Asmarani 1-5
#Dongsun
#ASMARANI (1)
Kenging #Lee_Ward
Rebun rebun keneh, sabada sholat shubuh. Rani geus mandi kesang, ngasakkeun jurus jurus.
Teu jauh ti tempat na, Ki Sutapraba ngawaskeun. Bari teu eureun eureun muji muridna. Rani geus 15 taun dirawatan sarta dijadikeun murid tunggalna. Teu sirikna diketrukkeun kabeh elmu nu aya di dirina. Oge nu aya di pamajikanana, Nyi Sukma. Piligenti ngalatih anu jadi murid kadeudeuhna. Nepika lamun dibandingkeun jeung guru guruna, tangtu leuwih loba elmuna Rani. Ngan eleh asak wungkul. Sabab unggul henteuna dina jurit leuwih gumantung kana asak henteuna elmu silat. Wanci haneut moyan beuki segut Rani latihan gerak. Poe eta Rani bakal diidinan pikeun turun gunung. Geusan maluruh asal usul dirina asalna timana. Jeung maluruh saha kolotna, naha masih aya dikieuna atawa henteu. Matapoe geus rada manceran kakara Ki Sutapraba nitah eureun.
"Cukup Rani ...!"
"Wah.... ninggali kieu mah geus moal kauntup deui pangabisa Rani, kang ..!"
Nyi Sukma kaluar ti panto, tapi katinggali teu pati berag. Sabab poe ieu rek ditinggalkeun murid anu geus dianggap anak atawa incuna pituin.
**
Asa kakara kamari padahal geus lima welas taun.
Sa gep gepeun eta budak awewe 5 taun dikerekeb maung tutul. Geus teu bisa ceurik teu bisa ngajerit. Ngan bati peureum, teu wani ninggali sihung anu rek nyasaak dirina. Ditungguan salila lila bet sepi, teu kadenge geremna. Dibeuntakeun nyampak bangke maung tutul. Teu jauh tidinya sapasang awewe lalaki umur 40an taun ngabedega.
"Telat sakedapan beak awak budak teh, kang..!"
"Enya nyai, geus takdir Allah meureunan keur urang nu teu bisa boga katurunan..!"
Duanana nyampeurkeun eta budak.
"Deudeuh teuing anak saha, ampir jadi eusi beuteung si tutul" ceuk nu awewe.
Tuluy budak anu masih keneh sawan kuya teh dipangku. Sedengkeun anu lalaki nyisitan kulit maung tutul.
***
Ti harita eta sapasang salaki pamajikan anu ngaranna Ki Sutapraba Jeung Nyai Sukma, milih eureun ngalalana. Nyieun sasaungan di tutugan gunung eta. Tempat maranéhanana manggihan budak awewe teh pas di tutugan gunung Talagabodas. Bisi eta budak teh aya kulawargana anu mapay laratan. Atuh lamun tea mah euweuh nu mapay laratan eta budak. Rek dianggap anak atawa incuna sorangan. Sabab Ki Sutapraba jeung Nyai Sukma, geus ampir 20 taun rimbitan teu dikersakeun boga anak.
Ditanya ngaran, budak teh ngan nyebut "Lani" kulantaran masih keneh cadel. Nya disebut we Rani nepika dewasa-na.
Ditungguan sabulan dua bulan, sataun dua taun. Lebeng euweuh nu mapay, Ki Sutapraba jeung Nyai Sukma beuki tambah nyaah. Mimiti budak teh digembleng dasar dasar elmu silat.
Umur Rani nincak 12 taun geus lain lawaneun lalaki biasa. Sakali mangsa ku nyai Sukma dititah ka kampung di landeuh. Balanja kabutuhan dapur. Da puguh di tutugan gunung mah ngan ukur aya pepelakan sayuran jeung beubeutian. Ari balikna pada ngaheureuyan ku barudak pamuda tanggung. Cenah mah murid murid paguron silat Kidang Pananjung.
Limaan pamuda teh euweuh nu mangapulya. Daradas jeung bararenjut keuna pangawasa Rani. Puguh atuh barudak parolontong kakara bisa silat sakadar kembangnya (Ibing penca).
