#Uru_ara_Cameti_Galing
#Episode_SiInjukkawung
#Tamat
“Barang? Naha barang na.. nanahaon atuh, anu… anu dimaksud ku anjeun sakabehteh, Nyai mayang?”
#Episode_SiInjukkawung
#Tamat
“Barang? Naha barang na.. nanahaon atuh, anu… anu dimaksud ku anjeun sakabehteh, Nyai mayang?”
“Hihi…”
nyai MAyang angur ngaleret ka Antingwulan anu salila ieu disebut anakna.
“Antingwulan, naha bejakeun?”
“Bejakeun bae
aceuk, supaya manehna teu paeh panasaran…”
“Hihihi…
nya heg atuh, ari kitumah Anting. Dengekeun Widura, bisi Andika hayang nyaho.
Barang anu salila ieu diincerteh mangrupa peta pusaka tempat paneundeunan harta
karun milikna Tarumanagara samemeh runtag! Tapi… lain harta-hartana teuing
pikeun kami duaan anu dipikahayangnamah…”
“Lamun lain
harta, naha kana naona atuh…”
“Kitab
pusaka Rajakelong deuleu, anu mana eta kitab mampuh makieuhkeun jalma tangka Abadi
teu kahontal ku malakal maut….”
“Hhh? Memangna
aya kitu, elmu… elmu sa… sarupa kitu?”
“Tangtu
bae aya deuleu. Hihihi…”
“Jadi… jadi..
eta alesanana pangna Anjeun saparakanca, nyieun rajapati diCametigaling?”
“Bener!”
“Saha Anjeun
nusabenerna? Kaula teu yakin lamun Andika duaan, anak jeung pamajikanana juraga
Adipatisura…”
“Hihi….”
Nyai mayang angur seuri bari ngadilak kanu keur dipasung.
“Naha Andika
duaan nu katelah Widadari Kalimaya? Anu kasohor tukang malingan kitab pusaka?”
“Hihi…
Lega oge ambahanteh, Widura. Kaula salut! Hihi…”
“Pantesan…
akipatih, sababarahakali ngingetan kuring. Ouhhh…”
Ceuk kiWidura ditungtungan kuhumarurung, basa tatuna katiup
angin anu rada badag.
“Kaula
duaan memang nukatelah Widadari kalimaya, Widura. Jalma anu purah malingan
kitab pusaka. Samalah sababaraha diantara geus aya nu hasil diteuleuman nepi
kasampurna. Kaasup jurus Cakar Iblis jeung Leugeut Ireung anu kungsi dipetakeun
ka anjeun…”
“Tetela Andika
sarakah, nyai. Dina watuna eta kasarakahan pasti bakal malines kadiri sorangan…”
“Hihihi…
teu kudu loba omong, anguranmah saksian bae sakeudeung deui naon anu bakal
kajadian…” kiWidura teu nyarita deui, panona dipeureumkeun ngararasakeun
kanyeri dina dampal leungeun jeung suku anu dipantek kana tihang pasungan.
“Nyimas,
aya nu datang…” salah saurang pangawalna aya anu cumarita, bari nunjuk
kalandeuh. Kontan bae salarea ting laleret, kaasup kiWidura. nyaan bae, rentang-rentang
ti kaanggangan ara nu daratang. Nu matak kaget keur manehna, tetela nu
daratangteh juragan Adipati katut dua senapatina kiSugri jeung kiBaran.
Jep… kaayaan jempe, Antingwulan katut nyai mayang ting koloyong
ngahiji deui jeung baturna. Sedeng anu ngabring beuki lila beuki deukeut, nu
ahirna srog.. anjog kahareupeun Antingwulan jeung nyai mayang. Malah kadenge
sang adipati cumarita.
“Kumaha,
nyai mayang? Naha siWidura geus eling?”
“Parantos
tutuwa…”
“Alus!
Kumaha kaayaanana?”
“Sakumaha
anu tos diparentahkeun kusalira, kiwari manehna geus menang masung. Tuh
tingal…”
Ceuk nyai Mayang ditungtungan kununjuk kapalebah kebon eurih nu
bala, didinya jirim kiWidura meh teu katingali kahalangan ku eurih jeung
kakayon.
“Hehehe…
alus, sukur siWidura masih keneh hirup. Sabab lamun manehna paeh, percumah
urang kikieuan….”
“Tapi…
naha yakin, lamun ieu siWidurateh anakna?”
“Kaula
yakin pisan, Mayang. Sabab siBundarwastu mo masrahkeun eta kalung, lamun lain
ka ahli warisna siDarbaseta. Perlu dikanyahokeun, hamper 22 taun kaliwat.
siDarbaseta, nitipkeun anakna ka Sanggabuana ku ngarasa teu untupan ngurus
jeung ngagedekeunana.. kusabab apanan manehnateh pangawal satiana kiSura tibaheula
mula babarengan jeung kaula. Anu mana teu weleh milu nganclong ngitung lembur
ngajajah milangan kori…”
“Hmm… kutan kitu lalakona?” ceuk nyai Mayang ditungtungan ku
ngaleret kanu keur dipasung.
Sedeng ari kiWidura lain deui ngagebegna, demi ngadenge caritaan
juragan Adipati. Mang taun-taun manehna teu weleh hayang nyaho, saha indung
bapana. Tapi ku guruna tetep disamunikeun, magarkeunteh tacan waktuna. Kari-kari
kiwari ngagorehel kusorangan, bari jeung kaluar dina biwir musuhna.
Jeung aya anu teu kaharti dina ucap-ucapanana eta juragan
Adipatisura, kunaon nyebut dirina milu ngadunungan ka kiSura. Saha anu dimaksud
kiSura kumanehna? Panan sidik, juragan Surateh manehna sorangan.
“Kumaha
kaayaan dijero, kang Sura? Apa sicareuh geus mimiti bagerak?”
”Kiwari
siCareuh jeung baladna mulai bagerak, mayang. Anu moal lila deui oge, tagtu
maranehna kaluar. Tah kukituna, gera siap-siap urang paksa eta kolot serah
bongkokan kucara anu samemehna, tacan kungsi kabayangkeun kumanehna. Hahaha…”
Saur juragan Adipatisura ditungtungan ku seuri lelengakan.
Saterusna eta koloteh, disalin make pakean sing sarua hideung lengkep jeung
taregosna.
Rap-rap.. Antingwulan jeung nyai Mayang ge narurutan, taregos nu
tadi meulit nabeuheung dipake. Ukur sakedapan, sabubuhan jalma anu jumlahma
moal kurang ti 50 uranganteh, geus marake taregos hideung.. anu kaciri ukur matana bae anu buburilengan galak.
Teu kungsi sapanyeupahan, tetela omongan adipatiSurateh bener.
