bae nepi kasababarha poemah akipatih?”
“Kaula rada sangsi upama eta pasukan datang panceg kana waktuna, Alo adipati. Sedeng perlu dikanyahokeun yen kasadiaan pangan ukur sanggup keur saminggueun deui. Jadi leuwih saminggu kaditu, ditanggung urang salarea binasa dina kaayaan kalaparan…” akipatih nerangkeun hal kasalempanganana ka kanjeng adipati katut ka nusejena.
Keur kitu cong.. ngadadak kiJantaka nyembah.
“Gusti, kumaha lamun rancana tipayun urang lakukeun? Nyatana milari katuangan, kanggo bekel salami nunggu balabantuan ti karajaaan pusat datang…”
“Hmm… rencana alus, Jantaka. Aki patih kumaha saur pamendak akipatih?” bari melong ka akipatih.
“Eta rencana memang alus, alo. Ngan bae, risikona urang bakal kaleungitan jalma-jalma pinilih.. sabab sanggeus kajadian tadi, kaula sangsi aya jalma anu sanggup kaluar hirup-hirup diieu kadipaten. Nya kaasup kaula sorangan…”
“Naha aki patih geus ngarsaa yakin, yen palaku salila ieu memang siInjukawungteh?”
“Sanggeus kajadian tadi beurang, kaula jadi ragu kuayana sakomplotan jalma tea. Tapi naon-naon oge teu bias nutup kamungkinan…”
“Teras kumaha saena atuh, akipatih?”
“Ayeunamah kieu bae, upama alo adipati katut nusejena keukeuh peuteukeuh hayang bertahan diieu kadipaten. Heug, eta rancana urang lakukeun. Ngan bae, dijero pangungsian kudu tetep aya anu ngajaga. Upama alo adipati teu ngarasa kabeuratan, isuk kaula sorangan anu baris indit…”
“Hmm…” katangen raray sang adipati robah meueusan, tapi teu lila geus biasa deui malah pok nyarita bari neuteup keudeu ka akipatih.
“Hmm…” katangen raray sang adipati robah meueusan, tapi teu lila geus biasa deui malah pok nyarita bari neuteup keudeu ka akipatih. “Tapi.. naha yakin, aki patih?”
“Kaula yakin, alo…” Keur kitu cong.. kiJantaka siCetukdawuk nyembah, bari pokna.
“Abdi kersa mantosanana, sun. Sanajan kudu ilang nyawa teu panasaran tos bumela ka bangsa jeung nagara…”
“Dalah Abdi ge sanggem, sun. Malah saupama manehna muncul, nya ieu pisan kasempetan kanggo abdi pikeun males pati ka siInjukkawung!”
Ceuk senapati risang ngetab-ngentab pinuh ku amarah. Disusul ku senapati sugri katut kibaran, salarea sapuk seja nandonkeun nyawa milu marengan akipatih.
“Kumaha aki patih, geningan maranehna geus sariap…”
“Saperti anu tos disebutkeun tadi, alo. Ieu pangungsian ulah ditinggalkeun ku jalma pinilih, ayeunamah kieu kaula anu nghatur…”
“Hm.. mangga, nyanggakeun teu langkung salira aki patih…”
“Andika Widura, Jantaka katut kiRisang milu kakaula. Sedeng senapati Baran jeung sugri, jaga sang Adipati katut warga pangungsian…”
“Mangga…” ceuk nu disebutan ngarana bieu saur manuk.
Sarengsena babadamian, sang Adipati nutup eta riungan. Salarea bubar katempatna sewang-sewangan, kaasup kiwidura mulang kakamerna dibarengan ku hate anu marojengja.
“Guprak! Satengah mebetkeun maneh, awakna digubragkeun kana dipan. Awak masih karasa laleuleus, sumangetna melempem bener-bener karek karandapan kumanehna.
“Mh, naha naon anu geus kajadian kadiri aing? Naenya kitu, awak aing jadi lungse kieu gara-gara ngubaran nyiAnting tadi peuting?”