Isukna Ki Barda, nu miboga paguron silat Kidang Pananjung datang ngajorag ka tutugan.
Tapi ngan ukur ngadon meunang wirang sanggeus amprok jeung Ki Sutapraba.
Saliwatan oge Ki Barda apal kana beungeutna Ki Sutapraba. Sabab 20 taun katukang, guruna anu katelah jawara kahot Ki Badak waja. Kungsi patelak jeung Ki Sutapraba. Kanyataannana ngan 20 jurus, teu bisa hudang deui. Cacakan geus dibantuan ku Ki Kuda Camani adi Sapaguron-na. Tungtungna Ki Barda sasadu menta dihampura Kana kalakuan murid murudna.
Ki Sutapraba ngan ukur mesem bari gogodeg.
"Geus nu enggeus mah tong di uar uar deui. Omat Ki Barda nurunkeun elmu silat tanpa dibarengan jeung kadali diri, tangtu goreng balukarna. Ngan jadi bahan agulkeuneun ka sasama. Jadi alat nindes jeung ngahina sasama. Bral ayeuna mah geura baralik. Ngan omat ulah diucah aceh yen Kuring tumetep di tutugan gunung Talagabodas ieu......!!"
Ki Barda turun gunung bari sajajalan gegelendeng ka murid murudna. Malah nu nembalan mah aya nu nepika ditampilingna. ....
Hanca ..
#dongsun_dr
#ASMARANI (2)
Kenging #Lee_Ward
Di sisi walungan Cimanuk, aya hiji imah gedong. Pangeusi eta imah lain jelema sambarangan. Ki Wirapati, katelahna si PAKSI WULUNG. Tapi eta jujuluk anjeunna jaman keur ngora. Keur masih keneh resep ngalalana milangan kori. Ayeuna Ki Wirapati, geus umur 57 taun. Tumetep di sisi walungan Cimanuk geus 15 taun. Pangeusi imah ngan ukur limaan, Ki Wirapati anu geus 15 taun ngaduda. Anak lalakina Wiraprana jeung tilu muridna. Wardana, Darta, jeung murid awewe Windarti anu masih keneh adina Wardana.
Wardana umur 25 taun, Darta 22 taun sapantar jeung Wiraprana. Ari Windarti umurna 18 taun. Tiluanana oge geus pahatulalis, dirorok ku Ki Wirapati ti keur laleutik keneh. Ngahaja keur batur ulin anakna, Wiraprana.
Isuk keneh anak jeung tilu murid keur sarila di hareupeun Ki Wirapati.
"Geus leuwih ti cukup pangabisa maraneh tiluan. Mun enya maranéh geus gilig hayang ngaluaskeun pangalaman. Kula ngan bisa ngajurung du'a. Samemangna elmu moal asak ku cicing di ieu tempat. Tapi kudu ku pait peuheurna pangalamaan.
Ngan omat sing bisa mawa diri, sabab balai datang lain ti luar diri urang. Tapi datang ti jero diri urang sorangan. Unggul di juritan nanjeur di buana lain ku luhurna pangabisa. Tapi ku lobana sobat jeung kamampuan ngadalikeun diri sorangan.
Ngan nyai mah Windarti wayahna, can waktuna milu jeung lanceuk lanceuk nyai......
"Tapi pak guru ...." teu kebat Windarti nyarita dipotong ku guruna.
"Euweuh tapi deui nyai, nyai mah pangawakan awewe. Sanajan jeung dulur oge, indit bareng jeung tilu lalaki. Pandangan batur mah teu kitu, baris nyangka nu lain lain".
"Aya deui ....kuwu Lebak genteng hayang mastikeun lamarannana. Pan nyai oge apal ka den Koswara anak lalakina".
"Iihh .....lalaki cunihin tukang ngaheureuyan nu keur marandi di wahangan....alim teuing pa guru..!"
Hahaha .....meureun lamun geus boga pamajikan mah, moal cunihin deui. Biasa barudak ngora mah, lamun teu cunihin lain lalaki.