Samar-samar tikajauhan aya sabubuhan jalma anu keur ngalabring, kaluar
ngaliwatan lawang kori.. kebat mapay-mapay jalan padati nu bala ku tutuwuhan
jeung kakayon. Saha maranehnateh, taya lian ti akipatih sabalad-balad anu boga
maksud rek nyiar kadaharan keur bekel warga cameti galing enggoning nunggu
balabantuan ti karajaan Sunda.
Tadi isuk-isuk keneh, sabenerna aki patih jeung Kanca-kancana
geus harudang malah siap arindit. Tapi ngadadak bae aya beja, magar kiWidura
euweuh ditempat. Sarta luhureun meja aya tulisan anu unina, yen manehna keur
ngudag jalma anu nyurigakeun.
Kukituna, kalawan kapaksa atuh aki patihteh indit bari teu
dibarengan ku kiWidura, padahal sanyatanamah akiPatihteh miharep pisan bisa
kaluar babarengan jeung eta jajaka.***
Beuki lila eta rombonganteh beuki deukeut, kapalebah juragan
Adipati sura saparakanca. kiWidura nu aya teu jauh didinya sababaraha metakeun
elmu Harewos Tongo dijero liang, sangkan sesa-sesa tanaga bisa maksimal pikeun
milu ngabantu ka Akipatih saparakanca anu rek ngalaksanakeun tugas mulya
nyalametkeun warga Cametigaling dina bahaya kalaparan. ds
Heuleut sawatara waktu tiharita, Srog.. ahirna rombongan aki
patih tepi ka hareupeun juragan Adipati anu geus marake taregos. Katembong,
kiJantaka katut senapati Risang ngajanteng ngapit aki patih kenca katuhueunana.
Sedeng para prajurit sejena, siap sayaga aya disatukangeunana bari
masing-masing Ramona geus narumpang dina perah bedog sewang-sewangan.
“Hmm…
saha Anjeun sakabeh?” kadenge aki patih tumanya, bari nyidikeun ka jalma anu
ditararegos hideung.
“Heheh..
Nya kaula siInjukkawung…”
“siInjukkawung?”
“Bener…”
Ceuk juragan Dipati semu ngosom.
“Jadi
Andika anu salila geus mergasa sakur warga cametigaling kaasup kiRawun jeung
senapati Arya?”
“Heheh…
bener. Dua diantarana meureut, sesana binasa ku anak buah kaula sakabeh. Hehe…”
“Oh,
jadi Andika anu geus mergasa dulur kaulateh, hhh?”
Ceuk kiRisang bari jeung maju salengkah kahareup, ngan ku
akiPatih taktakna kaburu ditahan manten bari nyebut tenang.
“Tenang Risang, teu kudu kaburu kunafsu…”
“Eu… manga, gusti patih….” Ceuk kiRisang bari mundur deui. “Lamun Andika bener siInjukawung, naon atuh
kahayang Anjeun nu sabenerna?”
“Pasrahkeun peta pusaka anu dirampas tiMurid kaula sababaraha
welas taun kalarung di maraapi…”
“Peta pusaka?”
“Bener! Sabab samemeh kiJayeng murid kaula binasa, manehna
sempet ngaharewos yen peta pusaka dirampas ku urang Bhumikulon. Nyatana Andika
jeung kiRawun…”
“Hmm… saupama Andika bener-bener siInjukawung, ieu peta pusaka kalawan
suka cita ku kaula dipasrahkeun. Ngan aya saratana…”
“Naon saratna?”
“Buka taregos Anjeun sakabeh. Ambeh kaula teu panasaran
enggoning masrahkeun ieu peta Pusaka…”
“Hhh! Jadi intinamah Andika teu percaya lamun kaula
siInjukawung?”
“Ngaran siInjuk kawung meh tilem 100 taun kalarung, sajaman
jeung guru kaula nu geus sampurna dikalanggengan. Jadi… mustahil aya jalma anu mampuh
hirup nepi ka sakitu lilana...”
“Kurang ajar, Hhh! Lamun kitu carana, batur-batur dengekeun.
Binasakeun kabeh anu milu biluk ka ieu siDarbaseta. Seranggg…”
Ceuk siTergos ngagorowok bari ngalambeykeun leungeuna kahareup. Atuh
jleng-jleng! Ngadadak baladna sitaregos maju, langsung nyerang komplotan aki
patih anu memang sarua geus sayagana.
“Sreng-sreng! Trang-trang-trang…”
Bedog paadu jeung bedog,
tumbak paadu jeung kolewang ngadatangkeun sora anu ting belentrang awor jeung
tinggorowokna prajurit ti dua belah pihak. Anu sanyatanamah masih keneh dulur
sanagara Cameti galling.
“Heya…” seak… seak…”
Kadenge tukangen akipatih aya nu ngagorowok, disusul ku samberan
angin anu ngadung tanaga jero anu kacida rosana. Kusabab jarakna ukur sesetian
atuh eta dua seranganteh teu emis deui, ngahanca tonggong jeung walikatna aki
patih.
“Hiukk…” “Buk! Buk!” “Uaddawww…”
Dua jalma ting koceak, disusul ku masing-masing awakna anu metal
deui katukang. Sok sanajan aki Patih siga anu cilereun, tapi sabenerna aki
patih geus matek Aji Wesi purasani.. Hiji elmu numampuh nolak, malah malikeun
serangan kanu bogana.
“Guprak! Guprak!”
kiJantaka jeung kiRisang anu bieu narajang, langsung ting
galuprak kana kamalir. Dua nana terus ting araduh, masing-masing dadana kageter
hebat akibat tanagana anu malik.
Sabot duanana ting kuniang, bari teu ngarti kakuatanana malines
kadenge sitaregos cumarita.
“Haha! Tetela aji Wesi Purasani Andika beuki ningkat, Darbaseta…”
“Hm, geningan Andika apal kana ieu ajian?”
“Haha! Nyatangtu bae, deuleu. Malah leuwih ti apal. Yeaa…!!”
Ceuk sitaregos ditungtungan ku nga gorowok. Awakna langsung
ngolepat, dampal leungeuna langsung dijeblagkeun ngarah dada kiDarbaseta.
“Wuuss…” Sagulung angina kontan ngahiuk, dangdaunan nepi
kahaliberan kasamber ku kakuatan siTaregos.
Tapi deui-deui aki patih nembongkeun kahebatanana, sadepa deui
jarakna jeblagan siTaregos keuna.. aki patih ngagibegkeun awakna saeutik,
akibatna mungguh hebat.. awak siTaregos langsung mental, kabalangkeun ku daya
tolak anu teu kaciri kumata biasa.
“Seorrr… jorelat-Jlek! Lamun kiJantaka katut kiBaranmah tadi tibeubeut,
sabalikna sitaregos langsung ngagorentel diudara laju nincakeun sukuna kana
lemah. Hatena bener-bener kaget, sabab bieu awakna asa nabrak barang anu
ngenyod siga ngadukeun wesi purasani anu silih tolak.