Kitu ceuk kiWidura bari nyenang luhureun dipan, pikiran rus-ras kaditu kadieu. Inget kana ucapan-ucapanana aki patih. Anu nembongkeun ka kuciwaanana, dumeh manehna dianggap lemah bhatin jeung ka imananana. Anu matak bingung keur manehna, mangsa aki patih nyebut magar manehna geus kaperdaya ku Antingwulan.
“Duh, aing jadi panasaran, kunaon aki patih nyebut aing geus kaperdaya ku Antiwulan. Na saha cenah antingwulan katut indungna nu sabenerna? Gening dina pandangan aki patihmah, eta dua awewe indung jeung anakteh siga kurang hade. Ah, nu leuwih penting ayeuna. Aing kudu mulihkeun heula kakuatan, sabab aing ngarasa aya anu teu beres…”
Kitu ahirna kiWidura nyokot kaputusan. Bari sanggeusna kitumah, ngan koloyong bae kapalebah buntelan sarta terus ngaluarkeun hiji barang anu disimpen dina cepuk anu gedena sagede kotak kayu api. Lalaunan eta cepuk dibuka, tetela mangrupa obat jero nu geus menang ngabekukeun.
Lek.. obat diteureuy buled-buled. Pikeun sawatara kedapan manehna angur ngagoler bari ngararasakeun kalungse nu pohara.
Sanggeus rada jagjag, gek.. manehna diuk luhureun dipan awi. Narik napas heula sababaraha kali, geus kitu ngan krep... bae manehna sidakep sinuku tunggal, mepet pancadria anu opat. Laju metakeun elmu Harewos Tongo dijero liang. Hiji ilmu nu kawilang ajaib, sabab nu salian ti mampuh ngadengekeun rupa-rupa sora ti kajauhan, tapi oge eta elmuteh mampuh nalisik ka jeroeun diri. Mariksa kajeroeun raga badag nu keur ngalaman tatu atawa kena ku kasakit.
Nyaan bae, dina belegbegna kapeutengan, nalika panona mimiti sumerep kajero aleran getih nu mangrupa sarabut cahya hejo. Kumanehna kaciri, loba aleran darah anu kaparengpet ku hiji cahaya coklat samodel virus atawa panyakit.
Dibarengan ngirup hawa tiluar kajero, eta cahaya coklat nu marengpetan getihna dikaluarkeun. Temahna kana awak jadi seger, sumangetna mimiti hurung teu melempem cara samemehna. Ngan manehna sadar, hamper 20% kakuatanana geus leungit teuing kamana.
Cukup lila manehna tilem kadasar sagaraning raga, papuket teu nolih wanci jeung kaayaan anu geus mimiti nyedek kaburit. Sanajan warugana ukur diuk sinuku tunggal, tapi tembong kesang nepikeun kajuuh sabulu-bulu.
Kakara sanggeus aliran Chi/tanaga saktina pulih tur ngagalura sakumaha biasana, manehna ngabentakeun panona.
Kitu oge dililirkeun ku sora-sora aneh luareun kamer guha, siga sora jalma anu ting garero katahan diserang ku samberan angin tikajauhan. Malah samar-samar karasa, aya hawa tiis ting hiliwir asup kajero kamer. Sedeng katembong, lampu tempel luak-leok katebak angin salah dimangsa.
Jut manehna turun, panona melong kapalebah lawang kamer. Sabab sora lengkah suku anu arentengteh muru kapalebah dinya, teu lila srog.. aya nudaratang. Dua urang jalma, anu pangawakanana lalangsing. Nu hiji make pakean sing sarwa hejo, nu hiji deui sing sarwa beureum. Mungkus lekuk-lekuk awak kukaen sari, ukur hariguna bae nu katarembong karoneng umyang.. katojo lampu tempel.
Terrr… ngadadak hate kiWidura ngageter, demi apal saha nu daratang. Taya lian maranehnateh AntingWulan jeung nyai mayang, indung jeung anak anu kageulisanana siga nu hayang silih elehkeun.