"Tapi kula oge moal maksa, terserah kaputusan nyai..!"
Bulan hareup dina waktuna kuwu Lebak genteng, datang ngalamar nyai pikeun pipamajikaneun den Koswara. Kula embung kawiwirangan. Nyai kudu pasti lamun daek daek, lamun henteu henteu.
"Sumuhun pa guru ....!"
***
Poe eta keneh Wiraprana, Wardana jeung Darta arindit. Seja lunta ngalalana ngajajah milangan kori. Ngaluaskeun pangalaman geusan pibekeleun hirup.
Sanajan Wardana pangkolotna, tapi anu jadi dituakeun Wiraprana. Sabab dina masalah elmu silat, kaitung pangpunjulna, oge pangmatangna.
Tiluanannana jigrah bungah lir manuk kakarak bisa hiber.
Tilu jajaka anu eusi ku ilmu pangabisa, jeung didikan hade. Atuh sapanjang perjalanan, pangabisa teh dipake keu tutulung. Pangpangna jaman harita teh ampir unggal jalan anu sepi. Aya wae gangguan begal jeung rampog. Teu saeutik begal leutik rampog badag, kudu tapak deku. Serah bongkokan ku tilu jajaka ieu. Atuh ngan ukur bubulanan, geus kasohor aya tilu jago ngora. Anu katelah Paksi Naga Liman. Paksi atawa Garuda ditujukeun kana gerakan gerakan Wiraprana. Anu ku bapana dileler jurus jurus Garuda sakti. Naga ditujukeun kana gerakan gerakan Darta. Anu dileler jurus jurus naga bumi ku guruna (Ki Wirapati boga ilmu ieu ti hiji pendekar Tiongkok anu julukananana "Tee Liong" alias naga bumi). Sedengkeun Liman atawa gajah ditujukeun kana gerakan gerakan Wardana anu jiga lambat tapi pinuh tanaga anu rosa.
***
Rani leumpangna antare teu rurusuhan. Ngahaja nyokot jalan jajahan anu biasa dipake liliwatan ku padati. Najan kabejakeun yen sok aya begal. Palebah nu rada rekep tatangkalan, jlung jleng dua jelema make teregos. Rani teu jadi gugup, ngabedega bari mencrong dua jalma anu diteregos.
"Nyi ...kadieukeun eta gembolan, kakara nyai meunang ngaliwat kadieu...!"
Asa wawuh sora jeung dedegannana. Lamun enya begal mah moal make teregos. Kitu ceuk pamikir Rani, jeung ngomongna teu sugal garihal.
"Ki sanak ..ieu gembolan saukur pakean salin anu euweuh hargana"
Dibikeun oge moal aya mangpaatna keur andika mah...!"
"Ulah bohong nyi ...pasti sisinya Aya ringgit jeung emas perhiasan ..." ceuk nu saurang deui, sora awewe.
Atuh Rani beuki nambah panasaran.
"Naon perluna kuring ngabohong ..enya aya saeutik bekel perjalanan ...jeung hiji perhiasan kongkorong titinggal kolot kaula....!"
"Tapi moal dibikeun ku kuring...!"
"Lamun dipaksa .....?"
"Sor lamun aya kabisa mah, moal kuring kudu ngejat sajeungkal oge ..!"
Seak .......anu lalaki nyebrutkeun cakarna ka dada, tapi geus deukeut disalenggorkeun kana taktak. Titukangeun Rani, anu awewe ngarontok gembolan di tonggong Rani.
Rani rikat ngalegot ka katuhueun si lalaki bari rek narik Leungeun si lalaki. Maksudna rek ngadukeun leungeun manehna jeung leungeun lawan hiji deui nu ngarontok ti tukang.