Ari Aki Patih katembong geus sayaga deui, matana anu ngagebur
hurung beuki ngetab-ngentab silalatuan. Malah teu lila kadenge cumarita,
ditujkeun ka senapati Sugri jeung Baran anu masih narantung jeung jauh ti jirim
anu lalangsing.
“Sugri, baran. Bantu prajurit sejena…”
“Siaappp…”
“Mangga…”
Kadenge senapati Sugri jeung senapati baran nyebut siap, malah
bari jeung ting gorowok bedogna langsung dicabut. Langsung nyerang, welasan
jalma anu ditararegos.
“Siutt… gurilap…”
“Jres-sjres-jres…”
Opat jalma langsung ting koceak, basa samberan bedog kiBaran jeung
kiSugri teu kanyahoan kena kana masing-masing awakna. Kontan bae opatanana ting
araduh, bari jeung bra-bri-bru rubuh. Getih kontan juuh, dina lebah
masing-masing tatuna.
Ngan basa duanana rek nyabetkeun deui masing-masing bedogna,
katembong kiJantaka jeung kiRisang ting jorelat ngahadang. Laju nakiskeun
bedogna, di pake nadah serangan-serangan eta dua senapati. Tungtungna ger bae
ieu nu opatan galungan, pada-pada metakeun elmu bedogna sewing-sewangan.
Aya kauntungan pikeun senapati Sugri jeung kiBaran, sabab tadi
kiJantaka jeung kiRisang sempet tatu ku aki patih. Ngalantarankeun, gerakan ieu
dua jalmateh teu sahebat biasana.
Puguh bae ningali kaayaan samodel kitu, lain deui siTaregos
hideung ambekeunana. Malah kadenge manehna cumarita, bari kitunateh ngalaaan
taregosna boga rasa geus taya gunana.
“Hhh! Teu sangka gening sigejulteh mata-mata? Paingan loba
rancana anu gagal da sing horeng aya panghianat! Kieu carana, percumah kaula
ditararegos. Mayang, Anting! Beresan sakur jalma anu milu biluk ka siDarbaseta,
kaasup siSugri jeung sibaran. Laksanakeun…”
“Hihihi…”
Kadenge nyai mayang jeung Anting wulan ting cirihil. Lamun awak
nyai Mayangmah, ngajorelat nyamber kiSugri jeung kibaran. Sabalikna
Antingwulan, langsung ngajorelat muru welasan prajurit Cametigaling nu keur
jojoh nyanghareupan masing-masing lawana.
Satiap manehna ngagero, kudu bae aya prajurit nu rubuh binasa.
Satiap awakna ngajorelat, kudu bae aya jiwa nu ngalayang dihakan peso tenggor
atawa sambeuran cakar Iblisna eta wanoja. Atuh ukur sajongjongan ge loba prajurit
nu perlaya jadi korban ka hebatan Antingwulan anu kakuatanana geus meh nepi ka
tahapan Whiguna atawa puncak kakuatan manusa.
“Trang-trang-trang, cring!” Buricakk…”
Disejen pihak katembong bedog kiBaran jeung senapati Sugri ting
belentrang silalatuan, nalika bentrok jeung ramo-ramo nyi Mayang nu geus robah
bodas nyacas lir garuk wadja. Ngalantarankeun duanana malundur, kadorong ku
hiji tanaga hebat anu kaluar dina gempuran ieu awewe. Sedengkeun sabalikna,
kijantaka jeung kiRisang renghap ranjug. Asa katumbu umur ku datangna nyai
mayang anu mantuan maranehna.
“Duh..
nuhun nyai, geus nulungan…”
“Teu
kudu loba omong. Laksanakeun bae tugas anjeun duaan saperti anu geus dirancanakeun..”
“Eu..
eu… manga, nyai…” harita keneh kiJantaka jeung kiRisang mundur, terus
rerencepan ngadeukeutan kiWidura anu kaayaanana masih keneh dipasung.
Sedengkeun teu lila, kadenge nyai mayang ngahaok bari molotot ka kiBaran jeung
kiSugri.
“Hhh!
Teu sangka siateh mata-mata geningan Baran, Sugri!”
“Lamun
kaula teu kitu, boa geus lila warga Cametigaling carem akibat tindak-tanduk
Andika saparakanca….”
“Hhh!
Paingan siah loba rencana aing anu ngadadak gatot, alias gagal total. Dagening
aya panghianat…”
“Kurig
duaan ngahianat jelas alesanana, nyai. Nyalametkeun warga cametigaling…”
“Hhh,
teu kudu so suci siah! Ayeunamah leuwih hade, Andika serah bongkokan. Tuluy
hara-kiri(Bunuh-diri), sangkan awak silaing duaan teu rajet ku Cakar Iblis
kami. Hihihi…”
“Eta
leuwih hade, batan ngantep kaangkara murkaan ngarajalela…”
“Hihihi…
haittt…”
Nyai Mayang ngajorelat deui, ramo-ramona anu ramakah langsung
nyamber rek ngarah beungeut senapati Sugri jeung baran pasusul-susul.
kiBaran katut senapati Sugri teu wani gagabah nakis eta serangan
ku masing-masing bedogna, sabab sadar.. salian ti eta ramo-ramo leungeun weduk
tur teuasteh, tapi oge ngandung hawa tiis anu matak ngabekukeun sakur saraf dina
leungeuna.
Ku kituna sanggeus, ting jorelat laluncatan duanana langsung
nyamberkeun bedogna ngarah beuteung jeung dada nyai Mayang nu ebreh beulahanana.
Nyai Mayang ukur ngulawitkeun kadua dampal leungeuna, rek ngarampas bedog lawan
anu ting solonong teu sopan.
Ngan bae teu hasil, sabab senapati Sugri jeung kibaran anu
sanyatanamah murid aki patih cukup surti tur kesit. Duanana gentak narik deui
masing-masing bedogna. Bari terus laluncatan kakenca jeung kakatuhu, ngabagi
diri sangkan nyai Mayang kabagi perhatianana.
Da jeung
enyana, harita keneh nyai Mayang kontan ngaregog, perhatianana memang kabagi.
Tapi kitunateh ukur sakeudeung, saterusna katembong.. awak nyai mayang
bebelesatan deui kaditu kadieu, ngudag-ngudag senapati Sugri jeung Baran rek
dibinasakeun harita keneh. Tapi duanana oge teu cileureun, kalawan kesit tur
tanginas ngayakeun perlawanan hebat, bari sakali-kalieun nakiskeun bedog dina
ancaman ramo-ramo leungeun anu sareukeut.
“Hehehe… tetela, lingas oge
geningan siateh Baran, Sugri. heupp…” ceuk nyai Mayang bari ngagorowok, sedeng
suku kencana nyapu dihandap rek ngababad kuda-kuda kiBaran. Basa kiBaran luncat
kaluhur, nyai Mayang malik katukang laju ngorowotkeun ramo-ramona narajang
kiSugri nu aya tukangeunana.