“Ju… juragan, nyi.. nyimas…”
Ngageter sora kiWidura basa nyebut ngaran eta dua awewe. Saleretan ebreh, sorot panon Antingwulan anu biasana sayu.. kiwari ngagenclang herang! Malahmah semu-semu anu hurung. Ngisaratkeun, yen tanaga lapisan eta wanoja kiwari geus ningkat. Nu matak heran, dina beungeutna taya gurat-gurat kasedihan nu kagambar saperti waktu kamari-kamari.
“Widura, naha ibu duaan teu ngaganggu?” kadenge nyai mayang cumarita.
“Hen.. henteu juragan, manga atuh calalik…”
“Hmm… nuhun atuh, Widura…”
Ceuk nyai Mayang bari terus ngalengkah, dituturkeun kunu jadi anakna. Sanggeus duanana dariuk, kadenge kiWidura tumanya dibarengan ku ratugna jajantung.
“Pangapunten sun, manawi teu kaabotan. Aya pikersaeun naon atuh, numawi salira duaan dungkap kadieuteh? Abdimah sok asa rarewas, sun...”
“Ah, teu kudu rewas-rewas, widura. Da euweuh nanaon, ieuh. Datang kadieuteh, kahijinamah ibuteh rek nganuhunkeun. Heueuh.. sareatna, lamun hidep teu turun tanganmah, boa sinyaiteh geus kumaha? Boa meureun ayeunateh, geus ngababatang ngajampana bugang, lain kitu Anting?”
“Oh, perkawis etamah teu kedah janten emutan, juragan. Ningal nyimas Antingwulan parantos sehat oge, pikeun abdimah tos ngaraos bungah…”
“Mm.. nuhun Widura, tetela Anjeun lalaki sajati. Atuh anu kaduana, ibu teh ngarasa panasaran kumaha kaayaan anjeun satutasna ngubaran sinyai…”
“Maksadna… ku… kumaha, juragan?” Abdi… abdi kirang ngartos…” ceuk kiWidura bari rada ngagebeg, demi ngadenge pananyana ieu awewe.
“Naha awak hidep teu ngarasa laleuleus, satutasna ngubaran kasakit anehna sinyimas?”
“Oh, eta? Eu.. eu…”
“Hihi… teu kudu asa-asa, Widura. Balaka, bae. Da moal naon-naon…” ceuk nyai Mayang ditungtungan ku imut ngagelenyu, mani leleb nakeranan.
“Terus terang, abdi… abdi rada lunges, juragan…”
“Hihi… anjeun nyaho pangna bias kitu?” ceuk nyai mayang deui, bari ayeunamah ngisedkeun diukna ngadeukeutan eta jajaka.
“Juragan…” kiWidura ngagero, panona ngaleret ka Antingwulan.
“Teu kedah sungkan, kang…”
“Ieu… ieu naon maksudna?” ceuk kiWidura anu mimiti sadar aya anu teu beres.
“Sabenerna kieu Widura, kasakit siAntingwulan salila ieu sabenernamah ukur akon-akon wungkul. Ngarah anjeun daek nyubadanan kana kahayangna, tur tanaga sakti anjeun pindah ka siAntingwulan…”
“Atuh… lamun kitu caranamah, bener ceuk Akipatih yen kuring geus kaperdaya…”
“Hihi…”
“Saha anjeun nu sabenerna?” ceuk kiWidura bari waspada, malah tanaga lapisanana geus disiapkeun dipake ngalimpudan awakna dina serangan musuh.
“Anjeun nyaho pangna kaula ngalakukeun hal saperti kitu?” ngadadak Antingwulan nangtung, sorot panona ngadadak robah semu hurung pinuh ku kaceuceub. “Sabab kaula boga dendam salaput hulu kaanjeun, anu geus kumawani mateni salaki kuring dihareupeun karaton…”
“Saha sabenerna salaki Anjeunteh nyimas Anting?”
“Sitaregos hideung deuleu, alias senapati Arya anu kuburanana aya ditaman sari tea…”
“Baruk?!” kiwidura, ngajenghok.