Bari teu beak pikir kunaon tadi lawan nyalenggorkeun cakarna Kana taktak. Hartina lawan boga kasopanan teu nyerang kana bagian susu na. Beuki lila beuki cepet gerakan dua lawanna. Lamun dilawan ku gerakan silat biasa pastina kateteran. Ngadadak gerakan Rani jadi leuwih gesit. Leungeun dua duana mangrupa dua manuk walet nu silih samber. Ngarah kana teregos dua lawanna, maksudna hayang nyaho beungeut anu aya dibalik teregos. Sakapeung ngajaul kaluhur, ana turun leungeun ngarah kana beungeut anu katutup teregos. Tapi ngadadak lawan anu leuwih leutik awakna make gerakan anu sarua jeung Rani. Jadi jiga ngalawan kalangkang sorangan. Kamana leungeun Rani ngarah, pasti geus kajudi. Tangtu cara ngagiwarkeun sarua jeung nu dipetakeun ku Rani. Ngan nu jadi Rani heran, dua lawanna teu ngarah kana bagian awakna anu bahaya. Serangan lawan ngan ukur rek ngarebut gembolan.
Rani ngarobah gerakanana mangrupaeun dua ramo. Curuk jeung jajangkung anu ngarah kana mata atawa kana tikoro. Lain lalawora sanajan katinggali jiga nu leuleus. Tapi dua ramo eta bisa nembus catang kai. Deui deui dilawan ku gerakan gerakan anu sarua. Antukna Rani bisa nebak Saha eta lawan lawanna.
"Abah .....Ema kunaon bet nuturkeun Rani nepi ka tebihna kieu ....?"
"Hahahaha ......kanyahoan kang ..!"
"Ieu mangrupa ujian panungtung Rani ..!"
"Abah hayang nguji heula memeh luas ngaleupaskeun Rani pikeun maluruh kolot Rani..!"
"Ayeuna mah geus teu asa asa deui ,bral sing hasil...lamun geus sataun hasil atawa henteu. Omat Rani nyelang heula bisi Ema leungiteun...!
"Sumuhun Rani moal hilap dugika iraha wae, Rani tos janten eusi peujit maung saupami teu Aya Abah sareng Ema. Ayeuna ieu kulit si tutul janten beubeur sareng iket. Kanggo pangemut Rani kana kasaean Abah sareng Ema."
Hanca.....
#dongsun
#ASMARANI (3)
Kenging #Lee_Ward
Ki Dempak Tarang nyaeta hiji rampog anu kaitung gerotan. Begal anu dia ngalakukeun kajahatan tara mawa balad alias begal tunggal. Tapi can kacaritakeun ki Dempak Tarang ngalaman gagal. Ngaran aslina Daroji, ngan kulantaran tarangna dempak (sabalikna tina nongnong) jadi pamoyokan. Satadina manehna teh anak sudagar beunghar. Dina hiji mangsa manéhna keur umur 10 taun. Milu jeung Indung Bapana. Disatengahing perjalanan, dicegat begal rampog. Indung Bapana ditandasa ku ki Dugala. Tapi ninggali Daroji leutik anu bangun teu sieuneun. Daroji teu milu ditandasa, samalah dipaksa milu jadi murid ku Ki Dugala. Padahal harita Daroji neuteup teu ngiceup ngiceup bakating ku sieun.
Nincak umur 15 taun, Daroji siga nu poho lalakon indung bapana. Soson soson jadi murid tunggal Ki Dugala. Dibawa ngarampog jeung ngabegal. Padahal manehna nyimpen dendam di jero hatea. Meureun bawaan Tina tarang anu lega dempak. Uteukna teu siga budak sasamana. Tapi boga cita cita jadi lalaki pilih tanding nepika bisa ngungkulan guruna. Umur 22 taun pangabisa olah gerak silat Ki Dugala geus kacangkem kabeh. Tinggal ngasakkeun ku latihan latihan. Na mangsana diajak ngarampog di Imah hiji sudagar. Duaan Ki Dugala kadua Daroji muridna terang terangan ngetrok panto. Teu nyangka duanana oge, yen pribumi teh lain sakadar saudagar. Tapi hiji jago , jawara anu nyumput dinu caang. Ki Wirapati sapopoena jadi sudagar batu akik. Make ngaran samaran Juragan Wira.
***
Tok tok tok ...!
"Juragan Wira .!"
"Aya tamu apana...!" Hiji sora awewe halimpu.