“Prak!!!” kadenge sada nu
ngabeletak, basa bedog kiSugri benang ka rames ku ramo nyai Mayang. Breth…
najan kitu, tali taregos jeung beungkeut buuk nyai mayang beunang kasabet ku
petelan bedog. Kontan bae taregos nyai mayang lesot, pon kitu deui buukna
kontan ngarerewig panjang pikasieuneun.
“Kurang Asem, heyaaa…”
Nyai Mayang
kalap, awakna ngabelesur siga mata bor ngudag Senapati Sugri nu masih
jajaregjegan leungit kasaibangan badana.
“Hiukkk, werrr… bross!!!” Awak
kiSugri tobros, dadana kontan gorowong katembus ku awak nyai mayang numuih teu
beda ti mata bor. Mangsa awakna ngagubrag jiwana geus ngalayang kaalam baka.
“Hihihi! Hihihi…” kadenge nyai
mayang ngagikgik seuri matak kukurayeun, awakna boborot ku getih. Ukur buukna
bae anu riaban panjang katiuk angin.
“Dasar Iblis! Poe ieu siBaran mo
hirup tenang satungtung can bisa males kanyeri. Yeaahhh…” kiBaran lepas kadali,
awakna luncat bedogna ngolepat rek nigas beuheung.
“Siut, gurilap… trakk!” brah,
burisat…!” bedog Beulah ditakis, tilu kali nyai mayang nyabetkeun Cakarna
kahareup, awak kiBaran langsung bengkah jadi tilu bagian. Laju amburaset katilu
arah, dibarengan ku murcatna getih kamana-mana.
“Hihihi….” Nyai mayang siga anu
kasetanan, laju ngajorelat kapalebah puluhan prajurit anu masih campuh.
Saterusna manehna ngamuk ngowak-ngawik, babarengan jeung Antingwulan. Duanana
teu beda ti malakal maut, anu kokolepatan kaditu kadieu nyabutan nyawa prajurit
persis siga anu keur ngababat jukut nepi ka suku, leungeun, sirah jeung eusi
peujit halibeuran diudara nimbulkeun pamandangan anu luar biasa sadisna.
“Hhh, kurang ajar…”
Aki patih
ngagerendeng, demi ningali kabengisan Antingwulan jeung nujadi Indungna. Anu
sanyatanamah geningan dua awewe anu nelah Dua Maling Kitab tiKalimaya. Tapi
manehna teu bisa kukumaha, sabab tetela pangarti juragan adipati sura oge lain
handap-handap.
Tadi..
sanggeusna nyai mayang jeung Antingwulan ting jorelat ngalaksanakeun
parentahna. Juragan Adipatisura sorangan oge teu cicing, laju ngabelesat luncat
bari metakeun elmu simpenanana. Anu matak kaget pikeun aki patih, tetela eta
elmu simpenan juragan adipatiteh elmu anu sarua dipuhit kumanehna. Nyaeta hiji
elmu anu ngandung hawa tolak jeung sedot anu luar biasa.
Hiji elmu anu
ngan ukur dipimilik kumanehna jeung adi sapagurona nu nelah kiRawun, ari
kiRawun geus binasa dina kaayaan meureut sababaraha tauan katukang.
“Kolepat… Deus! Deus! Duaaakhhh…”
Dua kakuatan
bentrok sababaraha kali, nimbulkeun sora anu ting beletuk lir sora batu gunung
anu diadukeun. Tetela daya tolak aki Patih ngadadak lengit pangaruh juragan
Adipati anu metakeun daya sabalikna. Najan kitu, juragan Adipati sura semu-semu
anu kateter, buktina manehna tepikeun kajajarigjegan sababaraha lengkah
katukang. Sedeng katembong Akipatih geus narajang deui bari jeung cacarita.
“Hhh! Timimiti iraha Andika
ngagem aji Wesi Purasani, Sura? Naha ti siRawun? Heuppp…”
“Hahaha… teu kudu loba Bacot!
Memangna ukur Andika anu ngabogaan ieu elmu. Haha…. Yeaa…”
“Ngulik Aji Wesi Purasani teu
cukup sataun dua taun, deuleu. Heup…! Tapi merlukeun waktu puluhan taun, jadi..
heup, iyaait… mustahil Andika ngulik anyar-anyar! Kajaba…? Heupp…”
Ceuk aki patih
teu kebat, nyelang gulak-gileuk kakenca jeung kakatuhu, nyingkahan samberan
suku jeung leungeun juragan Adipatisura anu datang pasusul-susul.
“Kajaba naon, Darbaseta? Huhh!
Eyaaa… heup, eiittt…”
Plos-plos-plos…!
Ayeunamah giliran adipati sura anu luluncatan, nyingkahan timpugan-timpugan aki
patih, anu mampuh ngabubukeun batu sagede saung, atuh tong boroning sipatna
awak manusa anu hipu.
“Kajaba Andika siRawun Sorangan,
yiaaaaa!!”
“Hahaha…” kadenge juragan
adipatisura seuri ngagakgak bari terus ngayonan jurus-jurus aki patih anu
kacida bahayana.
Dua jirim geus
teu katemong jungkerengna, nu katenjo ukur dua gulung kalangkang koneng jeung
hideung anu silih samber. Nu koneng kalangkang akipatih, anu hideung
kalangkangna juragan adipatisura.**
Kocapkeun
ditempat sejen, nyaeta kaayaanana Kiwidura. Katembong manehna masih aya dina
luhur pasungan, awakna geus bener-bener leuleus balas nahan kanyeri, beungeutna
pias koneas tanda loba teuing ngucurkeun getih dina lebah tatuna anu dipantek.
Najan kitu ari
pangaciananamah masih gembleng, manehna masih bisa mikir.. malah jauh jeroeun
hatena ngarasa sedih, dumeh teu bisa milu bajuang merangan jalma-jalma jahat
anu ngagalaksak diCametigalingh. Hanjakal manehna kurang waspada tur ati-ati,
ahirna katipu ku Antingwulan nepikeun kadirina bobor karahayuan.
Keur kitu,
kadenge sada lengkah suku anu ngadeukeutan ka manehna. Malah disusul kunu
cacarita, sing horeng maranehnateh kiRisang katut kiJantaka.
“Haduh… untung euy, nyai mayang
kaburu datang. Cacak lamun henteu, boa geus kumaha…”
“Heueuh euy, bener pisan.
Salahnamah tadi urang bet gagabah nyerang siDarbaseta, anu antukna lain lain bisa
ngarubuhkeun.. malah urang sorangan anu hampir-hampiran cilaka ku tanaga
sorangan anu malik…”
“Tong salah, kapanan kiDarbaseta
muridna kiJala ujung pandita sakti dipuncak gunung Arghabinta. Tangtu bae,
elmuna hamo aya nunandingan…”
“Tapi naha yakin kucara nyandra
siWidura manehna bakal lemah?”