“Sabenerna tadi peuting jiwa anjeun geus kudu ngalayang kubalati kami, tapi situasi miharep sejen. Jiwa andika masih keneh dibutuhkeun, pikeun dipake eupan sicareuh. Hihihi…”
“Widura…” kadenge nyai Mayang cumarita, “Kiwari kakuatan Andika tinggal 80 persenan deui, pikeun kaula duaan sabenerna gampang pikeun mateni anjeun. Tapi pimpinan kaula miharep, Andika bisa kajagragkeun hirup-hirup…”
“Uama kitu, gera coba aduhareupan jeung siWidura…”
“Hih! Haittt…!!!”
Ngadadak nyiMayang ngagero, dibarengan ku ngarogohkeun ramo-ramo leungeuna rek ngorowot dada kiWidura. Kusabab kaayaanana memang padeukeut, taya jalan sejen ti kapaksa kiWidura malangkeun dampal leungeuna.
“Seakkk! Wuttt… Deuss!!! Juralit! Awak kiWidura langsung ngajuralit, tuluy ngageblag nangkarak dina tehel guha. Sabalikna, nyai mayang oge tijengkang.. tetela najan tanaga ieu jajaka geus kaserep ku Antingwulan, tapi cukup ngabahayaeun keneh pikeun manehna.
“Hiuk kolepat… kolepat…”
Dina gerakan anu kacida kesitna, giliran Antingwulan anu narajang. Kadua ramo-ramona nu ramakah pating kolepat, nyamberan awak kiWidura anu mun kena pinasti matak bobor karahayuan. Harita oge, karasa kumanehna, aya sarangkum hawa tiis ting saleor nembag awakna. Anu karek pisan pancuh dina tangtunganana.
“Bener ceuk akipatih, yen Andika duaan kiRinyuhna! Heup…”
“Hihi…! Eta memang bener, Widura teu salah. Haitt…”
“Hhh! Kaula geus janji, bakal ngabinsakeun jurujana anu geus ngalantarankeun banjir getih dicameti galling. heuppp…”
“Urang buktikeun, saha anu baris binasa. Hihi…” haitt…”
Dua jirim kontan ting kolebat, tetela najan tingkatan kiWidura geus anjlok dua tingkat. Tapi kusabab tadina, Antiwulan aya dua tingkat disahandapeun kiWidura ngalantarankeun kiwari pertarunganteh jadi saimbang.
Mun Antingwulan naek, kiWidura turun dua tingkat. Sarta kiwari eta pertarungan jadi saibang, sababaraha kali Antingwulan kudu mundur malah ngagulitikeun awak dina samberan jurus Cakar Rajawali kiWidura.. anu dilakukeun ku tilu romona nu kuat alabatan waja.
“Tetela, Andikateh masih cukup lingas Widura. Heupp… haittt!!”
Ngadadak nyai Mayang ngagorowok, bari terus maju narajang milu ngarepuk kiWidura.. atuh, can naon-naon oge kiWidura langsung ripuh. Sukuna terus undur, unduran sababaraha kali leungeuna bentrok jeung leungeun nyiMayang atawa Antingwulan anu ngakibatkeun dadana karasa sesek sarta leungeuna karasa nyareri jeung lalinu.
Malah, breth…” kalung anu napel dina beuheungna benang kajambret kuramo-ramo Antingwulan. Dukk! Dadana kasaber ku dampal suku nyai mayang, tungtungna kiWidura ngajengkang bari murahkeun getih hirup lebah sungutna.
“Bluk! Kana dipan. “Hihihi… ieu budak urang sina jadi jalma cacad Anting, tanaga saktina urang seuseup nepi kabeak kukami. Hihi…”
“Ku kuring ditunggu dipanyumputan, aceuk!”
“Nam…”
Jorelat… ukur sajorelat, jirim Antingwulan geus teu katingali. Ninggalkeun nyai mayang jeung kiWidura, anu geus teu walakaya.
“Hihihi…” kadenge nyai Mayang nyikikik, sorot panona geus teu galak.. malah beunang disebutkeun sabalikna.