"Enya nyi ..sigana lain semah biasa ngadon natamu tengah peuting"
"Ajak Prana jeung Rani ka tukang ....!"
"Sawios ibu sareng Rani kapengker mah, Prana Jeung bapa didieu..!" Sora budak lalaki umur 7 taun teuneung naker.
"Hahahaha ...ujang.... lain urusan budak ieu mah urusan kolot. Angguran jaga ibu Jeung Rani di tukang....!" Juragan Wira tandes.
Budak lalaki anu ngaran prana eta antukna ngagugu panyaram bapana. Nuturkeun indung jeung Adina, milu nyumput bari hate teu merean.
Juragan Wira mukakeun panto tenang pisan. Dua lalaki langsung asup bari ngalagar bedog.
Lalaki sapantar juragan wira, 40 taunan jeung budak ngora umur 20 taunan.
"Rek aya maksud naon ki silah natamu tengah peuting kieu ..?" Juragan Wira api api teu nyaho.
"Juragan Wira ...!"
"Kaula nyaho Andika geus meunang Ringgit jeung emas inten. Sabalikna Andika ti batawi jujualan batu akik ...!" Ceuk eta lalaki, ari nu saurang deui lajag lejeg.
"Laju ....?" Juragan Wira euweuh riuk riuk sieuneun.
"Ka kaulakeun kabeh ayeuna keneh, lamun hayang salamet ...!"
"Heh ..Ki silah ...kaula nyaho saha anjeun, jeung naon pacabakan anjeun .."!
"Sukur ari kitu mah, ayeuna ngadagoan naon deui ...?"
"Hahahaha ..ngaran andika teh Dugala lain ....?" Muridna Ki Tambak baya, dulur Sapaguron Ki Badak Waja jeung Ki Kuda Camani.
Ki Dugala reuwas ngadéngé juragan Wira nyaho jatidirina.
"Saha diri andika nu sabenerna juragan Wira ...?"
"Hahaha ....andika teu perlu nyaho ki Dugala ....hayu kaluar bisi hayang nyaho saha kaula ...!"
"Geus lila teu ngagebugan jelema ...!"
Belesat .....juragan Wira miheulaan luncat kaluar imah. Gerakanana ampir teu katangen bakat ku kesit.
Gajleng Ki Dugala jeung muridna nuturkeun kaluar. Di buruan imah juragan Wira geus ngajega gagah naker.
"Sor ...............ki Dugala lamun hayang nyaho saha diri kula ...!"
Hanca
#ASMARANI (4)
Kenging #Lee_Ward
Sacongo buuk oge ki Dugala teu nyangka, yen poe eta bakal meunang wirang. Juragan Wira anu tadina disangka sodagar biasa. Nyatana pangabisa Ki Dugala saeutik oge teu diambeuan.
Teunggeulan teunggeulan ki Dugala anu lir hujan silantang. Geus sa bek bekeun, asa neunggeul bulu atawa kapas. Atuh tanaga loba kapiceun percumah. Ki Dugala mundur sababaraha léngkah. Nyata make gerak, eleh wowotan. Manehna museurkeun nafasna dina bujal. Ngumpulkeun hawa panas anu dikamalirkeun kana peureup katuhu. Lila lila katinggali kaluar haseup, leungeuna katut peureupna semu beureum. Juragan Wira ukur seuri leutik. Elmu sasra Dahana andelan Ki Tambak Baya (guruna Ki Dugala) lain atah atah. Jago anu tanaga-na aya disahandapeun keuna ku sasra dahana, bisa nemahan pati bari kaayaan awak siga dileob cai panas.
Samalah anu tanaga-na saimbang oge bisa tatu di jero.
Sebrut peureup Ki Dugala anu bangbara-an ngarah kana dada juragan Wira. Juragan Wira ukur dongko saeutik. Teu ngagiwarkeun tapi ngadu peureup Jeung dampal leungeun. Anu dieusi tanaga ngan satengahna. Jesssss.......peureup ki Dugala lir beusi panas diasupkeun cai tiis. Ki Dugala buru buru ngejat bari awakna bangun ngagibrig katirisan.