“Nya urang bandungan bae naha?
Tuh tingali, siWidura geus taya daya. Hehehe… Sakitumah manehna kawilang kuat,
euy…”
“Heuheu… heueuh, euy. Padahal
kurang kumaha tanagana geus dikuras ku siMayang jeung siAnting! Mun ninggang
kaurangmah, wah… boa moal cengkat deui, direngkolan ku dua iblis kitu.
Heuheuheu…”
Ceuk kiJantaka katut kiRisang,
ditungtungan ku ting ceuleukeuteuk.. nyengseurikeun kiWidura bangun anu ngece
pisan.
“Tapi.. asa aya nu aneh, euy?”
“Aneh kumaha, baran…”
“Eta tah… tunggul eta, tunggul
kawung?”
“Enya, naon kitu?”
“Cik ingeut-ingeut, euy. Da
rarasaanmah asa euweuh tunggul kawung didinya? Bener teu?” Ceuk kiBaran
ngutarakeun kahemeng jeung kaherana.
“Bener oge baran euy, naha nya
bisa kitu?”
Duanana ting
kojengkang nyampeurkeun eta tunggul kawung, anu jangkungna paling banter
sacangkengeun maranehna. Ngan edas injukawungna mani kadeul, sarta harupatna
mani rungseb tur sareukeut.
Srog tarepi,
tuluy nyidik-nyidik eta tunggul tiluhur nepi kahandap, malah kana jembetna
injuk ge teu kaliwat. Breh… diantara kandeulna injukteh, bet siga aya sapasang
panon anu mocorong gular-giler neuteup kamanehna.
“Hiyy… eta… eta… naon, euy…”
“Heueuh.. bet siga.. siga pa...
Panon etamah…?”
“Be.. be…!!!”
Tacan ge rengse
nyebut bener. Ngadadak bae, aya sapasang leungeun kaluar dina jero eta injuk. Nyolodor lalaunan, ngaragamang kitu bae.. ngan matak aneh duanana teu bisa
ngejat, awakna ngadadak heras sukuna lir dipaku kajero bumi.
Numatak basa
ramo-ramona anu ceking lir
ceker hayam nawu masing-masing
beungetna angur hookeun, pangacianana geus leuwih tiheula hiber teuing kamana boa. Teulila, korotok… kadenge sada
anu ngorotok kapapanjangan, disusul ku ngariutna awak kiJantaka katut kiRisang.
Kudupruk!
Duanana ngudupruk dina kaayaan raga anu meureut, nyesakeun urat jeung tulang
saliwat siga bugang jalma anu geus puluhan taun.
Gebeg! ningali
kaayaan sarupa kitu kiWidura ngagebeg, sababaraha kali panona dikicep-kicep..
bisi salah nempo, tapi tetenjoan angeur kitu, kiRisang jeung kiJantaka geus ngemasing pati dina kaayaan anu meureut.
Les.. Ngadadak
eta dua layon ngiles, pon kitu deui jirim anu siga tunggul kawung ngajentul.
Keur kitu,
cririhill.. kadenge dimedan laga, aya anu pating cirihil seuri, sing horeng
nyai Mayang jeung Antingwulan, anu geus hasil ngabinasakeun kabeh para prajurit
cametigaling nepi kacarem.
"Hihi... beres, aceuk. Kumaha lampah urang saterusna, naha rek ngabantuan
siSuradipati?"
"Hihi... Kela anting, antep
heula lanan. Keun.. sina diantara
maranehna aya anu rubuh, najan kumaha duanana ge mush urang duaan.."
"Terus naha urang ukur
lalajo?"
"Hm..." ceuk nyai
Mayang bari unggeuk.
Duana terus
ngawaskeun ka juragan adipati jeung akipatih anu keur jojoh patutunggalan.
Ngan tetela..
saperti anu geus kabandungan samemehna, yen kakuatan aki patih memang aya
disaluhureun juragan adipati sura. Harita oge kitu, katembong kalangkang
hideung beuki katekeun mundur malah pamustunganana kadenge sada anu ting
beledug, sarta dipungkas ku sora jalma anu ngagero matak
ketir.
“Hiuk, kolebat, wuttt…” “Deus!
Deus! dhuaakh!" “Duaarr…”
“Aaahhh…”
“Gedebut!!! Katembong hiji jirim ngagedebut , bari ooroloan ngutahkeun getih
hirup. Anu matak kaget, kulit beungeutna nyengled, siga kedok kulit anu ipis
pisan.
“Sok siah, gera ngaku. Naha bener Andika siRawun?"
“A... Ampun aka, leres
pisan..."
“Lamun kitu carana sok, gera buka eta kedok ipis Andikateh, Rawun…”
“Auhh.. ampun, aka. Ampun! U..
unjuk sumangga, ieu kedok ku abdi bade dibuka. Asal ulah dipaehan…” ceuk
juragan Adipati, kitunateh bari jeung ngadudut kulit beungeut, anu tadi katembong nyengled siga rek lepas.
Polonyonteh kedokna lesot,
jangelek hiji jalma anu keureutan beungeutna bengis. Irungna rada bengkung,
gadona belah tur dipapaes kumis bodas anu cokrom.
“Hhh! Kuring bener-bener teu
nyana, upama kiSura teh sanyatanamah Andika, Rawun? Jawab! Dikamanakeun juragan
sura anu sajatina? jeung timimiti iraha Andika nyamur jadi manehna?”
“Ti… tisaprak ma… manehna binasa,
Aka. Tah, tiharita ku.. kuring ngagentikeun pe.. peran manehna…”
“Kurang ajar! Andika bener-bener
katerlaluan, Rawun…?!!”
“Ru… rumaos Aka, kuring… kuring
tambarakan…”
“Hhh! Hutang pati dibayar kupati,
hutang nyawa dibayar kunyawa…”
“Ampun… ampun aka, ma… masing
emut u.. urangteh dulur sapaguron….”
“Hmmm…” Aki patih ukur ngagerem
panona anu teu weleh ngagebur, haritamah siga anu silalatuan saking ku
ambeukna.
“Bejakeun kakaula, kumaha carana Andika, nepi ka tega ngalakukeun hal sarupa
kitu, Rawun?" ceuk Aki Patih, bari salengkah demi salengkah ngadeukeutan
kiRawun. Nu harita
acong-acongan nyembah hayang di poikarunya.
“Aka, ieu sakabeh terus terang bae, idena nyiMayag jeung nyaiAnting... “
“Tapi mustahil maranehna apaleun kana peta pusaka milikna siInjukkawung.
Pasti Andika
nungabejaanana, lain?"
“Saur tadi oge, rumaos abdi
lepat..."
“Kaula panasaran, naon sabenerna jasad anu meureut sababaraha taun kalarung? Kaasup jasadna senapati Arya?"