“Leuwih hade, binasakeun kaula. Iblis…”
“Dinawaktuna ku kami pasti dibinasakeun, Widura! Tapi… tapi samemehna. Tanaga sakti Andika baris disedot heula ku kaula. Hihihi…”
“Huuppp…” ngadaadk kiWidura buncelik, basa bahamna dicekok racun Panumbuh Birahi ku eta awewe. Kontan bae kiWidura rubuh, dina kaayaan getih anu ngagolak panas.
“Hihihi…”
Kadenge nyiMayang seuri ngagikgik, bari unggah kana luhur dipan, dimana awakna kiWidura geus teu walakaya.
“Wuuttt, pesss…!!!” lampu tempel ngadadak pareum, basa eta awewe ngebutkeun ramo-ramo leungeuna nu ngandung hawa tiis.
Reup poek. Deui-deui kiWidura kudu kaleungitan tanaga saktina, disedot ku nyai Mayang anu mibanda elmu anu sarua jeung Antingwulan. Aji Leget ireng, anu mampuh nyedot tanaga sakti ngaliwatan sapatemon tug nepi ka nudisedotna beakeun tanaga bahkan binasa.**
Teuing geus sabaraha lila manehna ngalaman teu eling, ngan basa mimiti sadar karasa kadua dampal leungeun jeung sukuna nyeri luar biasa. Waktu nyoba diobahkeun teu bisa, malah kadua suku jeung leungeuna beuki angot karasa nyerina. Sing horeng.. dirina geus dipasung dina hiji tihang teu jauh dijalan padati.
Kadua dampal leungeun katut sukuna dipantek, kana tihang dina kaayaan japlang.
“A.. aduh… aduh…”
kiWidura humarurung bari nahan kanyeri. Batina jumerit, hatena sumambat kanu jadi guru anu mangkuk dipuncak gunung Sanggabuana. kiWidura ngarasa sedih, sabab tibatan hasil ngarengsekeun uru-ara Cametigaling.. malah bet sabalikna manehna jadi korban kakejeman hiji komplotan anu ngakukeun siInjukawung.
Ingeut kanu jadi guru, ingeut oge kana sagala rupa piwejang anu kungsi digalindengkeun kamanehna. Magar cenah, sakumaha bae urang keur manggihan karerepet, urang kudu tetep tenang. Hate menang tagiwur, tapi sirah kudu tetep tiis.
Ingeut kadinya, ngan reup… kiWidura peureum, satekah polah elmu harewos tongo dipetakeun deui pikeun mulihkeun tanaga saktina anu geus meh musnah. Breh… diantara petengna peteng nu paling peteng, sakur aleran getihna nu mangrupa sarabut hejo, loba anu kapenetan cahya coklat, kaciri ngagorogotan sesa-sesa tanaga saktina.. anu masih ngamalir soksanajan geus tinggal sababaraha persen deui.
Sanggeus cukup lila manehna metakeun eta elmu, karasa kanyerina rada ngurangan.. tanaga timbul deui, atuh uteukna oge bisa dipake mikir teu buntu teuing cara samemehna.
Keur kitu, cirihil… kadege sora anu nyirihil datangna handapaeun tangkal gede. Basa kumanehna dileret, tetela nyai mayang jeung Indungna. Dikawal ku sababaraha urang jalma anu samagreng ku pakarang, kayaning tumbak jeung kolewang.
Jumlahna moal kurang ti 50 urangan, make pakean sing sarua hideung ngetat kaasup nyai MAyang jeung Antingwulan. Awakna anu langsing kaciri jelas, marake wawalun dina beuheung anu can diparakekeun.
“A.. antingwulan… Ouuhhh…” kadenge manehna cumarita, meh teu kadenge. Sedeng katingali dibarengan ku imut ngagelenyu, eta indung jeung anakteh nyampeurkeun kapalebah manehna anu keur dipasung.
“Widura, kumaha karasana awak anjeun sanggeus tadi peuting ku kami disedot tanaga saktina? Hihi… naha ayeuna karasa leuleus?”