Sababaraha detik Ki dugala museurkeun tanaga pikeun ngusir hawa tiis tina awakna. Saterusna nyabut bedog tina sarangkana.
"Cabut pakarang Andika juragan Wira ....!"
"Teu perlu Ki Dugala, kulit can lecet getih can ngeclak...cukup ku dua leungeun kaula ...!" Juragan Wira bari ngangkat dua leungeunna.
Beungeut Ki Dugala beureum ambek Jeung era "Lamun kitu ulah sambat kaniaya ...ulah nyebut kaula curang ....!"
Ki Dugala ngulinkeun bedogna dina jurus jurus Lancah maung. Juragan teu dibere omber pikeun ngagiwar. Ki Dugala asa meunang angin terus ngadesek. Ngadadak jirim juragan Wira leungit ti hareupen Ki Dugala. Juragan Wira ngajaul kaluhur, gerakanana lir Garuda ngalayang. Nyaho nyaho bedog ki Dugala geus pindah leungeun. Jeung taktak Ki Dugala ngadadak komper.
Sihoreng ku gerakan anu teu bisa katinggali ku panon Ki Dugala. Juragan Wira sawaktu nyiorot ti luhur. Geus ngetok tulang taktak katuhu Ki Dugala nepika remuk. Atuh bedogna leupas pindah leungeun.
Pletak .....juragan Wira miteskeun bedog siga miteskeun nyere. Lung bedog nu tinggal sapotong teh dilempagkeun. Nanceb nepi ka tinggal perah-na nu katinggali hareupeun Ki Dugala.
Bari muringis nahan kanyeri palebah taktakna, Ki Dugala undur unduran.
"PAKSI WULUNG .......!!"
Juragan Wira ukur seuri maur ...
"Geus euweuh si Paksi Wulung, ki Dugala...nu aya Juragan Wira padagang batu mulia....
Tamaha ku pamolah sorangan, ti mimiti ayeuna Andika moal bisa make leungeun katuhu deui...
Lain kaula telenges, tapi nyegah nambahna korban korban andika....!"
Ki Dugala culang cileung neangan muridna Daroji. Tapi nu diteangan teu katinggali irung irungna acan.
***
Kamana ngaleungitna ....?
Geus lila sabenerna Daroji nyimpen dendam ka diri guruna. Di jero pikiranana masih kabayang indung bapana. Anu keur manehna umur 10 tahun geus nemahan pati ditandasa ku Ki Dugala. Geus Lila hayang males kanyeri kanu jadi guruna. Tapi lantaran teu untupan, Daroji api api satia satuhu ka guruna.
Waktu diajak ngarampog imah juragan Wira. Daroji ngarasa meunang kasempetan (sasat Daroji sorangan anu ngabejaan) yen juragan Wira. Sodagar batu batu mulia tas balik ti batawi mawa Ringgit loba. Jeung saenyana Daroji geus nyaho saha jatidiri juragan Wira. Pernah sakali guruna ngadongeng ngeunaan aki guruna (Ki Tambak Baya). Anu geus tiwas diraponan ku tilu muridna sorangan (Ki Badak Waja, Ki Kuda Camani Jeung Ki Dugala). Sajatina lamun kaayaan Ki Tambak Baya keur jagjag waringkas. Can tangtu tilu muridna mampuh nandasa guruna. Tapi kaayaan Ki Tambak Baya keur tatu di jero alatan geus patelak jeung hiji Jago Ngora nu katelah Paksi Wulung. Murudna panembahan Ageng Narawangsa ti gunung Haruman.
Hukum alam atawa hukum karma (Sunatullah ) atawa hukum sabab akibat terus teu pegat lamun teu ngahaja dipegatkeun.
Kolotna Ki Dugala baheula ditandasa Ki Tambak Baya. Ki Tambak Baya ditandasa ku muridna sorangan nyaeta Ki Dugala dibantuan dua dulur Sapaguron. Ayeuna Ki Dugala anu geus nandasa kolotna Daroji, saestuna keur dikakalakeun ku Daroji.