“Eta… eta… ukur… ukur boneka,
aka. Rekaperdaya pikeun miceun salasah sangkan tujuan kuring tetep nyamuni, nu
dipahareup aka daek masrahkeun eta peta pusaka…”
“Andika nyaho naon akibatna mun eta peta pusaka lagrag
kana leungeun jalma jahat, Rawun?”
“Terang, akang…”
“Atuh kunaon masih dilaksanakeun?”
“A… ampun aka. Sa… saur yadi oghe, rumaos Abdi lepat
tur tambarakan…”
“Hutangpati kupati,
hutang nyawa dibayar ku nyawa. Dosa Andika geus teu bisa dihampura, Rawun. Tah
ayeuna, gera tungkul kajukut gera tanggah kasadapan. Poe ieu sagala kajahatan
Andika bakal eureun nepi kadieu…”
“Ampun aka, ampun. Pi… piraku salira bade tega?”
“Hhh!” aki patih teu nyarita, leungeuna geus
diamangkeun rek dipake ngagaplok sirah kiRawun anu sanyatanamah murid sapaguron
manehna.
Ngan teu kebat, basa kadenge manten
sora awewe anu ting cirihil. Disusul ku pating gayabagna dua awewe, hiji
diantarana aya nu ngajingjing jalma, dijengut buukna pisan.
“Hihihi… tahan Darbaseta! Tahan! Hihihi…”ds
“Nya.. nyai Mayang? Anting wulan?”
“Hihi bener, ieu kaula duaan…”
Raray aki patih
katembong robah hebat, panona anu silalatuan ngadadak pareum lir seuneu
dibanjur ku cai janari. Sabab rek teu kitu kumaha, demi ningali anu keur
dijenggut buukna ku Anting Wulan teh kiWidura. Rarayna tanggah, sedeng
seseukeut balati geus napel kana tokorona.
“Ieu jalma geus mateni salakina
siAntingwulan, Darbaseta. Kami sakabeh geus sapuk, yen nyawana masih bisa
salamet asal ditukeur jeung Peta pusaka milikna siInjukkawung…”
“Hhh! terus naon hubunganana
antara siWidura jeung peta pusaka milikna
siInjukkawung?”
“Hhihi…” nyai Mayang angur nyirihil, sabalikna kiRawun
cicing-cicing cengkat sarta nangtung gigireun nyai mayang. “Teu kudu
pura-pura bego, Darbaseta. Kaula nyaho, ieu jajaka sanyatamah anak anjeun!”
“Hm, naon buktina upama ieu
Jajakateh budak kuring?”
“Hihi… tina rengkak polah jeung sorot mata anjeun anu
pinuh ku kanyaah, geus cukup pikeun nganyahoankeun yen ieu Jajaka anak pituin
Andika, Darbaseta…”
“Hhh!”
“Atawa hayang bukti anu leuwih nyata?”
“Naon?”
“Ieu kalung Darbaseta…” Ceuk nyai mayang bari ngarogoh saku bajuna, terus ngacungkeun liontin anu warnana hejo tea. “Kaula nyaho, ieu liontinteh aya
pasanganana. Sedeng eta pasanganateh aya dianjeun. Ceuk kiRawun, sababaraha
taun puluh taun kalarung ieu liontin napel na beuheung hiji orok nu terus
dititipkeun ka puncak Gunung Sanggabuana. Sedeng eta orok nya ieu siWidura
pisan. Hihihi! Lain kitu
kiRawun?”
“Be… bener, nyai…” ceuk kiRawun bari nyusutan getih,
nu masih ngaberebey dina sela-sela biwirna.
“Kumaha Darbaseta? Naha Andika qolu, ningali buah hate dibinasakeun ku cara anu samemehna tacan kungsi
kapikiran ku Andika?” Ceuk nyai
Mayang ngancam ka aki patih, ku tandona
kiWidura.
“Abah, u.. ulah ulah dipasrahkeun. Leuwih hade, kuring
ngemasi pati dari pada jadi cukang lantaran pakewu dimangsa datang...”
“Beletok! Krek…” kadenge sada
nu ngabeletok tur
ngerekek basa ti korona, diketig ku leungeun Antingwulan anu nyekel gagang peso.
“Jempe siah Widura, silaing teu
ngabogaan hak pikeun cacarita. Jempe!”
“Auhh…” kadenge kiWidura
humarurung nahan kanyeri, getih
langsung kaluar lebah bahamna.
Aki patih
katembong ngaheruk, hatina leuleus.. ningali anak anu ngan hiji-hijina dikitu-kitu ku musuh. Sedeng kadenge
nyaimayang cacarita deui,
“Lamun dina itungan katilu Andika
masih keneh tacan daek masrahkeun eta peta pusaka. Saetik-saeutik jeroan waruga
anak anjeun ku kami baris kaluarkeun. Mimitina dina letah, tuluy panon sarta
pamungkas jajantungna. hihihi…”
“Abaahh… ul… agrrrhhh….”
Kadenge kiWidura siga rek cumarita, tapi teu kebat
kaburu dicekek ku Antingwulan nepikeun ka ngaluarkeun sora anu ngorok. Raray aki patih
sakali ieumah bener-bener nepi kasepa, panona anu layu beuki ceuleuyeu lir
langit anu rek bedah ku pihujaneun. Sumanget aki Patih bener-bener pareum, batina teu tarima, mun seg anakna ngalaman nasib anu sarupa kitu. Sabab
sadar, omongan eta awewe lain ngan ukur gertak sambel, tapi estuning nyata teu
weleh dilaksanakeun.
“Hihihi… kumaha, Darbaseta? Naha
rek tega Andika ngorbankeun anak anu ngan hiji-hijina, binasa dina kaayaan
pikangeneseun?”
“Hhh! geus sajauh ieu mayang, kaula ngorbankeun
ratus-ratus nyawa rayat Cametigaling…”
“Hihi… terus kumaha, atuh?”
“Kaula hamo sanggup ningali anak dikitu-kitu kuanjeun…”
“Hihi… jadi Andika narima?”
“Hhh! bener…” ceuk aki pati bari ngaheruk. “Dari pada
kaula kudu nyaksian anak binasa bari disiksa sarupa kitu?
Leuwih hade kaula mangkat leuwih tiheula…”
“Na… naon maksud Andika,
Darbaseta?!”
“Jang, hampura bapa…”
“Abbbah…”
“Heuppp…”
Ngadadak aki
Patih nga heujeun, disusul ku sora anu ngorotok kaluar disakujur awakna anu
ngadadak melendung. Sarta teu lila kadenge sada nu ngabeledug, bareng jeung
ajurna awak aki patih.
“Abaahh….!!!”
Kadenge
kiWidura ngajerit, awakna kapangpengkeun pon kitu deui Antingwulan, Nyai Mayang
jeung kiRawun.. malah welasan prajurit ge nepi kagempar ku hebat-hebatna eta
ledakan.