“Anjeun bener-bener Iblis, Nyai Mayang!”
“Hihi…” disebut Iblis kitu, nyai mayang angur ngagikgik. “Najan beda cara jeung siAnting tapi tujuananamah tetep sapatemon, sangkan tanaga sakti Andika pindah ka kaula duaan. Hihihi…”
“Ku.. kurang ajar!! Andika… andika duaan be… bener-bener biadab…”
“Kaula duaan memang geus biadab tibaheula mula, Widura. Tapi… hihi, naha anjeun nyaho, pangna Andika teu langsung dipaehan? Malah diperlakukeun saperti kieu?”
“Hhh! Kaula teu hayang nyaho…” ceuk kiWidura bari miceun beungeut.
“Sabab anjeun rek dijieun tendon, sangkan siCareuh daek masrahkeun barang anu dipiharep ku kaula sakabeh…
— di Orchid raya Permana.
 

Komentar

  1. Mantaafffff Mang Giok mangga di lajeng diantosan nusalajengna... hehhehehehehe..mugia sukses Mang

    BalasHapus
  2. Mantaafffff Mang Giok mangga di lajeng diantosan nusalajengna... hehhehehehehe..mugia sukses Mang

    BalasHapus
  3. Panasaran Mang...nusalajengna tos ngapung kitu....hehhehheheh

    BalasHapus
  4. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Asal-usul Raja Kelong

Sasakala Raja Kelong 1.  Buronan.  iji Lalaki katémbong nangtung luhureun bangbarung dihiji tepas imah, panona lurat-lerét kalebah ting jaregjegna tatangkalan jeung dapuran awi nu poék teu kacaangan cahaya bulan. Geus sidik euweuh sasaha manéhna tanggah kaluhur, nénjokeun bulan nu keur meujeuhna moncorong. Rénghap... manéhna ngarénghap semu nu senggah. Kalérét méga bodas nu ngayang disabudeureunana kumalayang katiup angin, nyiptakeun pamandangan luar biasa, saolah-olah bulan keur balayar dilautan méga.. nyiriwik tarik lir tutunggangan Putri Pohaci diBuana nyungcung. Angin karasa tiis-nyecep kana kulit silalaki, nu ngan ukur dicalana sontog jeung libetan kaén sakadar panyinglar tiris. Buuk nu hideung meles seret taktaktéh ririaban katebak angin, matana nu seukeut terus larat-lerét niténan sabudeureun imah bangun anu rempan aya jalma sejen di eta patempatan. Sanggeus sidik diluar taya sasaha, silalaki nu umurna paling banter kana 25 taun-an téh  asup deui kajero imah...

#Uru_ara_Cameti_Galing #Episode_SiInjukkawung #Tamat

#Uru_ara_Cameti_Galing #Episode_SiInjukkawung #Tamat “Barang? Naha barang na.. nanahaon atuh, anu… anu dimaksud ku anjeun sakabehteh, Nyai mayang?” “Hihi…” nyai MAyang angur ngaleret ka Antingwulan anu salila ieu disebut anakna. “Antingwulan, naha bejakeun?” “Bejakeun bae aceuk, supaya manehna teu paeh panasaran…” “Hihihi… nya heg atuh, ari kitumah Anting. Dengekeun Widura, bisi Andika hayang nyaho. Barang anu salila ieu diincerteh mangrupa peta pusaka tempat paneundeunan harta karun milikna Tarumanagara samemeh runtag! Tapi… lain harta-hartana teuing pikeun kami duaan anu dipikahayangnamah…” “Lamun lain harta, naha kana naona atuh…” “Kitab pusaka Rajakelong deuleu, anu mana eta kitab mampuh makieuhkeun jalma tangka Abadi teu kahontal ku malakal maut….” “ Hhh? Memangna aya kitu, elmu… elmu sa… sarupa kitu?” “Tangtu bae aya deuleu. Hihihi…” “Jadi… jadi.. eta alesanana pangna Anjeun saparakanca, nyieun rajapati diCametigaling?” “Bener!” “Saha Anjeun nusabene...