Keur asruk asrukan Ki Dugala bari nahan kanyeri tulang taktakna. Ngadéngé sora awewe keur pacental cental jeung hiji lalaki anu Ki Dugala geus loma pisan.......sora Daroji.
Waktu Ki Dugala patelak jeung juragan Wira. Daroji nguliwed deui ka jero imah juragan Wira. Kakarak neangan duit jeng emas inten bogana juragan Wira. Lebeng teu nimu, kabeh lomari geus dikotektak. Sabot jongjon ngubrak ngabrik lomari di kamar juragan Wira. Ana jekuk teh aya nu nonjok cangkengna. Dilieuk ...budak lalaki umur 7 taunan. Teu pangaruh, tapi lumayan matak seueul oge. Teu ngalilakeun waktu, habek puhu ceuli budak lalaki teh diketig. Goak sora awewe nyambat ... pranaaa ..!!
Direret pamajikan juragan Wira Jeung budak awewe umur 5 taun. Ninggali keureut beungeutna anu ngadaun seureuh, mata lir bentang timur. Jorojoy Daroji ngadadak Aya sir kanu ngarana awewe. Salila ieu najan geus nincak umur 22 taun can aya rasa bogoh ka awewe. Kerewek pamajikan juragan Wira jeung anakna dijewang. Gajleng dibawa lumpat jalan panto tukang. Les pamajikan juragan Wira kapiuhan. Atuh tambah gampang Daroji nyangkeh duanana, anu saterusna dibawa kabur.
***
Kacaangan cahaya bulan sapasi anu remeng remeng kahalangan mega. Ki Dugala ninggali muridna Daroji.
"Teu sudi najis .....balikkeun kami !"
"Teu bisa Ceu ....euceu kudu jadi pamajikan kula. ..Lamun teu daek, ieu budak awewe dialungkeun ka jurang. Bari kerewek budak awewe 5 taun digiwing......lung dialungkeun.
Sabot kitu gajleng teh Ki Dugala kaluar ti panyumputanana. Nyamber awak eta budak awewe ku leungeun kenca-na. Jleg.......... Ki Dugala geus ngajega di hareupeun Daroji.
Song ngasongkeun budak ka indungna terus malik nyanghareupan Daroji......
Hanca
#ASMARANI (Ka 5)
Kenging #Lee_Ward
.."Alus kalakuan teh..Tarang dempak ..!"
"Enya aing tukang begal tukang rampog, tapi aing cadu nganganggu cawene mah...diajar ti saha kitu peta ..?
Ki Dugala nyeukseukan muridna, bari nahan kanyeri dina taktak katuhu anu tulangna remuk. Leungeun katuhu ngagantung teu bisa diusik gerakkeun.
Daroji ngan ukur seuri, euweuh riuk riuk sieun ku guruna.
"Hahaha ....mangga we kanggo pa guru atuh ari palay mah ....!"
"Jaga tah sungut teh dempak ..!"
"Aing teh guru maneh salila 12 taun, naha pantes ngomong kitu ..?"
"Naha salila ieu kungsi aing ngajak maneh pikeun ngaganggu cawene ..?"
"Sajahat jahatna Dugala, saumur hirup can kungsi maksa mirusa ka cawene...!"
Daroji sakali deui ngan saukur seuri, tapi bari hatena ngagerembet. Guruna dua kali nyebut dempak ka manehna. Sok sanajan samemangna tarang manehna dempak. Tapi popoyokan ieu paling dipikacua ti leuleutik.
"Nya ari pa guru teu palay mah keun wae atuh keur kuring....!"
"......teu bisa ..!" tempas ki Dugala.
"Tinggalkeun eta pamajikan juragan Wira , hayu balik ayeuna keneh ....!"
sambung ki Dugala deui.
"Aduh lebar teuing pa guru ..........."
Teu kebat Daroji nyarita ditempas ku ki Dugala...
"Meungggeus tinggalkeun ......."
Bari leungeun kenca-na rek dipake nampiling .....
"Eeh .....!"