Purumpuy… lir hujan girimis, getih akiPatih mawur
kasakuliaheun eta patempatan. Nimbulkeun pamandangan anu matak ketir, sabab jalan
padati ngadadak banjir ku getih prajurit katut aki patih. Sanggeus kaayaan simpe, angin
leuleur katembong Antingwulan, nyaimayang katut kiRawun harudang.. pon kitu
deui nusejena.
“Kuang ajar, teu sangka manehna bakal ngalakukeun hal sarupa kitu,
Rawun. Hhh! lamun kieu caranamah, sia-sia usaha urang salila ieuteh, Hadeuhh…” kadenge nyai mayang ngeluh, pinuh ku rasa prustasi.
“Bener kuring ge teu nyangka lamun manehna bakal nekad metakeun Elmu
Pamungkas nu disebut Lebur Raga, Mayang. Sakieu oge untung, urang teu padeukeut
jeung manehna mun seg padeukeut sumawona nepi karapet bisa-bisa urang
sakabeh milu binasa…”
“Terus mun geus kieu kumaha atuh, Rawun?”
“Teuing kaula oge bingung…”
“Teu sangka aya makluk sakitu
gurat batuna, hhh…”
“Acek, siWidura euwuh…” kadenge Antingwulan cumarita, bari luak-lieuk .
“Naon? Dedengeanteh siWidura euweuh?”
“Bener, tuh tingali…”
Salarea milu luak-lieuk, neangan kiWidura anu bieu sarua
kapangpengkeun. Tapi jirim kiWidura tetep euweuh, teu kaciri
juringkang-juringkangna acan.
“Kurang ajar, kabur siganamah eta wowolekteh?”
“Nyaan kuat jelemateh, mangkilang geus dipasung tapi
masih sanggup ajeg sanajan payah oge…” ceuk Antingwulan kekerot, panona
nepikeun ka bolotot.
Barang keur silih tempas kitu. Guluprak.. guluprak.. Ngadadak
kahareupeun maranehna aya nu ngaguluprak pasusul-susul. Barang breh, teu kira-kira nuaraya tidinya ting garebegna. Basa nu ngagubragteh bet siga kiJantaka jeung kiRisang, katempo dina bedog jeung anting-anting nu dipakena.
“Ja.. Jantaka, ri.. risang..."
Ceuk nuaraya
didinya meh bareng. Salarea silih reret, disusul ku ting puridingna bulu punduk
sabab jasad kiJantaka jeung kiRisangteh mareureut teu beda tiregang ngarangas.
“Hze,hze,hze…” Ngadadak bae kadenge siga sora anu keur seuri mengi, haroshos semu ngadesis piasieuneun.. datangna tipalebah tihang
pasungan.
Breh.. teu kanyahoan datangna. Nyaho-yano dina tungtung
tihang pasungan geus aya hiji jirim anu keur ngajanteng. Saliwat bet siga tunggul kawung, anu sakulilingeunana jembet ku Injukkawung.
“I.. Injukkawung…?”
Sontak nu araya
dunya nyebut hiji ngaran
anu geus teu bireuk deui.. nyatana ngaran siInjuk kawung.
“Hzee,hze,hze…” ds
Samemeh, NyaiMayang sabalad-balad sadar kanu
naon-naon. Ngadadak bae, eta jirimteh
kumalayang, teu ka ciri nekukeun suku atawa ngobahkeun taktak ilaharna jalma anu rek luncat. Kumalayang kitu bae, lir sagunduk
kapuk katiup angin.
Breh.. teu kanyahoan datangna. Nyaho-yano dina tungtung
tihang pasungan geus aya hiji jirim anu keur ngajanteng. Saliwat bet siga tunggul kawung, anu sakulilingeunana jembet ku Injukkawung.
“I.. Injukkawung…?”
Sontak bae nu araya didinya
nyebut hiji ngaran anu geus teu bireuk deui.. nyatana ngaran siInjuk kawung.
“Hzee,hze,hze…”
Kadenge sora nu
siga seuri mengiteh disada deui.
Malah samemeh, NyaiMayang sabalad-balad sadar kanu naon-naon. Ngadadak bae, eta
jirim kumalayang, teu ka ciri nekukeun suku atawa ngobahkeun taktak ilaharna
jalma anu rek luncat. Kumalayang kitu bae, lir sagunduk kapuk katiup angin.
Bareung jeung
ngalayang eta eta jirim, udara disabudeureunana ngadadak reueuk lir aya halimun
hideung.. nebarkeun hiji kakuatan anu matak ngabekukeun aleran getih nu araya
didinya.
Karasana matak
kaku satulang-tulang, tong boroning ngobahkeun awak, ceuk paribasanamah hese
ngutekeun curuk-curuk acan. Eta
kaayaanteh, tumerapna kapara prajurit Cameti galling anu tingkat tanaga jerona
masih handap. Da ari ka Nyai mayang jeung Antingwulan katut kiRawunmah kitu
kaayaanteh ukur sakeudeung. Da dihenteu-henteu oge, maranehna tiluanteh kapanan
geus mibanda
tanaga lapisan nepi ka tingkat kasapuluh atawa nu disebut tingkat Whiguna.
“Jlek!” Eta jirim anu siga
tunggul kawungteh nangtung harepeun nyai Mayang
sabalad-balad. Nu ukur bisa
bati colohok, bari negeskeun eta tangtungan jalma anu siga tunggul kawung tea.
Tetela hiji aki-aki anu pendek pecekrek, anu
jangkungna kira-kira sacangkengeun kolot. Ngan eta buukna kandeul jeung
panjang, nepi ka heuras lir injukkawung mungkus hamper sakujur badana. Nepi
kararay jeung suku katut leungeuna meh teu kaciri. Nu matak pantes, lamun
saliwatmah eta aki-aki pendek pecekrekteh siga tunggul kawung nu ngajentul.
“Naha Andika tiluan neangan siWidura?”
Kadenge siInjukkawung
cumarita sora rebek, lir sora dua jelema anu ngomong dibarengkeun.
“Be,be,be... bener. Sa... saha
anjeun?” ceuk nyai mayang gagap, sedeng beungeutna pias koneas.. Ponkitu deui,
Antingwulan katut kiRawun.
“Hse, hze, hze…”
“Naha… naha anjeun si...
siInjukkawung?”
“Hse, hze, hze…”
“Antara... antara... kaula jeung
Anjeun estuning taya... taya gantar kakaitan naon-naon. Jadi... Jadi leuwih
hade, Andika ingkah diieu patempatan...”
“Sanggeus ngarurujit ngaran batur ku tingkah polah anu kotor, naha masih bisa disebut euweuh gantar kakaitan naon-naon?”
Nyai Mayang teu
ngomong deui, ngan
maranehna sakabeh sadar yen kiwari maranehna keur aya dina kaayaan bahaya.
Kaayaanana kiwari, lir mencek keur nyahareupan siRajaleuweung. Sabab maranehna
sadar bener, kumaha hebatna eta aki-aki anu nelah siInjukkawung. Anu dina
umurna bae geus jauh ibarat langit jeung bumi, anu umurna eta aki-akiteh hamper
saentragan jeung aki guru maranehna kira saratus taun kalarung.
“La… lamun And… andika bener si… siInjukawung, dikamanakeun siWidura? Naha manehna dibawa kuanjeun?” ahirna nyai Mayang cumarita, ngawani-wani maneh.
“Hze,hze,hze… bener, manehna ku kami geus dibawa
sabot tadi kapangpengkeun. Tapi tragis, kiwari manehna geus meureut siga dua
batur andika ieu...”
Ceuk siInjuk kawung bari nunjuk kucurukna anu regel siga ceker
hayam. Nyai mayang anu geus mimiti bisa
ngawasa dirina cicing-cicing
geus nyiapkeun kakuatan cakar Iblisna. Pon kitu deui Antingwulan katut kiRawun. Maranehna geus sayaga nyiapkeun elmu
sewang-sewangan, mun Antingwulanmah nyiapkeun peso tengor saloba-lobana, sabalikna kiRawun geus matek aji Weusi
purasani, anu mampuh mentalkeun
panarajang lawan kudaya tolakna.
“Terus mana ayeuna?”
“Werrr…”
Ngadadak siInjukkawung ngibaskeun leungeun jeroeun buukna anu gimbal panjang.
Sarangkum angin kontan ngahiuk, nyingraykeun hiji rungkun teu jauh dina tihang
pasungan. Breh.. kusalarea kaciri, didinya aya jirim keur nyanghunjar bari dina
kaayan awak anu ngariut lir dahan ngarangas. Anu matak kaget, dina beuheungna
nanceub peso balati milikna Antingwulan.
“Tadi, basa andika sakabeh kapangpengkeun. Peso sieta, malah nacleb lebah
beuheungna...” ceuk
siInjukkawung ditungtungan
ku nunjuk ka palebah Antingwulan.
“Hihi... alus atuh lamun kitumah, hartina hutang pati kami geus kabayar lunas.
Ahihihi...”
“Hse, hze, hze… Andika ulah waka bungah…”
“Naon maksuda Andika?”
“Saprak peta pusaka leungit dipaling ku murid kami nunelah siJayeng. Kami
geus sumpah, seja ngabulkeun hiji pamenta ka jalma anu daek ngarawat.. sok komo
mulangkeunana deui kakami. Sedeng eta
jalmanateh nya siDarbaseta. Tadi samemeh
siDarbaseta binasa, kami geus nyanggupan pamenta manehna…”
“Naon Pamentana?” ceuk nyai Mayang panasaran.
“Mawa hirup-hirup siWidura diieu patempatan.
Hanjakalal tikorona malah ka tiruk ku peso balati...”
“Hihihi… lamun kitu carana, siInjukakawung anu kasohor
gagah saktiteh teu bisa nyumponan kana janjina. Siwidura malah geus binasa.
Ahihihi…” ceuk nyai mayang ditungtungan ku seuri lelengakan.
“Salah-salah! Andika salah…”
“Naon maksudna heh, Injukkawung…”
SiWidura tacan sapinuhna binasa…”
“Dina kaayaan katiruk beuheungna ku Balati jeung
kaayaan Ragana anu meureut saperti kitu, naha manehna masih bisa disebut hirup
keneh…”
“Tadi nalika manehna sakarat rek ngalepaskeun nyawa. Ragana kukami
diawetkeun manten kucara sina ngariut. Tah, kujalan kitu, jiwana bakal
kakonci.. ruhna moal waka kebat ngahiang ka kalanggengan. Hartina jiwa siWidura
masih keneh bisa digayuh saratna asal
ragana kudu sampurna heula?”
“Jadi kasarna siWidura bisa dihirupkeun deui?”
“Hze,hze,hze..." siInjukkawung, angur seuri ngadesis siga anu mengi
tea. “Kucara anu tepat tangtu bae bisa.
Hze,hze,hze..."
“Kurang ajar! Lamun kitu carana, Andika heula nukudu binasa, injukkawungng. Hiyaa…
Ngadadak Anting
wulan ngagorowok, sedeng hampir salosin peso kontan
ting belesat muru siInjuk kawung. Bareng
jeung kitu, nyai Mayang katut kiRawun ge nyusul tepus.. masing-masing awakna
langsung ting jorelat bari metakeun elmuna sewang-sewangan. Rek ngabinasakeun
aki-aki pecekrek, nu badana siga tungul kawung ngajentul.
“Siuttt…!! Bres-bresh-bresh!” “Plakkk…” pelll…”
Hamper salosin peso tenggor taya nu teu kena,
kabehanana rangseb keuna ka siInjukkawun, tapi sabenernamah eta pesoteh katahan ku buuk nu jembet tur kandeul. Malah
katembong cakar nyaiMalang jeung dampal leungeun kiRawun napel kabeulit ku
buukna siInjukkawung.
Samemeh duanana narik deui masing-masing leungeuna,
korotok… kadenge sada nu ngorotok kapapanjangan. Disusul ku ngariutna leungeun
nyai Mayang jeung kiRawun, tuluy mapay kapuhu.. antukna ngarembet kasakujur
badana.
“Aceukkk…!!”
Antingwulan langsung ngagero kaget, basa ningali
kaayaan nyai Mayang jeung kiRawun anu katembong badana ngariut.. meureut teu
beda ti dahan kai ngarangas bari ngaluarkeun sora anu ngorokok matak linu.
“Burisat…!!!”
Welasan peso anu tadi rungseb dina badana siInukkawung
ngadadak ngaburisat. Ngahujanan awakna Antingwulan, anu masih kaget tur
hareugeueun ku eta kajadian. Akibatna mungguh hebat. Dibarengan ku ngajeritna
Antingwulan anu ngalepaskeun nyawa, awakna langsung ambruk dina kaayaan badan
anu karancang katembus kuwelasan peso tenggor milik manehnana sorangan.
“Hze,hze,hze…!!!”
Hawar-hawar siInjuk kawung seuri ngadesis, bari
ngagandong layon kiWidura ku beulitan buukna anu jembet. Terus ngaleos gancang,
ninggalkeun puluhan layon akibat hawa napsu ka angkara murkaan.
Bareng jeung hiukna angina anu ngaguruh, pepedut
Cametigaling mimiti nyingray bareung jeung peurayna lalangse aheng anu gumulung
dieta kadipaten.**
Mitra carios anu judulna Uru-ara cametigaling tamat
Mancaaaaf Mng...seru seru seru...haturnhun kana pedaranana Mang
BalasHapusHatur nuhu, lo. Tos kersa rurumpaheun..
BalasHapusMantul kang...
BalasHapus