Ki Dugala kaget sabab Daroji geus euweuh dihareupeun.
Hiuk .....angin teunggeulan Daroji ngarah kana angen ki Dugala ti sisi katuhu.
Maksudna rek ditakis , orokaya leungeun katuhu Ki Dugala geus kempreng. Atuh Ki Dugala ngejat bari langsung pasang kuda kuda.
"Eh ....geus aya siihan Hayam dempak teh ....rek ngalawan ka guru ...?" Ambek campur kaget ki Dugala merong ka Daroji.
"Hahahaha ....geus lila nungguan waktu kieu teh Dugala ..!"
Daroji geus teu nyebut pa guru deui tapi nyebut lalandian Dugala (ngaran sabenerna Irpa'i).
12 taun katukang anjeun geus nandasa indung bapa kuring. Ayeuna ulah sambat kaniaya.
Hutang uyah bayar uyah, hutang pati bayar pati.
"Oh ..jadi salila ieu aing teh ngingu anak ajag nya....ti leuleutik dipikanyaah geus gede rek nekuk ....?"
"Tapi baeu teh teuing rek males pati mah .....sor ketrukkeun kabeh kamampuhan, moal burung diayonan ....!"
Kusabab kaayaan Ki Dugala geus teu bisa ngagunakeun leungeun katuhu. Unggal diadu leungeun kenca Ki Dugala, boh jeung leungeun Daroji atawa sukuna. Nu karasa nyeri di tatktak katuhuna.
Nu tarung beuki ragot ..pamajikan juragan Wira geuwat metot leungeun anakna dibawa indit ti eta tempat. Asruk asrukan bari teu nyaho jalan.
**
Ki Dugala beuki kadeseh, tanagana beuki suda. Ngan saukur ngandelkeun leungeun kenca jeung kateuasan awakna. Sababaraha kali tonjokan jeung teunggeulan Daroji teu bisa dihindarkeun. Kulantaran kawedukan awakna Ki Dugala masih keneh ngalawan.
Sakali mangsa dada ki Dugala keuna teunggeulan Daroji telak pisan. Atuh ki Dugala nangkarak bengkang. Daroji ngajega bari nulak cangkeng.
"Hahaha .....geus titis tulis Dugala ...anjeun kudu kaala pati ayeuna ku murid sorangan...!"
"Guru anjeun geus diala pati lantaran nandasa kolot anjeun....ayeuna kudu nemahan pati ku murid anjeun anu kolotna ditandasa ku anjeun ...nya kuring pisan ..hahahaha ...!"
Ki Dugala bari satekah polah jung nangtung, ngajawab ....
"Naha pamikir isuk jaganing pageto maneh moal diala pati ku murid maneh ..dempak ....?"
"Jeung deui naha yakin bisa maéhan aing ayeuna ...?"
Deui deui disebut dempak, Daroji wuwuh napsu.
"Hahaha ....kuring nepika iraha wae Oge moal boga murid .........hukum karma sapat nepika dieu ...hahaha..!"
Ki Dugala mundur sababaraha léngkah museurkeun hawa panas tina bujalna anu terus dikamalirkeun kana peureup kenca. Panonna peureum sakedapan, leungeun kenca-na semu beureum.
Tapi Daroji Oge geus dileler elmu ieu ku Ki Dugala. Anu dilatih make keusik beusi meunang nyangray. Tapi Daroji museurkeun tanaga di leungeun katuhu. Kusabab tanaga Ki Dugala geus katinggali eleh beureum ku leungeun Daroji.
Waktu peureup kenca Ki Dugala ngadius, dipapag ku peureup katuhu Daroji.
Dess ............!
Awak ki Dugala lir daun katiup angin, saterusna ambruk teu empes empes. Awakna bau hangit lir dileob ku cai ngagolak, geus teu nyawaan. Sedengkeun Daroji ngan saukur ngahegak nafasna.
Sababaraha jongjongan ngatur nafas , beungeutna biasa deui.
Sawatara waktu ti harita, kasohor begal tunggal nu katelah Ki Dempak Tarang.**

Komentar
Posting Komentar